
Kumpulan Carpon Mini SundaAya tilu puluh carpon mini anu kapidangkeun dina ieu buku. Kabéhanana hasil Saémbara Ngarang Carpon Mini Sunda nu diayakeun ku Lembaga Kebudayaan Mekar Parahyangan jeung Klub Pecinta Sastra (KPS) Bandung, minangka karangan-karangan petingan. Méh kabéh karya pangarang entragan anyar. Ku kituna karangan-karangan nu aya dina Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta téh lain baé geus ngabeungharan sastra Sunda, tapi ogé geus nuduhkeun yén lalakon sastra Sunda téh katingalina panjang kénéh.Citakan I, 2002; 14,5 x 21 cm.; 124 kaca; Rp 15.000,-
Komentar