
Ajip RosidiIeu buku eusina dua welas karangan nu tadina mah bacacar di sawatara surat kabar jeung rohangan seminar. Disusun sarta diumumkeun ku Ajip Rosidi dina taun-taun 1950-an nepi ka 1960-an, mangsa ieu pangarang keur “dedegler” kénéh. Karanganana remen karasana peureus, togmol, tapi tetep rasional sarta proporsional. Demi anu jadi jejerna taya lian iwal ti pirang-pirang perkara penting di sabudeureun sastra Sunda sabada perang. Ajén ieu buku babakuna patali jeung tarékah Ajip enggoning ngabaladah tradisi kritik sastra Sunda, ku jalan nandeskeun sarta ngélingan réhing sastra Sunda geus wayahna kudu miboga “dasar-dasar kasadaran anu leuwih tohaga”, sabab cenah “jaman nyastra sasambian atawa jaman sasastraan geus kudu ditinggalkeun”.Citakan III, 2002; 14,5 x 21 cm; 144 kaca; Rp 22.000,-
Komentar