Réa karangan dina ieu buku anu ngadongéngkeun hal perkara kaum wanoja. Paling copélna gé karanganana réa anu miang tina jihat sawangan (sudut pandang) wanoja. Awéwé nu ngalalakon karéréana ngarandapan pangalaman anu teu pikabungaheun.
Dina kurung-karangna Téh Tini mah henteu ngan ngumbar imajinasi. Imajinasina téh dipageuhan ku kasadaran anu jembar kana sajarah masarakatna katut tilikan anu seukeut kana kaayaan hirup kumbuh di sakuraling dirina. — Hawé Setiawan Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 148 kaca; Softcover