Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Roman

KEMBANG RUMAH TANGGA

Basajan, basajan pisan carita Kembang Rumahtangga beunang Tjaraka (sandiasmana Wiranta, 1902-1983) téh. Atuh anu dicaritakeunana jalma-jalma basajan deuih, sanajan aya tokoh Sujana, jalma beunghar (diréktur hiji perusahaan) anu saliwatan mah hirupna henteu bisa disebut basajan, tapi da jero-jerona mah manéhna ogé jalma basajan nu henteu réa tingkah. Dina nyaritakeunana, Tjaraka ogé basajan deuih. Henteu aya bérégégéh atawa tipepereket nyieun ceta, ku lantaran hayang béda ti nu ilahar. Teu, Tjaraka mah dina karangan-karanganana tara aya maksud kikituan. Malah sabalikna, carita-carita Tjaraka mah jiga nu hayang ilahar baé, parok jeung nu séjén. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 88 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

MERCEDES 190

Ramena anu maraca narulis pamanggihna ngeunaan Mercedes 190 ném­bongkeun yen eta carita teh memang pada ma­raca, pada mikaresep. Nurutkeun pamanggih Muh. Rustandi, carita (sastra) teh kudu dipi­ka­resep ku nu macana; padahal karya-karya sastra In­donesia moderen beunang para sastra­wan ngora sidik henteu dipika­re­sep ku nu maracana, jadi henteu dibara­ca. Rustandi nganggap yen para sas­tra­wan Indonesia nurutan teuing para sastrawan Barat, nepi ka hen­teu wanoh ka nu maraca karya-karyana, nyaeta bangsana sorang­an. Nepi ka aya nu boga anggapan yen karya sastra anu luhur ajenna mah nyaeta anu hese dihartikeunana ku nu maracana. Muh. Rustandi hayang nga­buktikeun yen karya sastra anu hade, anu luhur ajenna oge bisa dipikaresep ku nu maracana. Mercedes 190 dianggap conto nu ngabuktikeun pamanggihna tea. ~  Ajip Rosidi Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 cm; 112 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SABOBOT SAPIHANEAN SABATA SARIMBAGAN

Dina "Sabobot Sapihanean Sabata Sarimbagan"—novel psikologis romantis antara lalaki jeung awewe, salaki jeung pamajikan—Rustandi hayang ngagambarkeun ngahijina—dina pranata kulawarga—dua jalma nu masing-masing boga kasang tukang budaya nu dikotomis-antagonis kadangkala konflik: lembur (Anah, teu dicaritakeun kungsi sakola, diistilahkeun ku Rustandi “bau lisung”)—kota (Tatang, lulusan paguron luhur, insinyur, “bau gedong”), tradisional—moderen, menak—cacah. Anu bisa ngahijikeun ieu dua budaya nyaéta cinta anu ngagalura di antara kadua jalma. Dina ngagambarkeun kasang tukang budaya tokoh-tokohna, konflik antara dua budaya jeung cara ngudaranana eta konflik, Rustandi ngagunakeun basa—kalimah jeung kecap—anu ringkes tapi pinuh ku siloka, silib-sindir sarta semu, plastis jeung asosiatif, dirangkay ku kaparigelan nyaritakeunana sanajan jalan caritana ukur basajan (papanggihna Anah jeung Tatang, cukang lantaran konflik antara Anah, si cacah kuricakan, jeung Bu Danu, ibuna Tatang, si...

LALAMPAHAN PA MOHALAN

Dedeg pangadegna sedeng bae jangkung henteu, pendek henteu, kulitna hideung tapi beresih; pasemonna pika­cong­­gaheun sarerea. Ari ngaranna nu sabenerna mah Ma­jusup; dise­but Pa Mohalan soteh, eta mah panglandi babaturanana bae, dumeh ari ngabohong tara euleum-euleum; jeung eta deuih caritana teh bangsa nu pa­mo­halan bae, geura engke urang ban­dungan lamun manehna keur nyarita. “Barang bapa malik rek lumpat, neuleu buaya gede naker, sungutna calawak mani kawas guha, arek ngalegleg. Bawaning ku bingung, tungtungna rumpuyuk ngalumpu­ruk dina ta­neuh kawas kapuk kaibun, leu­leus taya tangan panga­wasa. Ingetan teh taya deui, lamun teu jadi eusi beuteung singa, tangtu diteureuy buleud ku buaya. Reup bapa teh peureum, hate luas kari kumaha behna. Ari beunta bari cengkat, bet singa teh huluna keur di­heung­heum ku buaya. Tadi, basa nga­rumpuyuk ba­kating ku kasima tea, eta singa ngarontok, tapi kalepasan, ana geblus meneran pisan asup kana sungut buaya anu keur calawak, tipelag di­na tikor...

SAILON

Datangna ka Lamhong Hakim Pao Kong ngemban pancen ti kota raja, kudu memeres kaayaan kota katut pangeusina. Ku siasat­na jeung kapin­teranana, dina kaayaan kota keur meu­jeuh­na harengheng, hakim nu bara­ngasan tapi wijaksana teh geus bisa nembongkeun komara katut wiba­wa­na. Basa kantor pangadilan dijorag ku karaman, Pao Kong ku siasatna geus bisa nimbulkeun kesan yen datangna ka Lamhong teh dibarengan ku sapasukan tentara ti kotaraja. Padahal dina kanyataanana mah hakim teh ukur diiring ku sababaraha puluh urang pagawena bae. Di masa­­ra­kat kota Lamhong teu kanyahoan timbul kayakinan yen kota tapel wates teh dijaga ku tentara. Padahal tentara hayalan malulu, hasil kabinangkitan jeung siasat militer anu jétu ti Pao Kong jeung anak buahna. Kiblat Buku Utama; 14,5 x 21 cm; 68 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

RANDA BENGSRAT - YUS RUSAMSI

Ceuk saha awewe heureut deuleu pondok lengkah? Da geuning Esih mah henteu kitu. Manehna miboga sawangan anu jembar ngeunaan hirup manusa, babakuna nu patali jeung kalungguhan awewe dina hirup kumbuh. Pikeun Esih mah, awewe teh sarua baé jeung lalaki, pada-pada manusa nu miboga hak pikeun hirup kalayan merdika. Atuh dina rumah tangga awewe teh lain kembang rumah tangga anu nyerahkeun jiwa raga ka lalaki. Nu matak basa manehna dikawinkeun ku kolotna ka Udi, manehna ngejat sapada harita, ninggalkeun salakina. Esih jadi randa béngsrat, da sok sanajan formalna mah randa tapi saenyana mah tacan kungsi saresmi jeung salakina. Nya terus manehna miang ka kota, ninggalkeun lemburna. Di Jakarta, Esih tepung jeung Kohar anu leuwih intelektual jeung gentleman manan Udi urang lembur. Kitu di antarana nu didongengkeun ku Yus Rusamsi dina roman Randa Bengsrat teh. Roman nu euyeub kugagasan. Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2021; 14,5 x 21 cm : 172 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,...

PUPUTON

Puputon nyaritakeun “cinta segitiga” antara Mamay-Ismét-Astri. Mamay, bojo Ismét nu kadua. Ismét ngarangkep ka Mamay karena teu boga turunan ti Astri nu divonis gabug ku dokter. Puguh wé susulumputan, sabab Astrina kungsi ngancam rék maéhan manéh mun dicandung. Ka Astri, Ismét sabenerna masih kénéh micinta, ka Mamay deuih Ismét bogoh. Masalah timbul nalika Mamay bobot. Sanggeus dina hiji waktu panggih jeung Astri, timbul kasadar dina haté Mamay yén dirina geus ngaruksak kabagjaan papada awéwé.Sabada orok lahir jeung Mamayna keur diopnameu di rumah sakit, ku Ismétdicandak ka imahna sarta diakukeun orok batur. Rusiah kabokér nalika ibuna Ismét ngalongok, karena aya béja Ismét boga orok. Ka ibuna Ismét balaka yén éta orok téh lain anak batur, tapi anakna pribadi ti awéwé anu dinikah kalayan sah. Ku Astri, carita Ismét kadéngé… Ahirna Mamay ménta dipirak jeung anakna rék dibawa, padahal Astri gé geus mundur sangkan méré kesempetan keur Ismét jeung Mamay ngawangun rumah tangga anyar. Ngan...

BÉNTANG PASANTRÉN

Béntang Pasantrén nyaritakeun katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri jeung santri kahot séjénna. Ku katapisna dina nyusun ungkara anu direumbeuy ku humor jeung kekecapan has pasantrén—beunang nyutat tina Qur'an, hadis, jeung kitab lianna, ieu karya Usép Romli HM téh kaasup kana karya petingan anu milu ngabeungharan sastra Sunda.   Usep Romli HM;  Citakan IV, 2016; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca

PERANG BUBAT

Putri Citraresmi ngajerit maratan langit basa mireungeuh ramana geus ngababatang. Dirina sabil, méh teu kuat nahan diri, hayang kaluar ti kémahna. Tapi ari ras kana dirina nu kudu jadi upeti regog deui, bari tuluy nutupkeun lalangsé kémahna. Ret kana patrem paméré Paman Mangkubumi Bunisora ​​Suradipati, geus lamokot ku getih. Manéhna neuteup patrem bari mikiran nasibna. ”Getih…, enya getih! Enya, demi harga diri Nagri Sunda! Duh Rama Prabu..., duh ambu indung puntangan kaasih..., keur saha ngamalirkeun getih? Sakeclak memang keur kami, tapi ngocorna demi harga diri Nagri Sunda!....” Gabres patrem ditubleskeun ku dua leungeunna panceg niruk lempengan jajantungna.... Yosep Iskandar;   Edisi Kiblat Buku Utama, citakan I, 2016; 14,5 x 21 cm.; 88 kaca

ANJAR LAWAN RAJA BANGSAT

Achmad Rustandi Anjar Lawan Raja Bangsat , mangrupa buku kahiji dina Serial Anjar, nyaritakeun cukang lantaran Anjar jadi murid Kiai Ngésti, jago silat sepuh nu kawentar di sakuliah Tatar Sunda sarta mangtaun-taun jadi buronan lantar­an ngabéla rahayat leutik ngalawan Walanda. Anjar sorangan, nu basa amprok jeung Kiai Ngésti kakara umur 15 taun, anak hiji-hijina ti randa sodagar nu kabeulit ku hutang urut sala­kina. Nempo indungna dihina rék dijieun kau­linan, manéhna keuheul lain meumeueusan nepi ka wani nub­les­keun keris ka Kopral utusan Haji tukang ngaréntenkeun duit téa. Anapon Raja Bangsat dina ieu buku nyaéta murid Kiai Ngésti manten anu asalna mémang bangsat tapi ditulungan ku Kiai Ngésti tur ngaku hayangeun babalik pikir, tapi sanggeus meunang élmu balik deui kana kahirupan bangsat, malah sempet maok Kitab Pusaka kagungan Kiai sagala. Edisi Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 60 kaca, Rp 16.000,-

KEMBANG BEUREUM

Disundakeun tina The Scarlet Pimpernel Baronéss Emmuska Orczy Kembang Beureum karangan Baronéss Emmuska Orczy (1865-1947) mangrupa sa­lah sahiji roman anu réa dibaca, lain baé di Ing­gris tapi di nagara-nagara séjén deuih. Ku sabab kacida populér jeung matak pogot nu macana, ieu buku ditarjamahkeun lain baé kana basa-basa Éropa, tapi ogé kana basa-basa Asia. Dina basa Indonésia ogé geus aya sa­babaraha tarja­mah­an, di antarana Pacar Mérah. Ari nu dijadikeun latar caritana révolusi Pe­rancis, waktu rahayat murba hudang ngarebut hakna ti raja anu sakama-kama da ngang­gap nagara téh anuna pribadi, apan kaca­pangana­na gé ”l’état cest moi” (nagara téh kami). Rahayat murba anu ngamuk ngu­wak-ngawik, lain baé ngarorod raja nepi ka dipaténi dina guillotine, tapi para ménak séjénna deuih. Para ménak anu ta­di­na milu curak-curak sakarepna jeung raja, ditarangkepan sarta diparabkeun ka gui­llotine. Nya dina waktu kitu, aya ménak Ing­gris anu ngadegkeun komplotan rasiah pikeun nulungan kao...

POTRET

Potret nyaritakeun kasang tukang kahirupan kota kawadanaan di Ta­tar Sunda samemeh perang, waktu menak masih keneh kumawasa tur dipika­serab ku cacah kuricakan. Ahmad Bakri kalayan tapis ngagambarkeun kabiasa­an sawatara menak nu cruk-crek kawin ka jalma cacah, tuluy ditinggalkeun sang­geusna boga budak. Dina ieu bu­ku, kacaturkeun hiji CA (dibaca Se-A, singgetan tina candidaat ambtenar, calon priyayi) anu karek dibenum tur ditugaskeun di hiji kota kawadanaan. Upas anu ngaping manehna sajeroning magang di dinya, Harja, engkena bakal kanyahoan yen ieu Upas teh dulur sabapa jeung ma­neh­na. Kitu deui anak tere wadana pangsiun nu rek ditikahkeun ka manehna, sihoreng adi sabapa. Ieu roman matak pogot di­bacana. Ahmad Bakri parigel pisan ngareka carita, pagu­nemana­na hirup tur humoris, direumbeuy ku mistéri leungit­na potret Juragan Se-A ti kamarna. Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 cm; 128 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

WIRA PAKUNCÉN

M.É. Nata Sukarya Lantaran hayangeun pisan boga mi-nantu ménak, Wira ngabedokeun panglamar kolotna Ahman, papacangan anakna, Nyi Erum. Padahal antara Ahman jeung Nyi Erum téh geus pakait pikir rék sapapait samamanis. Ceuk angkananana, bébésan an jeung ménak mah tangtu bakal ngangkat darajat dirina satata jeung ménak. Tapi éta ambisi téh henteu kacumponan, lantaran “pibésaneunana” henteu nyaluyuan anakna meunangkeun Nyi Erum, da lain babad téa, cenah. Ari Ki Wira téh asalna mah jelema malarat, ngumbara ka Déli, sarta waktu balik deui ka lemburna jadi jelema beunghar. Ngan hanjakal robah adat jeung kalakuanana, ngarasa martabatna leuwih ti batur salemburna. Kalakuanana geus ngalantarankeun anakna jeung pamajikanana, hilang mulang ka asal. Satuluyna Ki Wira jadi jelema nu sangsara tur ngalaman tunggara nu pohara gedéna. Dina sésa-sésa hirupna manéhna jadi pakuncén di pamakaman Pasirkunci. Édisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2013; 14,5 x 21 cm; 146 kaca; Rp 37.000,-

SRIE SUNARSASI

Srie Sunarsasi nyaritakeun mahasiswi tingkat tilu jurusan Hubungan Internasional UGM anu dilamar ku dosenna, Profesor Ahmad Ghazali, budak ngora nu nyongcolang jadi guru besar. Srie geus terangeun yen Ahmad Ghazali teh boga kassakit anu umurna dipastikeun ngan tinggal sataun dua taun deui. Dijurung ku cinta nu agung tur suci jeung tekad hayang jadi jelema anu boga harti keur nu sejen, Srie narima eta panglamar. Sabada ditinggalkeun maot ku salakina, Srie ngarasa kaleungitan jalma anu bisa jadi gunung pananggeuhanana, hususna dina ngadidik anakna. Untung aya mahasiswa sajurusanana, Ibrahim Musa, anu bisa jadi batur pakumaha tur sakaligus bisa jadi tempat balabuh benci jeung jiwana. Jejer carita ieu roman dikasangtukangan ku kaayaan pulitik nasional samemeh peristiwa Gestapu (G-30-S/PKI) anu mangaruhan sakumna kagiatan mahasiswa di Indonesia, pangpangna di Yogyakarta jaman harita, nalika pangarangna masih mahasiswa. Kiblat Buku Utama, 2013; 14,5 x 21 cm; 148 kaca Beli di  Tokopedia ...

ARCA

Arca nyaritakeun awewe anu ririwit ku kassakit, ngadongsok ka salakina sangkan ngawangun imah sorangan—henteu ngahiji jeung kolotna deui. Samemeh pindah imah, salakina ditugaskeun ku kantorna ka mancanagara. Kahayang Asti pindah ka imah anyar ahirna laksana karena dibantuan ku baturna mangsa keur sakola. Hanjakal kaayaan jiwana anu labil ngalantarankeun manehna tisoledat ngalakukeun perbuatan nirca. Perasaan dosa dikarenakan eta perbuatan teh dihubungkeun jeung arca Calon Arang sarta Banaspati nu aya di imah anyarna, jeung kasakitna anu kanceuh deui nyababkeun ambekanana pegat sapisan. Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2021; 14,5 x 21 cm.; 60 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SITI RAYATI

Siti Rayati dianggap salah sahiji karya pangpentingna dina sastra Sunda klasik awal abad ka-20. Siti Rayati ge dianggap carita munggaran di Indonesia (lain wae dina basa Sunda) dan ngagambarkeun kasangsaraan buruh kontrak karena kasawenang-wenangan pagawe kontrak bangsa Walanda. Dina mangsana, ieu roman dipikaresep ku nu macana jeung loba mangaruhan roman-roman lianna dina basa Sunda. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

KIRTI NJUNJUNG DRAJAT

Obah-mosiking pikirane Darba (paragatama, tokoh utama novel iki, sing ana ing awal cerita iki lagi magang dadi priyayi wis entuk rong taun) anggambarake obah-mosiking pikirane saperangan nonoman awal abad ka-20. Darba, anak priyayi jajar, mikir yen ajen-inajen kapriyayen ing jaman kang arep tumeka mesthi bakal saya surud. Ajine uwong, miturut pamikire Darba, ora dumunung ana status kapriyayen nanging gumantung marang kepinteran, pakaryan lan budi pakertine. Lan iki mau kabeh disuprih dening Darba—kalawan sregep nyinau apa bae sing migunani kanggo panguripan lan pangupajiwa, tumemen makarya lan tansah becik enggoning sesrawungan karo sapepadha. Miturut pengarange, Darba bisa dadi gegambarane “uwong” Jawa kang mengkone dibutuhake dening jaman kang arep tumeka, yaiku jaman merdhika lan luwih maju. Kirti Njunjung Drajat yasane Jasawidagda (cithakan kaping siji taun 1924) iki uga isa dadi dokumentasi sejarah lan alam pikiran dalah budaya Jawa mangsa samana. Kiblat Buku Utama, 2012; 14,5 x 2...

SURAT WASIAT

Samsoedi Dina ieu buku dicaritakeun Sunyoto, rumaja nu indit ka Jogja néangan akina, nu cenah beunghar lantaran boga usaha pabatikan di Jogja—saperti kaunggel dina surat wasiat titinggal bapana, nu dititipkeun ka Pa Murdiam, bapa pulung éta budak. Inditna Sunyoto ka Jogja lantaran diperdaya ku Wa Arsim, lanceukna Pa Murdiam, basa Pa Murdiam gering ripuh. Di Jogja, Sunyoto ngalaman kajadian-kajadian anu matak pikasediheun jeung pikarunyaeun: kaleungitan duit, dikaluarkeun tina pagawéan di rumah sakit, dipitenah di tempat gawéna di kamasan Pa Diryo. Ku sabar jeung tawekal  ka Mantenna dibarengan ku usaha, ahirna manéhna bisa papanggih jeung akina. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 54 kaca; Rp 15.000,-

WASTU KANCANA

Yoséph Iskandar   Kalayan tapis Yoséph Iskandar geus hasil ngahirupkeun deui pangalaman Wastu Kancana sanggeus ibu ramana sareng Citraresmi tiwas  di Palagan Bubat. Kalayan alpukah pamanna, Mangkubumi Bunisora Suradipati anu dijenengkeun jadi Ratu Sunda—nyuluran putra-makuta anu can sawawa, Wastu Kancana dikirim ka Mandala Binayapanti, pikeun digodog jadi satria utama jeung taméng nagara Sunda. Tapi waktu terangeun yén kulawargana geus ngemasi pati alatan ditipu ku Gajah Mada, Wastu Kancana murka sabab kuduna mah Nagri Sunda ngabéla kahormatan nagara males pulih ka Majapait. Sabalikna,  Bunisora Suradipati boga pamadegan yén kangaranan perang mah bakal nyangsarakeun rahayat jeung ngorbankeun nagara. Pamustunganana, saméméh nyanggupan diistrénan jadi Ratu Sunda, Wastu Kancana ngalalana pikeun nambahan luang jeung pangaweruh. Mimitina indit ka Pakuan Pajajaran, tuluy guguru di padépokan Susuk Lampung, nepi ka kataji ku nu geulis Déwi Sarkati. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 ...

PRABU WANGISUTAH

Yoséph Iskandar Prabu Wangisutah , roman sajarah nu ditulis dumasar kana naskah-naskah Pangéran Wangsakerta, terasna tina Wastu Kancana (Pusat Studi Sunda, 2012).  Sabada mulang ka Kawali, Wastu Kancana teu puruneun gancang-gancang diistrénan jadi papayung nagri, jeneng ratu jadi prabu. Sabab nurutkeun anggapanana jadi raja Sunda téh teu gampang. Kudu tanggoh dina wates bebeneran mun hayang raharja sapangeusi alam dunya. Waktu dicaritakeun ngeunaan hubunganana jeung putri Maharesi Susuk Lampung, Prabu Bunisora harita kenéh ngirimkeun utusan pikeun ngalamar Déwi Sarkati jadi praméswari. Hanjakal pasilingsingan, Déwi Sarkati geus indit ka Nagri Sunda nyusulan Wastu Kancana. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 108 kaca; Rp 27.000,-