
SamsoediSi Dirun téh budak bengal, teu nurut ka kolot. Hiji poé Si Dirun susumpit ka sawah bet kamalinaan, nepi ka poho balik. Indungna néangan, cul seuneu di hawu. Gur téh umah Si Dirun kahuruan. Ambu Dirun maot kaléntab seuneu.
Saprak indungna maot, Si Dirun cicing jeung uwana anu pohara meditna. Si Dirun ukur dititah ngangon munding, daharna mah henteu dipaliré. Hiji poé Si Dirun kasaréan di saung ranggon. Barang lilir hujan gedé naker, walungan Citarum limpas. Si Dirun nyieun rakit tina tangkal cau, tapi kabawa palid. Isukna, Si Dirun geus aya di tengah laut....
Citakan II, 2002; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; Rp 13.000,-
Komentar