
Sjarif AminManéhna, mojang anu teu wasa nuturkeun pangjurung kalbu, lantaran katalian ku pangrérémo kolot, ahirna kapaksa kudu papisah jeung jajaka anu dipikacintana. Demi si jajaka, sanggeus kaleungitan mojang anu jadi panyileukanana, kudu panjang nandangan lara.Katineung dina mangsa ka tukang-tukang henteu bisa disieuhkeun, ngukuntit ka mana waé indit. Dina keur pareng malikan deui lalampahan bari nyoréang ka mangsa lawas, bet karasa aya nu leungit, lantaran sidik, si mojang geus aya nu ngiwat. Tapi, leungit téh raga badagna, da ari lelembutanana mah anteng manteng dina geter angen.
Citakan III, 2001; 14,5 x 21 cm.; 74 kaca; Rp 15.000,-
Komentar