Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label carita jurig

BURAK SILUMAN

Tapi dina hiji peuting bet saking dumadak tengah peuting meujeuhna jempling Nyi Asmanah lilir, kung... kung... dedengeanana sada goong wayang. Korejat hudang curinghak, Arjuna geus kadeuleu bae. ”Nyai, Nyai!” cenah sadana ti buruan, sidik sora arjuna. Nyi Asmanah teu ngurus dangdan heula, kojengkang ka panto rek indit. Inget kana papakean nu dipake geus barelel, balik deui kana geledeg, cupu-capa mapay bilik, wantu poek meredong.... Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 68 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

NGAWADALKEUN NYAWA

Ngawadalkeun Nyawa minangka karya Moh. Ambri nu panghadena, lantaran dina ieu roman katempo yen Ambri terang pisan kana alam pikiran urang Sunda jeung tradisi Islam anu geus nyerep dina kahirupan urang Sunda. Dina ieu roman oge, kaciri kabeungharan imajinasi Ambri, di antarana, nalika ngalu­kiskeun kaayaan imah Ki Sudagar (ieu su­da­gar teh anu nurunkeun Nyi Sarimaya, istri anu jadi para­gatama [tokoh utama] ieu roman—anu ngurbankeun maneh keur hirupna carogena). Kaciri deuih kawanoh nu jero Ambri kana alam pikiran para kyai (ajengan) nalika anjeunna nyaritakeun Ki Datawardaya (minantu Ki Sudagar) anu mila­rian calon caroge keur Nyi Sarimaya. Sacara tapis ku Ambri dipesek yen henteu sakabeh anu nyuprih elmu kaagamaan di pasantren teh karana Allah, rereana mah malah boga niat keur kapentingan sorangan. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 78 kaca, Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

MUNJUNG

Ilaharna nu keur ngaronda, sok ngawangkong ngaler-ngidul. Kitu deui basa hiji peuting Salhiam saparakanca ngariung di garduh. Mimitina nyaritakeun kasusah hirup, usaha nu taya menyatna, atawa malarat saendeng-endeng. Brasna kana ngalamun, pada-pada hayang beunghar. Terus medar dongeng paripolah jalma-jalma sasar-lampah, nu hayang beunghar ku cara muhit ka dedemit muntang ka siluman. Naha enya aya jalma-jalma nu nyiar harta ku cara munjung? Karangan-karangan Moh. Ambri, geus hamo bireuk deui. Basana lancar, henteu rea pangraeh, sarta jejerna museur dina kanyataan. Jejer carita dina Munjung, saperti nu ngipri, nyegik, ngingu kecit, jeung sabangsana, saenyana mah apan carita nu dicaritakeun deui, dumasar kana pangalaman tokoh-tokoh nu keur ngawangkong. Percaya atawa henteuna mah, nyanggakeun. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm; 58 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

HAREWOS NU GAIB

Carita Ki Umbara umumna miboga amanat moral anu ngélingan nu macana sangkan ulah migawe lampah anu pasalia jeung ajaran agama, dina hal ieu agama Islam. Soal moral umumna jadi dasar utama carita Ki Umbara saperti dina carpon “Harewos nu Gaib upamana. Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2020; 14,5 x 21 cm.; 112 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

JURIG GEDONG SETAN

Wildan, mahasiswa “miskin” ti Cirebon, nyicingan imah nu rea jurigan. Basa ngamimitian nyicingan eta imah, pabebeurang aya awewe beunghar umur lima puluh taunan, hayang maturan manehna cicing dinya. “Tumut kana pituduh nu gaib,” cenah. Kumaha polah Wildan jeung Si Ema nyanghareupan para ponggawa jurig? Naha terus dirogahala? Rereana carpon dina ieu buku nyaritakeun jurig cara nu hirup dina alam pikiran urang Sunda, kalawan gaya carita nu pikaresepeun sarerea, kaasup... jurigna boa. Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2020; 14,5 x 21 cm.; 100 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Bukalapak