Wildan, mahasiswa “miskin” ti Cirebon, nyicingan imah nu rea jurigan. Basa ngamimitian nyicingan eta imah, pabebeurang aya awewe beunghar umur lima puluh taunan, hayang maturan manehna cicing dinya. “Tumut kana pituduh nu gaib,” cenah. Kumaha polah Wildan jeung Si Ema nyanghareupan para ponggawa jurig? Naha terus dirogahala?
Rereana carpon dina ieu buku nyaritakeun jurig cara nu hirup dina alam pikiran urang Sunda, kalawan gaya carita nu pikaresepeun sarerea, kaasup... jurigna boa. Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2020; 14,5 x 21 cm.; 100 kaca