Rachmat M. Sas Karana
Dina hiji poé, waktu Sultan nuju sinéwaka, jol Abu Nawas datang ka karaton. Sultan kacida sonoeunana ka Abu Nawas téh, lantaran Abu Nawas geus lila tara milu sinéwaka. Sigana mah Abu Nawas ngarasa teu ngeunah pédah dina hiji mangsa manéhna nénjo mantri dicarékan ku Sultan kalawan teu puguh alesanana. cék pikiranana, nu pangamanna téh nyaéta ulah datang-datang deui ka karaton. Atuh harita barang ningal Abu Nawas, Sultan téh teu kinten bingaheunana.
Barang anjeunna ngadangu, yén Abu Nawas datangna ka karaton rék ngasupan saémbara nu geus diumumkeun ku anjeunna, teras anjeunna naros, ”Abu Nawas, naha enya andika téh geus panceg pikiran pikeun milu saémbara?”
Citakan I, 2009; 14,5 x 21 cm.; 40 kaca; Rp 12.000,-

Komentar