
Muh. Syarief SukandiUrusan fiqih, utamana fiqih ibadah, kacida pentingna dina kahirupan, sabab raket patalina jeung kasalametan urang, pangpangna jaga di ahérat. Ku sabab kitu, éta urusan téh kudu enya-enya dipikaweruh ku sakumna umat Islam, sangkan amal ibadah urang luyu jeung papagon katut conto Kangjeng Rosul saw.Almarhum Ustad Muh. Syarief Sukandi ngadadarkeun urusan ibadah kalawan jéntré. Pedaranana sarwa ringkes tur dijugjug perluna baé, malar babari kahartina. Sakur babagian anu dipedarna salawasna diwuwuhan ku dalil anu dicutat tina al-Qur’an reujeung Hadis, malar anu maracana teu ngarasa mangmang.Citakan XIII, 2001; 14,5 x 21 cm.; 164 kaca; Rp 32.000,-
Komentar