Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2013

SI DÉMPLON

Guy De Maupassant Disundakeun  ku Duduh Durahman Karéta kuda anu mawa sapuluh panumpang (Si Démplon sarta salapan urang wawakil kaum borjuis Prancis nu minggat ti Rouen, nu ditalukkeun ku tantara Prusia, ka Le Havre) ditahan di hiji panginepan di Désa Totes, bari henteu dibéré katerangan ngeunaan sabab-musababna. Karék sabada dua poé, Si Démplon—awéwé bangor nu pangawakanana donto—nyarita yén maranéhna ditahan di éta panginepan téh nepi ka Si Démplon daék ngalayanan pangajak urang Prusia nu ngawasa éta tempat. Sababaraha kali éta paménta téh ditolak ku Si Démplon, sabab manéhna ngarasa masih boga kénéh rasa nasionalismeu. Tapi, para panumpang séjénna mamaksa jeung ngayakinkeun manéhna—kalayan ngagunakeun rupa-rupa logika jeung alesan moralitas—ambéh nyumponan éta kahayang urang Prusia. Ahirna, Si Démplon léah. Ngan hanjakal sapanjang sésa perjalanan, batur-batur sakaréta—nu tadina ngajujurung ka manéhna téh—siga henteu aringeteun kana pangorbananana, malah malik cua jeung ceuceub k

KANJUTKUNDANG - EDISI EMAS

Kanjutkundang mangrupa kumpulan hasil karya 42 pangarang Sunda dina wangun puisi, prosa, jeung drama, tur dilengkepan ku riwayat hirupna. Disusun ti nu pangkolotna (Caraka, lahir 1902) nepi ka nu pangngorana (Ayatrohaedi, lahir 1939). Ieu buku munggaran terbit taun 1963, satengah abad ka tukang, disusun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, dua sastrawan Sunda nu waktu harita masih keneh ngora. Penerbitan edisi emas minangka pangeling-ngeling kana karancagean para pangarang Sunda, anu rereana kungsi dimuat dina majalah sarta suratkabar Sunda periode 1949-1959. Ku panyusunna, Kanjutkundang teh diajamkeun pikeun jadi dokumentasi sastra anu bisa dibaca ku nu boga perhatian kana kamekaran kasusastran Sunda hususna sabada perang. Salian ti eta, Kanjutkundang teh dimaksudkeun pikeun mere bekel hirup (saluyu jeung judulna) pikeun jabang bayi—maksudna para pangarang entragan anyar, dina netepkeun ukuran jeung ajen-inajen kasusastran Sunda mangsa-mangsa nu bakal datang. Kiblat Buku Utama,

TEU TULUS PAEH NUNDUTAN

Dina kumpulan carpon Teu Tulus Paeh Nundutan , kapidangkeun dalapan carpon nu ngagambarkeun kaayaan urang Sunda dina nyanghareupan pasualan kahirupanana. Upamana, nu hayang lulus ujian kalah ka datang ka kuburan, nu hayang beunghar kalah ka muhit dedemit. Dina ieu buku katembong tarekah Ki Umbara pikeun nyebarkeun dakwah Islam. Pangarang netelakeun yen manusa mah leuwih punjul ti batan siluman-sileman. Saperti dina carpon “Mang Merebot Dipinangsaraya”, tokoh nu pangkatna mengukur merebot, bisa meruhkeun babanteng karajaan di nagara siluman nu rék ngaraponan manehna. Ku kituna, merenah pisan upama Ki Umbara kasohor minangka sastrawan sunda nu ngabaladah genre sastra dakwah. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 82 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SITI RAYATI

Siti Rayati dianggap salah sahiji karya pangpentingna dina sastra Sunda klasik awal abad ka-20. Siti Rayati ge dianggap carita munggaran di Indonesia (lain wae dina basa Sunda) dan ngagambarkeun kasangsaraan buruh kontrak karena kasawenang-wenangan pagawe kontrak bangsa Walanda. Dina mangsana, ieu roman dipikaresep ku nu macana jeung loba mangaruhan roman-roman lianna dina basa Sunda. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

PAYUNG BUTUT

Ahmad Bakri Téma anu disodorkeun dina Payung Butut téh téma klasik: pasoalan “agul ku payung butut” (agul ku kaménakan, kapriyayian). Payung Butut nyaritakeun hiji Naib nu agul ku gelar radén jeung ngaku yén manéhna téh turunan dalem. Ki Naib nolak panglamar Kuwu keur anakna lantaran lain turunan ménak, padahal antara Néng Ebah (anak Ki Naib) jeung Suganda (anak Kuwu) geus aya pakait pikir. Waktu Néng Ebah katerap kasakit nu kudu dioperasi tur kudu ditransfusi, tatanggana nu dipénta sih pitulungna mimitina arembungeun lantaran getih maranéhanana bakal ngotoran getih ménak Si Enéng. Dina gaya basa nu hirup tur direumbeuy ku humor, Payung Butut merenah pisan lamun jadi bacaan anu seger pikeun batin nu macana. Ieu roman pondok beunangna Ahmad Bakri téh meunangkeun hadiah saémbara ngarang nu diayakeun ku IKAPI Jawa Barat taun 1967 pikeun katégori umum. Citakan I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; Rp 16.000,-

JURUTULIS MALINGPING

Jurutulis Malingping (diheureuykeun ku rahayat jadi maling pingping, ngaran kawadanan sikluk di pakidulan Banten) nyaritakeun cacah nu unggah darajat jadi menak karena kawin ka randa kolot wargina istri Bendara Wadana Pangsiun. Ngaran sabenerna mah Suradi, bujang ngora kukutan Bendara Wadana basa ngemban tugas di Luragung. Ku jalan pitulung Wadana Pangsiun, Ki Suradi bisa digawe di kantor Kawadanan, najan mimitina ngan sakadar bunta-bantu jeung sok ditutah-titah tapi ahirna tinekanan jadi jurutulis wadana. Ngan hanjakal adatna jadi pindah peleumpangan, angkuh jeung sok matut-matut maneh nganggap dirina menak tulen. Situasi jaman samemeh perang nu jadi kasang tukang ieu carita digambarkeun kalayan hirup ku pangarangna. Kiblat Buku Utama, 2019; 14,5 x 21 cm; 72 hal.; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

WA DULHONG

M.O. Koesman Geus moal bireuk deui keur batur salemburna mah ngaran lalaki tengah tuwuh nu gedé wadul jeung gedé bohong téh, Wa Dulhong. Dongéngna siga nu teu béak-béak, jeung dina ngadongéngna direumbeuy ku kecap-kecap beunang ngaréka sorangan, lain basa deungeun lain basa wewengkon. Dina Wa Dulhong dimuat salapan carita wadulna Si Ua ditambah hiji carita pangan-teur ngeunaan jatidirina. Nu maca ieu buku bakal mupakat yén sebutan “Dulhong” téh cocog pisan jeung tabéat Si Ua. Mun henteu seuri sorangan—najan henteu nepi ka reumbay cimata ogé—geus tangtu ari seuri leutik atawa imut kanjut baé mah. Da teu aya jalma, komo urang Sunda mah, anu teu resepeun kana carita heureuy samodél  dongéng Si Ua. Citakan I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; Rp 16.000,-

SI KABAYAN

M.O. Koesman Carita dongéng Si Kabayan ayeuna lain waé dianggap bogana urang Sunda tapi geus jadi milik bangsa Indonésia. Teu aya nu bireuk deui yén tokoh Kabayan boga pasipatan anu kedul, loba akal loba ekol, kalan-kalan digambarkeun rada bodo—maksudna naif jeung absurd—mindeng ngabodor jeung heureuy. Geus loba pisan anékdot ngeunaan Si Kabayan nu umumna geus jadi carita rayat tur caritana beuki nambahan waé. Malah aya carita satir ti negeri deungeun anu disadur ku pangarang Sunda jadi carita Si Kabayan, upamana baé Si Kabayan Jadi Dukun . Dina ieu buku M.O. Koesman ngumpulkeun dalapan anékdot Si Kabayan anu kungsi hirup tur bisa jadi geus dipikawanoh ku masarakat Sunda. Ngan ku M.O. Koesman éta anékdot téh dicaritakeun deui ambéh aya pulunganeunana keur nu macana. Citakan I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 54 kaca; Rp 12.000,-

PARAWAN JEUNG DEDEMIT

Yus Rusamsi Parawan jeung Dedemit téh kumpulan carpon beunang Yus Rusamsi: “Parawan”, “Di Setatsion” jeung “Dedemit”. Cara dina roman-romanna Dédéh jeung Randa Béngsrat , carpon-carpon dina ieu kumpulan ngagambarkeun suasana kajiwaan para tokohna. Dina “Parawan” dicaritakeun dua parawan nu kagolongkeun goréng rupa tur geus kaitung kolot. Maranéhna ngarasa hariwang lamun henteu meunangkeun jodo. Maranéhna ngagugat masarakat nu nempatkeun awéwé dina posisi pasif: teu wenang milih cara lalaki. “Di Setatsion” nyaritakeun budak awéwé baramaén di setatsion nu keur kalaparan tapi éraeun rék mulung kupat nu ragrag. Éra lantaran éta kupat téh ragrag deukeut dua rumaja nu keur bobogohan. Tungtungna, éta kupat téh dihakan ku anjing, sarta budak awéwéna tuluy kapaéhan. Basa éling, manéhna ngarasula naha hirup téh ditangtukeun ku pamadegan batur. Dina “Dedemit” kasieun kana dedemit jeung sabangsana anu ngajirim dina pikiran jelema téh dipangaruhan ku imajinasi sorangan dumasar kana caritaan nu

KIRTI NJUNJUNG DRAJAT

Obah-mosiking pikirane Darba (paragatama, tokoh utama novel iki, sing ana ing awal cerita iki lagi magang dadi priyayi wis entuk rong taun) anggambarake obah-mosiking pikirane saperangan nonoman awal abad ka-20. Darba, anak priyayi jajar, mikir yen ajen-inajen kapriyayen ing jaman kang arep tumeka mesthi bakal saya surud. Ajine uwong, miturut pamikire Darba, ora dumunung ana status kapriyayen nanging gumantung marang kepinteran, pakaryan lan budi pakertine. Lan iki mau kabeh disuprih dening Darba—kalawan sregep nyinau apa bae sing migunani kanggo panguripan lan pangupajiwa, tumemen makarya lan tansah becik enggoning sesrawungan karo sapepadha. Miturut pengarange, Darba bisa dadi gegambarane “uwong” Jawa kang mengkone dibutuhake dening jaman kang arep tumeka, yaiku jaman merdhika lan luwih maju. Kirti Njunjung Drajat yasane Jasawidagda (cithakan kaping siji taun 1924) iki uga isa dadi dokumentasi sejarah lan alam pikiran dalah budaya Jawa mangsa samana. Kiblat Buku Utama, 2012; 14,5 x 2

HUKUMAN KEUR RAJA BIADAB

Lalakon Batara Rama 3 Hidayat Soesanto Rahwana kula kapaksa ngaluarkeun Guwawijaya. Geura tungkul ka Hyang Agung, geura tanggah ka tempat pangbalikan sajati,” tali gondéwa diwengkang. “Piraku teu seubeuh manéh ngacak-ngacak dunya!” Guwawijaya dilepas. Jagat peteng dituturkeun sora kadia gunung bitu, marengan cahaya mancawura ka sa-tungkebing langit. Barang mulang sabihari, Kunta gagaman Rahwana ilang musnah balik ka nu kagunganana, Hyang Jagatnata. Tutas ngancurkeun pakarang lawanna, Guwawijaya nyiriwik meulah angin, sarta teu kungsi lila kadéngé aya sora ngagoak. Sirah Rahwana sidik ngagelenceng, leupas tina janggana. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 88 kaca; Rp 20.000,-

TRAGÉDI DI LEUWEUNG DANDAKA

Lalakon Batara Rama 2 Hidayat Soesanto Kantun lima puluh deupa. Jamparing parantos numpang dina gondéwa. Ranténa ngambay ka handap. Seuseukeutna nujul kana lebah suku kidang. Tali gondéwa dipentang. Sabelesateun ngaringkus sakadang kidang, naha atuh ana belecet téh…. Henteu éta gé ari terus kabur mah. Malah siga nu ngabeyoan jeung ngulinan. Lantaran lumpatna katémbong rarandegan. Sieun kabujeng ical boroan, Rama kesit ngudag ka palih ki-dul, megat pilumpateunana. Kawas nu ngarti, nu dipegat méngkol ka beulah kulon. Leumpang lain lumpat henteu. Mun kuda mah lumpat jogjrog. Kasebelanana téh deuih, keudeung-keudeung lieuk, keudeung-keudeung lieuk, siga nu nangtang hayang diudag. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca; Rp 20.000,-

SAÉMBARA DI MANTILI

Lalakon Batara Rama 1 Hidayat Soesanto Alun-alun munggah jempling. Saréréa nungguan naon nu bakal kajadian. Panon molotot, sungut calawak, sora ambekan tingharégak, marengan ratug angen tutunggulan. Naha ari nu dilalajoanana bet siga hayang ngaheureuyan. Lain geura prak masang jamparing. Panangan palih kiwana henteu lésot tina gondéwa, sarta kalah rét… ka luhur, siga ngukur sakumaha jangkungna langit. Sanggeus kitu kakara jamparing diperenahkeun. Ti dinya mah belesur… biur…. Kadia hujan badag, dibarengan guludug patéma-téma, sakur nu lalajo henteu kaampeuh ngabedahkeun galura haténa. Teu sangka, tapi taya nu teu bungah, saémbara beunang ku satria terah Ayodyapala. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 80 kaca; Rp 20.000,-

SURAT WASIAT

Samsoedi Dina ieu buku dicaritakeun Sunyoto, rumaja nu indit ka Jogja néangan akina, nu cenah beunghar lantaran boga usaha pabatikan di Jogja—saperti kaunggel dina surat wasiat titinggal bapana, nu dititipkeun ka Pa Murdiam, bapa pulung éta budak. Inditna Sunyoto ka Jogja lantaran diperdaya ku Wa Arsim, lanceukna Pa Murdiam, basa Pa Murdiam gering ripuh. Di Jogja, Sunyoto ngalaman kajadian-kajadian anu matak pikasediheun jeung pikarunyaeun: kaleungitan duit, dikaluarkeun tina pagawéan di rumah sakit, dipitenah di tempat gawéna di kamasan Pa Diryo. Ku sabar jeung tawekal  ka Mantenna dibarengan ku usaha, ahirna manéhna bisa papanggih jeung akina. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 54 kaca; Rp 15.000,-

SULING AING TULANG MAUNG

Moal boa, ku cara kitu, ieu kumpulan dongeng teh babakuna mah ditujulkeun ka barudak dina enggoning nungtut elmu nyuprih pangarti di rohangan atikan luareun sakola resmi. Kilang kitu, cara nu karasa tina dongeng-dongengna, ieu pidangan teh aya alusna mun dibaca ku kolot ge. Ongkoh pan sakur kolot ge kungsi jadi budak heula—beda jeung budak nu teu kungsi jadi kolot heula. Dina panganteur ti nu ngarang ge kapan dieceskeun deuih sababaraha pituduh, babakuna keur para guru, dina enggoning nepikeun dongeng ka barudak minangka salah sahiji pamarekan dina widang atikan. ~ Hawe Setiawan Kiblat Buku Utama, 2012; 14,5 x 21 cm.; 80 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

SASAKALA TALAGA WARNA

Moal boa, ku cara kitu, ieu kumpulan dongeng teh babakuna mah ditujulkeun ka barudak dina enggoning nungtut elmu nyuprih pangarti di rohangan atikan luareun sakola resmi. Kilang kitu, cara nu karasa tina dongeng-dongengna, ieu pidangan teh aya alusna mun dibaca ku kolot ge. Ongkoh pan sakur kolot ge kungsi jadi budak heula—beda jeung budak nu teu kungsi jadi kolot heula. Dina panganteur ti nu ngarang ge kapan dieceskeun deuih sababaraha pituduh, babakuna keur para guru, dina enggoning nepikeun dongeng ka barudak minangka salah sahiji pamarekan dina widang atikan. ~ Hawe Setiawan Kiblat Buku Utama, 2012; 14,5 x 21 cm.; 88 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

NUMBUK DI SUÉ

Numbuk di Sue karya Moh. Ambri—sastrawan realis Sunda nu kawentar—nyaritakeun pangalaman sababaraha murid sakola di Bandung ka basisir kidul di daerah Garut, nyaeta Cisompet jeung Pameungpeuk. Maranehna arulin ka Pakidulan Garut waktu makansi ahir taun sabada rengse samen di sakolana. Pangalaman anu dicaritakeun ku Emang si kuring—nu nyaritakeun ka urang—ngagunakeun kalimat-kalimat nu teu buat subyek. Ku karena kitu, caritana teh jadi hirup jeung dipiwanoh ku nu macana. Dina perjalananana, maranehna mindeng ngalaman apes, teu nepi kana nu geus direncanakeun jeung diajamkeun. Pangalaman di basisir kidul Garut nu pangdipikarepna nyaeta moro badak—nu mangsa harita masih keneh loba kapanggih di dinya. Malah fragmen moro badak mah kungsi ditarjamahkeun kana basa Inggris (Stories from Asia, 1978), tuluy kana basa-basa Asia kayaning Jepang, Cina, Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2021; 14,5 x 21 cm.; 74 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada ,  Bukalapak

JEMPLANG BULAN ILANG

Dian Héndrayana Dian Héndrayana lahir di Subang, 25 Pébruari 1971. Mimiti kerep nulis sabada aktif di Kelompok Studi Budaya Sunda Rawayan, hiji komunitas diskusi di lingkungan Jurusan Basa jeung Sastra Sunda Unpad taun 90-an. Milu aktif dina widang seni tari jeung karawitan di Lingkung Seni Sunda (Lises) Unpad, sarta mimilu kana kagiatan téater. Dian gé aktif di Damas (Daya Mahasiswa Sunda) Cabang Kota Bandung sarta kungsi jadi pupuhuna période 1996-1998. Ti dinya tuluy aktif di Damas Tingkat Puseur jeung di Korps Alumni Damas. Tulisanana winangun carpon kungsi jadi Juara I Pasanggiri D.K. Ardiwinata nu diayakeun ku Paguyuban Pasundan (1996), sarta kungsi dilélér hadiah sastra ti LBSS (1997). Atuh wangun puisina kungsi dua kali noron jadi Pinunjul I LBSS (1999, 2000). Carponna “Serat Bimbang” nu dimuat di Bandung Pos kungsi dilélér Hadiah Sastra ti Déwan Kesenian Jakarta (1999). Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan carpon Lalakon Bingbang . Sedengkeun tulisan séjénna dimuat dina

IBADAH DAUN

Dédén Abdul Aziz Dédén Abdul Aziz lahir di Cianjur (28 Agustus 1972), lulus ti jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonésia FPBS IKIP Bandung (ayeuna UPI) taun 1996. Kungsi digawé jadi wartawan suratkabar Métro , Bandung. Mimiti nulis dina basa Indonésia dimuat dina suratkabar Pikiran Rakyat mangrupa sajak basa Indonésia, tuluy nulis carita pondok dina basa Sunda mulai 1994 dimuat dina Manglé . Béh dieu kakara nulis sajak Sunda dina Manglé jeung Galura . Kungsi jadi Ketua Aréna Studi Aprésiasi Sastra (ASAS) IKIP Bandung (1992) sarta jadi anggota redaksi jurnal Dangiang . Kungsi meunang Hadiah Sastra D.K. Ardiwinata pikeun sajakna (1994 jeung 1997) jeung keur carita pondokna (1997). Romanna Pangantén (Kiblat Buku Utama, 2003) dilélér Hadiah Sastra Rancagé taun 2004. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 54 kaca; Rp 15.000,-

WASTU KANCANA

Yoséph Iskandar   Kalayan tapis Yoséph Iskandar geus hasil ngahirupkeun deui pangalaman Wastu Kancana sanggeus ibu ramana sareng Citraresmi tiwas  di Palagan Bubat. Kalayan alpukah pamanna, Mangkubumi Bunisora Suradipati anu dijenengkeun jadi Ratu Sunda—nyuluran putra-makuta anu can sawawa, Wastu Kancana dikirim ka Mandala Binayapanti, pikeun digodog jadi satria utama jeung taméng nagara Sunda. Tapi waktu terangeun yén kulawargana geus ngemasi pati alatan ditipu ku Gajah Mada, Wastu Kancana murka sabab kuduna mah Nagri Sunda ngabéla kahormatan nagara males pulih ka Majapait. Sabalikna,  Bunisora Suradipati boga pamadegan yén kangaranan perang mah bakal nyangsarakeun rahayat jeung ngorbankeun nagara. Pamustunganana, saméméh nyanggupan diistrénan jadi Ratu Sunda, Wastu Kancana ngalalana pikeun nambahan luang jeung pangaweruh. Mimitina indit ka Pakuan Pajajaran, tuluy guguru di padépokan Susuk Lampung, nepi ka kataji ku nu geulis Déwi Sarkati. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 112 kaca;

PRABU WANGISUTAH

Yoséph Iskandar Prabu Wangisutah , roman sajarah nu ditulis dumasar kana naskah-naskah Pangéran Wangsakerta, terasna tina Wastu Kancana (Pusat Studi Sunda, 2012).  Sabada mulang ka Kawali, Wastu Kancana teu puruneun gancang-gancang diistrénan jadi papayung nagri, jeneng ratu jadi prabu. Sabab nurutkeun anggapanana jadi raja Sunda téh teu gampang. Kudu tanggoh dina wates bebeneran mun hayang raharja sapangeusi alam dunya. Waktu dicaritakeun ngeunaan hubunganana jeung putri Maharesi Susuk Lampung, Prabu Bunisora harita kenéh ngirimkeun utusan pikeun ngalamar Déwi Sarkati jadi praméswari. Hanjakal pasilingsingan, Déwi Sarkati geus indit ka Nagri Sunda nyusulan Wastu Kancana. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 108 kaca; Rp 27.000,-

AJAR KUTAMANGU

Yoséph Iskandar Ajar Kutamangu nyaritakeun pangalaman Ajar Kutamangu adina Pamanahrasa di karajaan Talagamanggung, di wewengkon Talaga, salah sahiji kacamatan di Majaléngka ayeuna. Di ieu karajaan, Ajar Kutamangu mantuan Simbarkancana—putri raja Talagamanggung—numpes komplotan anu maéhan ramana. Singhoréng éta komplotan téh diluluguan ku carogé sang putri sorangan. Ajar Kutamangu téh salah sahiji novel tina ranggeuyan novel sajarah karya Yoséph Iskandar ngeunaan sajarah Karajaan Sunda anu ditulis dumasar kana Naskah-naskah Pangéran Wangsakerta . Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 96 kaca; Rp 24.000,-

BABU KAJAJADÉN

Syarif Amin Urang sebut baé bangkarak ieu karangan téh. Lantaran taun 1932 kungsi jadi implik-implik Sipatahoenan . Leunjeuran caritana mah nepi ka ayeuna ogé angger, saciptaan asal. Ukur diraéh sautak-saeutik, ngagambarkeun kaayaan jaman jajahan. Sambunglayang nu dimuat dina koran AID di Bandung, koran basa Walanda, néangan pibabueun keur ngasuh anakna nu jadi pangkal carita téh. Ku kituna, kaharti samangsa nu ditéangan atuh nu ngalamarna ogé, moal asal pibabueun nu sacéréwéléna datang ti lembur néangan pagawéan. Keur kolot nu ngalaman jaman harita, bakal pogot macana, bari mulangkeun panineungan. Keur nonoman ayeuna, baris resep da kagambarkeun hirup jeung carana jaman harita. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 70 kaca; Rp 18.000,-

NU KEUR NÉANGAN

Ganjar Kurnia Di antara fikminer nu kawilang produktif téh, nya nu ngarang ieu buku. Lain ukur milu ngeusian la­pak ku karya-karyana deuih, Ganjar Kurnia gé di antara nu mélaan sangkan fiksimini jadi bagian tina génre sastra Sunda tur puguh papayung élmuna. Kanyaahna kana sastra Sunda, pangpangna fiksimini, katémbong tina sawatara kagiatan nu dipokalan ku anjeunna: ti mimiti paméran fikmin grafis (istilah pi­keun wanda fiksimini nu geus digambaran), diskusi fikmin, jeung sawatara kagiatan saémbara fikmin. Mun ngukur kana produktivitasna, di antara kasi­bukanana jadi Réktor Unpad, Ganjar Kurnia bisa nga­rang 156 naskah fikmin jero sataun. Rata-rata nulis 3 judul fikmin dina saminggu. Nu dimuat dina ieu buku téh sabagian ti nu 156 téa. Mun ngukur kana panjangna, rata-rata fikmin nu ditulisna téh 50 kecap. ~ Dadan Sutisna, Pupuhu Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS) Citakan I, 2012; 13 x 17 cm.; 72 kaca; Rp 20.000,-

MA INUNG NÉWAK CAHAYA

Mamat Sasmita Eulis muntang kana leungeun Ma Inung, pageuh tipepereket. Handapeun korsi tunggu Ma Inung nyidik-nyidik cahaya. “Cika-cika Ma?” cék Eulis. “Lain” témbal Ma Inung. “Lumar Ma?” “Lain.” “Emas Ma?” “Teuing.” “Inten Ma?” “Teuing.” Ma Inung niat nyokot hiji, tapi barang rék gep kacekel, cahaya siga nu ngabalicet, lir néwak laleur, lindeuk japati, cahaya oyag lalaunan, siga cahaya lampu katiup angin lalaunan, pindah tempat tuluy ngagateng deui. Kitu cutatan tina carpon “Ma Inung Néwak Cahaya” salahsahiji carpon tina dua belas carpon yasana Mamat Sasmita. Hirup ukur nuturkeun indung suku jeung kerebekna sora beuteung nu kurang eusi. Ma Inung jeung Eulis, incuna, dumuk di setatsion karéta api. Da ngan didinya nu dianggap bisa nyumponan sangkan hirup terus lumangsung. Titingalian jeung wujudna nu ditingali can tangtu sarua, bisa jadi alatan pikiran nu keur ulin, kumalayang ka mana boa, eunteupna di mana boa. Carita kontemplasi nu matak narik kana ati. Citakan I, 2012; 14,5 x 2

KALAPATI

Hadi AKS “Daun, tangkal, jeung manusa tuluy jaradi sarah. Palid dina caah umpalan…” Cutatan kalimah di luhur bisa jadi ngawakilan téma carpon-carpon Hadi AKS nu aya dina ieu kumpulan. Ruksakna alam jeung rangsakna moral manusa kiwari, jadi jejer utama anu diguar ku pangarang dina dua belas carita pondokna. Tatar Sunda geus lain alam nu éndah matak waas, tapi tanah nu kebek ku mamala. Lemah cai kuring lain bumi nu matak tingtrim, tapi lemah nu dirungkup musibah; caah, urug, jeung sajabana. Nya kitu deui manusana. Urang Sunda nu kawentar ku babasan hadé tata hadé basa, soméah hadé ka sémah, horéng geus ngajanggélék jadi jalma-jalma nu biadab teu boga ras-rasan. Bapa nu ngagadabah anak, indung nu maéhan anak, jalma-jalma nu silih curiga, nu ngajual kahormatan, nu silihpergasa, minangka potrét réalitas manusa kiwari anu hayang ditémbongkeun ku pangarang. Dicaritakeun dina wirahma jeung gaya nu ngagalindeng, rupaning pasualan anu tadi téh karasa antebna, ngagerihan batin nu maca. Ngale

HATÉ AWÉWÉ

Risnawati Aya dua dunya awéwé dina kumpulan carpon Risnawati Haté Awéwé : dunya nu ngulibek di sabudereun imah (masalah-masalah konvénsional-doméstik), jeung dunya nu leuwih jembar di luareun imah (masalah-masalah inkonvénsional-mutahir). Ku Risna, bahan-bahan mentah nu nyampak di éta dua dunya diolah—tina ‘wangwangan’ jeung ‘sawangan’ kajiwaan awéwé, malum da pangarangna awéwé—kalawan téhnis nulis dina basa Sunda nu tapis. Carpon-carpon Risna nu ditulis dina taun 1995-2005 ieu dibeungkeut ku hiji ‘téma’: psikologi kaum Hawa. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 210 kaca; Rp 45.000,-

IBING SUNDA

Enoch Atmadibrata Ibing Sunda téh mangrupa salah sahiji produk budaya Sunda anu pangdipikareueusna ku urang Sunda, tur geus ngalantarankeun budaya Sunda asup kana salah sahiji kakayaan budaya dunya nu luhung.  Tapi urang Sunda kiwari masih kénéh ngarasa yén maranéhna henteu loba boga ibingan anu hadé tur éndah. Ku lantaran éta, buku Ibing Sunda yasana Enoch Atmadibrata, kudu diwanohkeun deui ka urang Sunda kiwari supaya boga kareueus kana kabeungharan seni ibing Sunda. Sanajan mangrupa panganteur, tapi mudah-mudahan bisa nambahan wawasan urang kana budaya sorangan, nu saterusna bisa micinta éta budaya, syukur-syukur timbul kereteg dina dirina pikeun mekarkeun jeung nanjeurkeunana. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 48 kaca; Rp 15.000,-

GUMUK SANDHI

Novel Gumuk Sandhi pancen kaserat ing taun 1960-an (kacithak sepisan ing taun 1963), nanging tetep krasa nengsemake sanajan diwaca saiki lan kapan wae, marga pamilihing masalah, panggarape paraga, panatane alur, lan panggambarane swasana bisa trep, nengsemake, dene isine migunani tumrap kita murih landhepe nalar lan rasa. Para maos prayogane maos novel iki murih bisa ngalami swasana estetis sacara pribadhi endahe Gumuk Sandhi iki. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 102 hal Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

NINI-NINI KARO WALUH - Dongeng-Dongeng Asia Kanggo Bocah-Bocah 4

Ing Asia kuwi akeh kahanan kang banget ngresepake, kayata gunung kang pucuke sinasaban salju, kali kang kumrasak iline, segarane, langite kang sumilak biru, kewan-kewane kang nengsemake lan padha urip ing satengahing alas utawa padha saba ing ara-ara, para raja lan prameswarine, sarta kawulane kang sarwa prasaja. Iku kabeh yen dicritakake mesthi gawe sengseme kang padha ngrungokake. Pancen akeh sing wis padha lali marang asale dongeng-dongeng mau, racake dianggep duweke bangsane dhewe, jalaran sarining crita bisa rumesep tekan ing telenging ati, kang tumrap manungsa ing ngendi-endi padha wae. Aku pitaya yen kowe kabeh uga seneng karo dongeng-dongeng iki. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 42 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

LELAKONE RAJA SUTAN Dongeng-Dongeng Asia Kanggo Bocah-Bocah 3

Ing Asia kuwi akeh kahanan kang banget ngresepake, kayata gunung kang pucuke sinasaban salju, kali kang kumrasak iline, segarane, langite kang sumilak biru, kewan-kewane kang nengsemake lan padha urip ing satengahing alas utawa padha saba ing ara-ara, para raja lan prameswarine, sarta kawulane kang sarwa prasaja. Iku kabeh yen dicritakake mesthi gawe sengseme kang padha ngrungokake. Pancen akeh sing wis padha lali marang asale dongeng-dongeng mau, racake dianggep duweke bangsane dhewe, jalaran sarining crita bisa rumesep tekan ing telenging ati, kang tumrap manungsa ing ngendi-endi padha wae. Aku pitaya yen kowe kabeh uga seneng karo dongeng-dongeng iki. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 42 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

JEJAKA KARO MACAN - Dongeng-Dongeng Asia Kanggo Bocah-Bocah 2

Ing Asia kuwi akeh kahanan kang banget ngresepake, kayata gunung kang pucuke sinasaban salju, kali kang kumrasak iline, segarane, langite kang sumilak biru, kewan-kewane kang nengsemake lan padha urip ing satengahing alas utawa padha saba ing ara-ara, para raja lan prameswarine, sarta kawulane kang sarwa prasaja. Iku kabeh yen dicritakake mesthi gawe sengseme kang padha ngrungokake. Pancen akeh sing wis padha lali marang asale dongeng-dongeng mau, racake dianggep duweke bangsane dhewe, jalaran sarining crita bisa rumesep tekan ing telenging ati, kang tumrap manungsa ing ngendi-endi padha wae. Aku pitaya yen kowe kabeh uga seneng karo dongeng-dongeng iki. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 42 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

MANUK GAGAK LAN MANUK GREJA - Dongeng-Dongeng Asia Kanggo Bocah-Bocah 1

Ing Asia kuwi akeh kahanan kang banget ngresepake, kayata gunung kang pucuke sinasaban salju, kali kang kumrasak iline, segarane, langite kang sumilak biru, kewan-kewane kang nengsemake lan padha urip ing satengahing alas utawa padha saba ing ara-ara, para raja lan prameswarine, sarta kawulane kang sarwa prasaja. Iku kabeh yen dicritakake mesthi gawe sengseme kang padha ngrungokake. Pancen akeh sing wis padha lali marang asale dongeng-dongeng mau, racake dianggep duweke bangsane dhewe, jalaran sarining crita bisa rumesep tekan ing telenging ati, kang tumrap manungsa ing ngendi-endi padha wae. Aku pitaya yen kowe kabeh uga seneng karo dongeng-dongeng iki. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 42 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

WAWACAN

Dina buku Wawacan bisa dibaca sabagian tina wawacan-wawacan anggitan para sastrawan Sunda kawentar kayaning Moehamad Moesa, Memed Sastrahadiprawira, Satjadibrata, M.A. Salmun, jsb. Wawacan dina ieu buku umumna mangrupa carita atawa bagian tina carita, sanajan aya oge nu mangrupa pedaran ngeunaan kaimanan jeung ibadah, da memang kitu definisi wangun wawacan mah. Dina wawacan, pupuh nu pangdipikaresepna ku para sastrawan Sunda teh nyaeta Kinanti, Asmarandana, Sinom jeung Dangdanggula. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 148 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SAWER JEUNG PUPUJIAN

Nyawer teh upacara mapatahan budak, disaksian ku kolot-kolot jeung tatangga, babarayaan jeung sosobatan, dihaleuangkeun bari ngawur-ngawur beas anu dicampur ku siksikan koneng temen jeung duit receh. Nu sok disawer teh nu kakandungan, orok nu kakara lahir, budak lalaki nu disunatan, budak awewe nu digusar, jeung panganten nu anyar dirapalan. Pupujian teh sa'ir anu dieusi ku warnaning puji-pujian ka Alloh jeung Rosululloh, du'a, pepeling, jeung pangajaran, jsb., dilagukeunana di masjid jeung pasantren dina waktu nungguan salat berjamaah antara adan jeung komat, pangpangna dina waktu nungguan salat magrib jeung subuh. Dina buku Sawer jeung Pupujian bisa dibaca rupa-rupa conto sawer jeung pupujian anu sok sering kadenge tina upacara nyawer atawa spiker masjid jeung pasantren. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 136 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Bukalapak

GUGURITAN

Dipilih tur dipanganteuran ku Ajip Rosidi Dina sajarahna, guguritan téh lain asli “hasil budaya” urang Sunda. Tapi hasil 'nginjeum' tina “budaya Jawa” ngaliwatan para Bupati nu unggal taun kudu séba ka Mataram basa Tatar Sunda aya dina kakuasaan Mataram ti abad ka-17.  Di Mataram, para Bupati kudu matuh sawatara waktu bari diajar rupa-rupa “budaya Jawa” saperti undak usuk basa, adat kabiasaan, tembang, guguritan jeung nganggitna, jrd. Mulang ka lembur, éta kabisa disebarkeun, pangpangna di lingkungan kulawarga jeung para ménak nu mindeng deuheus ka para Bupati. Ku kituna, guguritan kakara aya tapakna dina tulisan-tulisan abad ka-19 ka dieunakeun. Dina ieu buku, guguritan nu dimaksud nyaéta dangdingan beunang para sastrawan Sunda anu umumna dimuat di média massa, mangrupa piwulang, gambaran rasa lirik nu nulisna, pedaran atawa cutatan lalakon nu geus aya, jsb. Guguritan dibédakeun jeung wawacan dina hal wawacan biasana leuwih panjang tur geus jadi buku anu aya lalakonan. Ci

SI BEDOG PANJANG

Lol sirah kaluar, ce-ce-ce Sunarya nincak hambalan taraje turun. Remeng-remeng katingal Sunarya nangkeup cepuk. Ngan sakilat... Sunarya geus ngajurahroh teu pupuguh. Suruntul Si Bedog Panjang kaluar ti kolong. Gabrug ngarontok cepuk nu lesot tina leungeun Sunarya, jarangkang hudang.... berengbeng lumpat. Barang Si Bedog Panjang ngaliwat ka hareupeun nu nyarumput, meh bareng ... jekuk Cece numbuk pundukna, Yunus nyapu sukuna .... gebut tibeubeut. Batre jeung cepukna marecleng. Langsud-langsud Si Bedog Panjang rek ngarawel batre jeung cepuk. Tapi kapiheulaan, batrena dicokot ku Yunus cepukna dirontok ku Sunarya nu geus datang ngudag bareng jeung Wawan. Jarangkang Si Bedog Panjang hudang. Barang rek dipindo ku Cece... ngan berengbeng bae lumpat tipaparetot. Breng diarudag nepi ka sisi lembur. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 88 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak