Arie Suhanda
Arie Suhanda—sakapeung sok nganggo sandiasma Éry Wisnu Asuhan—dibabarkeun di Jampang Kulon, Sukabumi, 21 Maret 1943. Sabada tamat SMP (1959) bari jadi karyawan PN Postél (ayeuna PT Pos Indonesia), terus diajar nepi ka tamat SMA (1964), Akadémi Ilmu Kepegawaian (1972), jeung STIA Bandung (1978). Ku kantorna kungsi dikirimkeun ka Jepang (1991). Taun 1994 nampa Satya Lencana Wira Karya ti Présidén RI. Ti taun 2004 nepi ka ayeuna mukim di lembur asalna di Jampang Kulon, hirup jadi patani.
Sajak-sajakna dimuat dina Kalawarta Kudjang, Langensari, Manglé, jeung lian-lianna. Salian ti sajak ogé sok nganggit guguritan, di antarana aya anu dimuat dina Puisi Sunda Jilid II. Sajak-sajakna ogé dimuat dina Sajak Sunda (Puisi Sunda Jilid III) anu disusun ku Ajip Rosidi (Kiblat Buku Utama, 2007).
Citakan I, 2008; 14,5 x 21 cm; 80 kaca; Rp 20.000,-

Komentar