
Panineungan Ajip RosidiLain waé kudu dideudeul data nu akurat, tapi deuih kudu panjang ingetan. Heueuh, mun urang aya karep nulis mémoar, boh ngeunaan peristiwa boh ngeunaan kahirupan sajumlahing tokoh; kawas anu dipidangkeun dina ieu buku. Hamo bisa mun ukur ngandelkeun data meunang ngalelebah mah, komo mun bari geus loba poho. Dina ieu buku hadir rupa-rupa tokoh baradag anu kungsi ngajungkiring dina jamanna, ditulis ngaliwatan panyawang Ajip Rosidi. Aya Dajat Hardjakusumah, Affandi, Doddy A. Tisnaamidjaja, Akil Prawiradiredja, H.B. Jassin, jeung sawatara tokoh lianna. Mémang, anu diébréhkeun di dieu téh henteu sagemblengna tina lalakon hirup anu karandapan ku éta para tokoh, tapi bagian-bagian penting anu bisa jadi can loba kaungkab.Citakan I, 2001; 14,5 x 21 cm; 260 kaca; Rp 40.000,-
Komentar