Langsung ke konten utama

JAJATEN NINGGANG PAPASTEN


Dina carpon-carponna Yus Rusyana geus ngagunakeun setting sajarah Sunda dina rupa-rupa tahap, tapi anu ngagambarkeun kahirupan Ki Sunda boh nu sifatna jiwaah boh nu ruhaniah. Kabehanana ngabuktikeun yen Yus Rusyana wanoh enya kana hirup-hurip Ki Sunda. Tur eta the digambarkeun make gaya basa nu nembongkeun usahana dina enggoning ngagunakeun kabeungharan basa Sunda, boh nu mangrupa undak-usuk boh anu mangrupa kosa kecapna, nepi ka karasa merenah. Carita-caritana lain bae geus ngahudangkeun deui kajadian-kajadian anu kungsi kaalaman dina sajarah Sunda, tapi oge geus ngagambarkeun kahirupan urang Sunda dina tahap-tahap kamekaranana ku ngagunakeun basa Sunda nu ngabuktikeun yen anjeunna apal kana lilinggeranana katut kajembaran kekecapanana.

Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm; 96 hal.; Softcover
Beli di TokopediaShopeeLazada, dan Bukalapak

Postingan populer dari blog ini

CARITA BUDAK YATIM

R. Hanapiah Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan. Tuluy manéhna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar manéhna. Hanjakal sanajan jeung dulur, manéhna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira. Bakat ku teu kuat, manéhna minggat balik ka indungna babarengan jeung lanceukna saindung-sabapa anu karék sababaraha minggu nganjrek di dinya. Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu awéwé tapi boga adat sarua goréngna, ngan untungna salakina bageur. Manéhna dijieun bujang ku adi salaki-lanceukna bari diajar maca jeung ngaji, malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua. Kungsi nepungan dulur-dulur bapana di Singaparna, ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak, tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah téa. Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal-hal nu matak ngarugikeun dirina, sarta tarékah keur kamajuan hirupn...

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram...

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee , ...