
H. Enas Mabarti; Panganteur: H. Usép Romli H.M.Dilélér Hadiah LBSS 2004
Réréana perkara nu dipedar dina ieu buku sumberna tina bab adab-adaban politik dina kitab Adabud Dunya wad-Din nu ngaguar yén politik téh baris ngadatangkeun mangpaat ka balaréa upama nyoko dina genep dasar: nempatkeun agama (Islam) pikeun anutan, pamaréntah nu kuat, kaadilan nu rata tur nyaliara, kaamanan nu karasa nangtayungan saréréa, ceuyah sandang pangan, jeung mangsa pikahareupeun nu jelas.
Enas Mabarti geus méré sumbangan nu gedé ajénna pikeun kamekaran jeung kahirupan basa Sunda hususna, umumna keur kapentingan pangaweruh masyarakat nu merelukeun panuyun ngeunaan élmu politik.
Citakan I, 2003; 14,5 x 21 cm.; 124 kaca; Rp 15.000,-
Komentar