Samsoedi
Si Dirun téh budak bengal, teu nurut ka kolot, jeung sok ngabohong deuih. Di sakolana mindeng gelut, nepi ka sok diseukseukan guruna. Duit keur bayaran sakola, kalah ka dipaké ngadu, nepi ka érlojina ogé dijual, keur masang kartu.
Hiji poé Si Dirun susumpit ka sawah. Tapi bet kamalinaan, jongjon ngudag-ngudag manuk, nepi ka poho balik. Indungna néangan, cul seuneu di hawu. Gur téh imah Si Dirun kahuruan. Ambu Dirun maot kaléntab seuneu.
Saprak indungna maot, Si Dirun cicing jeung uwana. Ari uwana téh pohara meditna. Si Dirun ukur dititah ngangon munding, daharna mah henteu dipaliré. Hiji poé mah kasaréan di saung ranggon. Barang lilir, hujan gedé naker, walungan Citarum limpas. Si Dirun nyieun rakit tina tangkal cau, maksudna rék nyalamatkeun munding. Tapi Si Dirun kabawa palid. Basa isukna éling, singhoréng manéhna téh geus aya di tengah laut...
Saterusna mah lalampahan Si Dirun téh istuning ahéng, tur matak pogot macana.
Citakan II, 2008; 14,5 x 21 cm; 64 kaca; Rp 15.000,-

Komentar