Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Tarjamahan

PARAWAN DI JALAN SEPI

A. Conan Doyle Disundakeun ku Bratakusuma Parawan nu biasa tumpak karéta mesin di jalan sepi téh sihoréng boga masa­lah beurat, nu matak manéhna datang ka Sherlock Holmes ogé. Geus aya dua minggu leuwih manéhna ditutur-tutur ku lalaki misté­rius tur tumpak karéta mesin deuih di tengah leuweung geledegan. Saperti biasa, unggal poé ma­néh­na téh tumpak karéta mesin indit di­gawé nga­jarkeun piano ka anakna Tuan Carruthers. Nu jadi masalah keur Nyi Para­wan, waktu manéhna keur aya di imah Tuan Carruthers, ujug-ujug di­tang­keup ku Woodley jeung dipaksa kudu nyium manéh­na. Ari Woodley téh sobat dalit Tuan Carruthers nu geus sababa­ra­ha poé aya di imahna. Ku kajadian éta Tuan Carruthers paséa rongkah jeung Woodley. Dina seuhseuhanana, Tuan Carruthers jeung Woodley téh ngaku-ngaku jadi sobat pamanna Nyi Para­wan, nu geus dua puluh lima taun ngumbara ka Afrika Kidul bari euweuh béja-béjana acan.  Citakan I, 2015, 64 kaca, Rp 20.000,-

BÉNTANG ACÉH

H.M. Zainuddin Disundakeun ku Moh. Ambri Langka pisan karya sastra nu aya patalina jeung budaya étnis Acéh anu ditarjamah­keun kana basa Sunda. Salah sahiji­na—bisa jadi ngan hiji-hijina?— Béntang Acéh , anu aslina dina basa Indonésia ( Jeumpa Aceh ) wedalan Balai Pustaka tahun 1926. Minang­ka salah sahiji buku klasik, nilai sastra­na hadé sarta unggul, ngagambarkeun pa­céng­kadan antara  kaum muda vérsus kaum tua mangsa dé­kade-dékade awal abad ka-20, ditulis ku sastrawan, sajarawan, sarta ak­tivis perge­rakan Acéh. Téma pacéngkadan téh ilahar diguar ku panga­rang entragan Balai Pustaka, boh dina basa Indonésia boh dina basa daérah: alam pikiran jeung 'kahayang' kaum muda hal milih jodo nyanghareupan adat kaum tua anu mak­sakeun pilihan aranjeunna jeung kudu digugu ku anak-anakna. Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2014, 126 kaca, Rp 32.000,-  

KEMBANG BEUREUM

Disundakeun tina The Scarlet Pimpernel Baronéss Emmuska Orczy Kembang Beureum karangan Baronéss Emmuska Orczy (1865-1947) mangrupa sa­lah sahiji roman anu réa dibaca, lain baé di Ing­gris tapi di nagara-nagara séjén deuih. Ku sabab kacida populér jeung matak pogot nu macana, ieu buku ditarjamahkeun lain baé kana basa-basa Éropa, tapi ogé kana basa-basa Asia. Dina basa Indonésia ogé geus aya sa­babaraha tarja­mah­an, di antarana Pacar Mérah. Ari nu dijadikeun latar caritana révolusi Pe­rancis, waktu rahayat murba hudang ngarebut hakna ti raja anu sakama-kama da ngang­gap nagara téh anuna pribadi, apan kaca­pangana­na gé ”l’état cest moi” (nagara téh kami). Rahayat murba anu ngamuk ngu­wak-ngawik, lain baé ngarorod raja nepi ka dipaténi dina guillotine, tapi para ménak séjénna deuih. Para ménak anu ta­di­na milu curak-curak sakarepna jeung raja, ditarangkepan sarta diparabkeun ka gui­llotine. Nya dina waktu kitu, aya ménak Ing­gris anu ngadegkeun komplotan rasiah pikeun nulungan kao...

SI DÉMPLON

Guy De Maupassant Disundakeun  ku Duduh Durahman Karéta kuda anu mawa sapuluh panumpang (Si Démplon sarta salapan urang wawakil kaum borjuis Prancis nu minggat ti Rouen, nu ditalukkeun ku tantara Prusia, ka Le Havre) ditahan di hiji panginepan di Désa Totes, bari henteu dibéré katerangan ngeunaan sabab-musababna. Karék sabada dua poé, Si Démplon—awéwé bangor nu pangawakanana donto—nyarita yén maranéhna ditahan di éta panginepan téh nepi ka Si Démplon daék ngalayanan pangajak urang Prusia nu ngawasa éta tempat. Sababaraha kali éta paménta téh ditolak ku Si Démplon, sabab manéhna ngarasa masih boga kénéh rasa nasionalismeu. Tapi, para panumpang séjénna mamaksa jeung ngayakinkeun manéhna—kalayan ngagunakeun rupa-rupa logika jeung alesan moralitas—ambéh nyumponan éta kahayang urang Prusia. Ahirna, Si Démplon léah. Ngan hanjakal sapanjang sésa perjalanan, batur-batur sakaréta—nu tadina ngajujurung ka manéhna téh—siga henteu aringeteun kana pangorbananana, malah malik cua jeung ceuce...

JAGAT CARITA

Kandaga Carpon Dunya Hawé Setiawan Jagat Carita bisa jadi buku kumpulan carpon mung­garan nu ngariungkeun karya sastra panga­rang dunya dina basa Sunda. Nu geus medal mah réréana dina wangun novél. Opat welas pangarang ngariung dina Jagat Carita. Tilu ti antarana kungsi dilélér Hadiah Nobél Sas­tra: Rabindranath Tagore, Luigi Piran­déllo jeung Hérman Hésse. Ku lantaran nu nga­rangna eu­yeub, norojol ti rupa-rupa bangsa, rasa jeung nu­ansa carpon-carpon dina ieu buku béda-béda. Cocog pisan dibaca ku urang Sunda pikeun ba­ban­dingan, ngajembaran panalar kana karya sastra bangsa lian. Citakan I, 2005; 14,5 x 21 cm.; 152 kaca; ISBN 979-3631-58-9; Rp 30.000,-

SEUNEU NARAKA

Tilu Carita Jepang Disundakeun ku Tini Kartini Carpon “Seuneu Naraka” karya Akutagawa Ryunosuké, ngagambarkeun kumaha Yoshihidé, pe­lukis istana Otono Sama nu mashur tapi kacida “ék­séntrik” té­ga pisan ngorbankeun anak awéwéna nu ngan hiji-hijina jadi modél lukisan nu dijudulan “Seuneu Nara­ka”. Manéhna hayang ngagam­bar­keun sacara “ré­alis­tis” kaayaan jalma-jalma nu nan­­dang­an siksa na­raka. Salian ti “Seuneu Naraka”, Tini Kartini ogé nar­ja­mahkeun dua carpon lianna: “Tukang Suling jeung Kaisarna” karya Yoshikawa Éiji jeung “Jalma Bu­ang­an” karya Mori Ogai. Citakan I, 2003; 14,5 x 21 cm.; 88 kaca; ISBN 979-3631-51-1; Rp 17.500,-

SAIJA

Multatuli; Disundakeun jeung Dipanganteuran ku R.T.A. Sunarya Karya Multatuli anu di judulan Max Havelaar nga­gambarkeun kaayaan di Banten Kidul jaman ha­rita: ra’yat désa dikaniaya, diperdaya nu pohara ku pihak pamaréntah, akibat tina pulitik jajahan. Nya dina éta roman aya nyelap lalakon tragis Saija jeung Ina, nu henteu nepi ka cacap silihpikacinta ku lantaran jadi korban pulitik jajahan téa. Ku R.T.A. Sunarya, nu baheula kungsi jadi bupati di tatar Sunda, dina ieu buku éta lalakon téh di­tarjamahkeun. Henteu disalin saceplakna sake­cap-sakecap, tapi éstuning disundakeun. Citakan II, 2003; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; Rp 13.000,-