Kahirupan masarakat di kontrakan enteh tacan loba diungkab dina sastra Sunda, padahal eta teh hiji kanyataan dina kahirupan urang Sunda.
Sripanggung beunangna Tjaraka kaasup karya sastra Sunda anu ngungkab hal eta. Katara onjoyna ieu roman mun dibandingkeung jeung karya-karya liana anu nyokot kasang tukang kahirupan di kontrakan enteh. Lain bae ku lantaran ajen sastrana leuwih unggul, tapi deuih gambaran kahirupan sapopoe masarakat kontrakan anu dicaritakeun ku pangarang karasa leuwih ebreh jeung leuwih realistik.Kiblat Buku Utama, 2002; 14,5 x 21 cm.; 154 kaca; Softcover