
Kumpulan Guguyon Ki CakakakAri oa buntutan? Puguh waé ceuk Jang Ardi mah. Lamun aya nu nyebut teu buntutan, ah, kajeun gelut wé! Séjén deui pangalaman Pa Niti waktu ulin ka kebon binatang jeung pamajikanana. Manéhna manggihan endog gajah. Gancang waé dibawa ka imah, terus disileungleuman ku Pa Niti. Megar? Is, atuh puguh. Barang dirampa ku pamajikanana, bet kakeupeul tulaléna. Réa kénéh guguyon séjénna. Tangtu waé matak akey-akeyan, tepi ka nyeri kulit seuri balas beubeuteungan. Tapi, mun téa mah nu maca ieu buku teu nyenghél-nyenghél acan, jajauheun mun seuri babarakatakan, sim kuring teu tanggel waler dunya ahérat.Citakan IV, 2001; 11 x 18 cm.; 88 kaca; Rp 17.500,-
Komentar