Dina carpon-carpon nu dikumpulkeun dina ieu buku, Iskandarwassid hade pisan ngagambarkeun kahirupan rayat leutik nyanghareupan rupa-rupa kajadian dina hirup kumbuh bari jeung henteu manggapulia. Iswas minangka sastrawan henteu ngan cukup ku neuleuman hirup fisik Si Leutik sapopoena, tapi oge ngagambarkeun alam batinna. Bahan carita pikeun carpon-carponna mangrupa kajadian sapopoe di masarakat: kaayaan lembur nu digalaksak ku gorombolan, kajahatan kera putih, masalah tanah waris nu mindeng jadi pacogrgan di antara para ahli warisna, kaayaan para panyawah dina usum halodo di wewengkon Pantura (misalna, jadi kelompok doger atawa dombret), jeung rea-rea deui. Eta kajadian sapopoe th, ku Iswas dijadikeun kasang tukang pikeun ngagambarkeun kahirupan nu nyampak di unggal mangsa,
Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 186 kaca
Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 186 kaca