Us Tiarsa R.
Mun dibandingkeun jeung taun 2000-an, Bandung taun 1950 tepi ka ka tompérnakeun taun 1960-an mah hirup di Bandung téh asa genah, betah, merenah tur tumaninah pisan. Lain bobohongan, leuleumpangan ngideran kota ti tungtung ka tungtung téh teu ieuh karasa capé. Hawana matak seger jeung ariuh ku tatangkalan. Tutumpakan teu pasulabreng teuing. Harita mah méh saban isuk kota téh kasaput ku halimun. Ciibun ngagaréndang dina tatangkalan.
Kaayaan sarupa kitu téh ngahaja ditulis sakadar pikeun eunteung waé. Itung-itung mulangkeun panineungan. Malah mandar aya mangpaatna pikeun warga Bandung kiwari. Tangtu wé pamohalan ari Bandung kudu mulang deui ka jaman harita onaman.
Citakan I, 2010; 14,5 x 21 cm.; 200 kaca; Rp 45.000,-

Komentar