
Ahmad Bakri
Dina karangan-karanganana anu dimuat dina ieu buku, katangén pisan yén Ahmad Bakri lain waé ngan saukur wanoh, tapi deuih dalit kana kahirupan urang Sunda sapopoé dina rupa-rupa jaman—saluyu jeung anu karandapan ku dirina, anu ngalaman hirup ti mimiti “jaman normal” tepi ka ahir taun ‘80-an. Nya hal éta pisan anu ngalantarankeun Ahmad Bakri tapis ngagambarkeun rupa-rupa suasana katut karakter tokoh-tokohna.Ieu buku kumpulan carpon mangrupa salasahiji mutiara titinggal Ahmad Bakri, anu kungsi meunang jujuluk pangarang Sunda favorit.
Citakan I, 2002; 14,5 x 21 cm; 144 kaca; Rp 99.000,-
Komentar