Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Dedy Windyagiri

DI NAGRI KATUMBIRI

Kecap, kalimah katut wirahmana lir geus gumulung jadi jenglengan khas Dedy Windyagiri anu misah ti parapanyajak sejen anu ka-dang-kadang tacan bisa ngalesotkeun tina ugeran kecap, kalimah katut adumanisna dina wangunan puisi. ~ H. Usep Romli H.M, Galura, Minggu IV, Agustus 1990 Dangding-dangding karya Dedy Windyagiri teh umumna pikabogoheun. Parantos kantenan ari perkawis aturan guru-lagu sareng guru-wilangan mah (da puguh sarat), ngatur pedotanana oge asa marerenah, bari taliti milih kecap. Dina ayana purwakanti estu basajan sahinasna tapi teu ilang endahna. Genah ditembangkeunana. ~ Apung S.W, Panganteur kumpulan dangding Jamparing Hariring, 1991 Kiblat Buku Utama, 2009; 14,5 x 21 cm; 96 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SISINDIRAN JEUNG WAWANGSALAN ANYAR

Sisindiran jeung Wawangsalan Anyar beunang Dedy Windyagiri bisa jadi buku lain munggaran ngeunaan sisindiran jeung wawangsalan. Samemehna kungsi terbit buku Wawangsalan jeung Sisindiran beunang RE Bratakusuma jeung Mas Adinata nu medali samemeh perang di Bale Pustaka. Dina ieu buku mah urang bakal manggihan leuwih ti 150 sisindiran jeung leuwih ti 200 wawangsalan, ditambah wawangsalan rineka dangding pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula, kabehanana sisindiran jeung wawangsalan anyar. Nitenan wawangsalan anu aya dina ieu buku kabuktian wawangsalan teh heunteu ngan ulukutek dina belut sisit saba darat, teu beunang disupa dulang, teu beunang dihurang sawah bae. Ngaran ibu kota hiji nagara, ngaran kleup maen bal, ngaran jago tinju legendaris, ngaran jago maen bal legendaris, ngaran wayang, ngaran ramo limaanana, jeung sabangsana bisa jadi ungkara wawangsalan anu teu less-kurang payusna. Kiblat Buku Utama, 2019; 14,5 x 21 cm; 76 hal. Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,...