
Wahyu WibisanaAnaking Jimat Awaking midangkeun runtuyan karangan beunang Wahyu Wibisana anu jejerna museur kana tingkah paripolah barudak. Nu kapidangkeun téh kawas albeum poto nu ngagambarkeun kahirupan sapopoé hiji kulawarga. Kawantu nu ngarangna kasebut panyajak lirik, tur nu disawangna téh anakna pisan, puguh baé karanganana jadi ngagalindeng lir lagu nu metot ka jero kalbu. Nu ngarang kawas ngajak ngeunteung bari ngimpleng. Aoseun sugri nu mikacinta sastra Sunda enggoning nilik diri nyeukeutan kasurti.“Wahyu mah kacirina resep nilik dirina pribadi katut jagat leutik di sakurilingna, anu kongkrit tur ngajanggélék dina kahirupan sapopoé.... — Hawé Setiawan Citakan I, 2002; 14,5 x 21 cm; 72 kaca; Rp 16.500,-
Komentar