Langsung ke konten utama

MERCEDES 190

Ramena anu maraca narulis pamanggihna ngeunaan Mercedes 190 ném­bongkeun yen eta carita teh memang pada ma­raca, pada mikaresep.

Nurutkeun pamanggih Muh. Rustandi, carita (sastra) teh kudu dipi­ka­resep ku nu macana; padahal karya-karya sastra In­donesia moderen beunang para sastra­wan ngora sidik henteu dipika­re­sep ku nu maracana, jadi henteu dibara­ca. Rustandi nganggap yen para sas­tra­wan Indonesia nurutan teuing para sastrawan Barat, nepi ka hen­teu wanoh ka nu maraca karya-karyana, nyaeta bangsana sorang­an. Nepi ka aya nu boga anggapan yen karya sastra anu luhur ajenna mah nyaeta anu hese dihartikeunana ku nu maracana. Muh. Rustandi hayang nga­buktikeun yen karya sastra anu hade, anu luhur ajenna oge bisa dipikaresep ku nu maracana. Mercedes 190 dianggap conto nu ngabuktikeun pamanggihna tea. ~ Ajip Rosidi

Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 cm; 112 kaca; Softcover
Beli di TokopediaShopeeLazada, dan Bukalapak