Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Sajarah

MAJALAH SUNDA: WANDA JURNALISTIK SUNDA NGALAWAN KOMUNIS

Salasahiji akibat negatif tina teknologi informasi anu geus sakieu majuna nyaéta mahabuna informasi bohong (hoaks) dina media sosial nepi ka urang saréréa bingung. Lamun urangna percaya kitu waé akibatna bisa nimbulkeun kasimpulan anu salah. Malah média tradisional ogé, naha média citak, média éléktronik atawa média online, dina nepikeun opini ka public téh mindeng kurang merhatikeun kaédah jurnalisme anu pangdasarna karena leuwih mihak kana kapentingan pihakna sorangan. Majalah Sunda , sanajan umurna teu lila ukur kurang ti tilu taun (1965-1967), tapi dina mangsa-mangsa kaayaan sosial pulitik keur meujeuhna pabeulit, geus némbongkeun kumaha pentingna idéalisme dina nembrakkeun fakta anu akurat henteu katutumpangan ku kapentingan saharitaeun, nepi ka bisa dipaké tuduh jalan ku anu maracana. Ieu buku ditulis ku Abdullah Mustappa (wartawan senior, kolumnis, sastrawan) bari diloyogkeun kana kaayaan ka dieunakeun anu katimbang henteu saimbang dina ngungkab deui kajadian-kajadian anu luma...

SÉNAPATI BALANGANTRANG

Saléh Danasasmita Dina ieu buku Saléh museurkeun tilikanana kana bubuk leutikna “intrik jeung barébédan pulitik” di sabudeureun karaton Galuh dina abad ka-7 jeung ka-8 Maséhi. Nu maca diajak wawanohan jeung tokoh-tokoh sajarah rundayan Wreti kandayun, putra bungsu Prabu Kandiawan nu nyakrawati di Medang Jati. Wretikandayun jumeneng raja ngagentos ramana dina taun 612 kalayan ngadegkeun karaton anyar nu katelah Galuh alias Permata. Demi Sénapati Balangantrang, anu jadi puseur perhatian dina ieu buku, éta téh putuna Wretikandayun ti putrana anu kadua, nyaéta Jantaka. Balangantrang téh jujuluk pikeun Bimaraksa anu dibabarkeun taun 653. Nya pangalaman Balangantrang ti mangsa ka mangsa nu dijieun galuring pedaran sajarah dina ieu buku. ~ Haw é Setiawan Citakan I, 2014; 14,5 x 21 cm; 56 kaca; Rp 14.000,-

WASTU KANCANA

Yoséph Iskandar   Kalayan tapis Yoséph Iskandar geus hasil ngahirupkeun deui pangalaman Wastu Kancana sanggeus ibu ramana sareng Citraresmi tiwas  di Palagan Bubat. Kalayan alpukah pamanna, Mangkubumi Bunisora Suradipati anu dijenengkeun jadi Ratu Sunda—nyuluran putra-makuta anu can sawawa, Wastu Kancana dikirim ka Mandala Binayapanti, pikeun digodog jadi satria utama jeung taméng nagara Sunda. Tapi waktu terangeun yén kulawargana geus ngemasi pati alatan ditipu ku Gajah Mada, Wastu Kancana murka sabab kuduna mah Nagri Sunda ngabéla kahormatan nagara males pulih ka Majapait. Sabalikna,  Bunisora Suradipati boga pamadegan yén kangaranan perang mah bakal nyangsarakeun rahayat jeung ngorbankeun nagara. Pamustunganana, saméméh nyanggupan diistrénan jadi Ratu Sunda, Wastu Kancana ngalalana pikeun nambahan luang jeung pangaweruh. Mimitina indit ka Pakuan Pajajaran, tuluy guguru di padépokan Susuk Lampung, nepi ka kataji ku nu geulis Déwi Sarkati. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 ...

PRABU WANGISUTAH

Yoséph Iskandar Prabu Wangisutah , roman sajarah nu ditulis dumasar kana naskah-naskah Pangéran Wangsakerta, terasna tina Wastu Kancana (Pusat Studi Sunda, 2012).  Sabada mulang ka Kawali, Wastu Kancana teu puruneun gancang-gancang diistrénan jadi papayung nagri, jeneng ratu jadi prabu. Sabab nurutkeun anggapanana jadi raja Sunda téh teu gampang. Kudu tanggoh dina wates bebeneran mun hayang raharja sapangeusi alam dunya. Waktu dicaritakeun ngeunaan hubunganana jeung putri Maharesi Susuk Lampung, Prabu Bunisora harita kenéh ngirimkeun utusan pikeun ngalamar Déwi Sarkati jadi praméswari. Hanjakal pasilingsingan, Déwi Sarkati geus indit ka Nagri Sunda nyusulan Wastu Kancana. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 108 kaca; Rp 27.000,-

AJAR KUTAMANGU

Yoséph Iskandar Ajar Kutamangu nyaritakeun pangalaman Ajar Kutamangu adina Pamanahrasa di karajaan Talagamanggung, di wewengkon Talaga, salah sahiji kacamatan di Majaléngka ayeuna. Di ieu karajaan, Ajar Kutamangu mantuan Simbarkancana—putri raja Talagamanggung—numpes komplotan anu maéhan ramana. Singhoréng éta komplotan téh diluluguan ku carogé sang putri sorangan. Ajar Kutamangu téh salah sahiji novel tina ranggeuyan novel sajarah karya Yoséph Iskandar ngeunaan sajarah Karajaan Sunda anu ditulis dumasar kana Naskah-naskah Pangéran Wangsakerta . Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 96 kaca; Rp 24.000,-

TRI TANGTU DI BUMI

Yoséph Iskandar Tri Tangtu di Bumi mangrupa roman sajarah nu ngagambarkeun pangalaman Pamanah Rasa, putra Prabu Déwa Niskala ti Kawali, nu ngumbara ka kalér, nikah ka Nyi Ambetkasih tuluy ka Putri Subanglarang nu ngalahirkeun Walangsungsang, Larasantang, jeung Sangara nu ngagem agama Islam milu ka indung. Pamanah Rasa ogé dipulung mantu ku Prabu Susuktunggal di Pakuan. Malah waktu aya pakétrok paham antara mitoha jeung bapana, Pamanah Rasa nu geus diangkat jadi Prabu Anom di Pakuan, mihak ka mitoha, da cék anggapanana bapana ngalakukeun kasalahan. Inyana usaha satékah polah supaya pakétrokna éta dua raja téh teu nimbulkeun peperangan antara dua nagara nu asalna hiji, nyaéta Sunda. Salian ti éta, Pamanah Rasa nénjo aya bahaya nu jolna ti Demak nu geus Islam. Yoséph lain baé némbongkeun panemuna ngeunaan sajarah Sunda, tapi alus deuih dina ngagambarkeun tokoh-tokohna tur sacara tapis ngamangpaatkeun unsur-unsur carita pantun. Citakan I, 2011; 14,5 x 21 cm.; 92 kaca; Rp 22.000,-

TANJEUR NA JURITAN JAYA DI BUANA

Tanjeur Na Juritan Jaya di Buana ngagambarkeun kamekaran sajarah jeung kaayaan katut kahirupan urang Sunda dina mangsa di Tatar Sunda ngadeg Karajaan Sunda dina abad ka-14 nepi ka abad ka-16. Kalawan ngagunakeun sumber-sumber tina naskah-naskah Pangeran Wangsakerta jeung naskah-naskah dina basa Sunda kuna anu nepi ka ayeuna geus kabuka ku para ahli, Yoseph tapis pisan ngagambarkeun kahirupan jeung alam pikiran tokoh-tokohna, di antarana Prabu Bunisora ​​​​Suradipati anu jadi raja Karajaan Sunda sanggeus rakana, Prabu Maharaja Linggabuana tiwas di Bubat, anu geus hasil ngadidik dasar-dasar kawijaksanaan ka Pangeran Niskala Wastu Kancana anu leuwih mentingkeun karaharjaan hirup rayatna ti batan ngagedurkeun peperangan. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm; 164 hal. Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak  

NGALANGLANG KASUSASTRAAN SUNDA

Ngalanglang Kasusastran Sunda mangrupa kumpulan karangan hasil konfrontasi Ajip Rosidi jeung sawatara sastrawan Sunda katut hasil sastrana, boh eusina boh wangunanana, ti mimiti jaman sastra lisan nepi ka jaman angkatan sabada perang. Anu disorot di antarana: carita pantun Lutung Kasa­rung, Purnama Alam, jeung Hasan Mustapa, dua buku jeung hiji tokoh sastra nu pilih tanding dina kasusastran Sunda. Kiblat Buku Utama, 2009; 14,5 x 21 cm.; 232 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

PUTRI SUBANGLARANG

Yoséph Iskandar Pamanahrasa nurut, bari usad-ésod, diukna ngésér ka pale­bah amparan gigireun Syéh Ahmad. Luk tungkul murungkut jiga kuuk. Santri-santri nu geus réngsé daharna, loba nu kalaluar ti jero masjid. Nu kamerekaan, gura-giru muru walungan. Di jero mas­jid katempo rada coréngcang. Nyai Subanglarang imeut nalingakeun lalaki anyar pinanggih nu diuk gigireun Syéh Ahmad. Sabot kitu, Pamanahrasa nyeng­katkeun tungkulna. Prok paadu teuteup jeung Nyai Subanglarang. Seblak! Aya nu nyeblak na angen-angen Nyai Subanglarang, bareng jeung nyeblakna Pamanahrasa. Citakan I, 2009; 14,5 x 21 cm.; 105 kaca; Rp 27.000,-

PRABU ANOM JAYADÉWATA

Yoséph Iskandar Pamanahrasa teu wani ngarérét-ngarérét acan ka pamajikanana. Dirina loba rasa rumasa. Rumasa lain jajaka. Rumasa geus boga pamajikan. Rumasa umurna pajauh jeung Nyai Putri Kentring Manik Mayang Sunda. Leuwih jauhna deui, rumasa teu pantes dirina nyandingkeun nu geulis kawanti-wanti, éndah­na kabina-bina. Antukna asa percaya asa henteu kana éta ka­jadian. Can gé palér ku karumasaanana, Prabu Susuk Tunggal ngabéwarakeun ka balaréa, yén Pamanahrasa poé éta kénéh dijenengkeun jadi Prabu Anom, kalawan jujulukna Prabu Anom Jayadéwata. Citakan I, 2009; 14,5 x 21 cm.; 95 kaca; Rp 24.000,-

PAMANAHRASA

Sabot papencrong-pencrong, manehna mapatkeun jampe pamere Ki Hulujurit, ”Rampes nu kadeuleu! Rampes nu kaambeu! Rampes nu kadenge! Amun dia eudeuk nganjang deuk ngaliwat milu reureuh! Tapi, amun dia lunta lugay alas sabab salah, geura dia mulang! Dia ngaton ka Guru Alas dia! Amun dia ngabadigul di lampah dia, nya kujang pikongkorongeun dia, eujeung gobang pikarembongeun dia! Hus!” Dikitukeun teh eta maung lodaya nu sakitu borongo-ngongna, ngarumpuyuk, brek depa taya tangan pangawasa, lir kapas kaibunan! Huluna kalah unggut-unggutan, peureum bari ngaletakan suku hareupna nu nyodor ka hareup. Pamuluna pikarunyaeun, pasrah rek dibeureum rék dihideung, mikeun badan sakujurna. ”Lempay! Kami rek ngalalana, mun dia sadrah sarua ngarasa kumelipna, mun dia suka, kami menta suku sinambungan, titip lengkah sangkan kami teu rundag-randeg!” ceuk manehna ku ati nu wening jeung pamulu nu béar marahmay. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 100 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Laza...

PANGERAN KORNEL

Tapi aneh, beda tina sangkaan, gelap téh diarap-arep teu disada, sabab Tuan Marsekalek kaburu kaget ku pepetaanana pangawulaan olohok kawas nu leungiteun akal. Ari nu jadi ngagetkeun ka Tuan Besar nyaeta barang song anjeunna ngasongkeun panangan, ku Dalem Sumedang diterimana ku panangan kiwa, sabab nu tengen mah dianggo nyepeng landean keris, nu geus beunang ngagilirkeun ka payun. Ari lilir tina hookeunana reup rarayna Tuan Marsekalek beureum, socana muncereng, waosna kekerot, bendu ngagugudug, duméh ngaraos diunghak. Kawasna lamun teu emut kana kajatnikaan salira, palay gampleng bae neunggeul ku tetekenna. Sakur nu narenjo pada bengong, beungeutna ngadadak parias, inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang, sieun goreng balukarna. Saha nu teu rek mangsalempangkeun ka Dalem Sumedang, sabab cek babasan teh mah pacikrak ngalawan merak, bonteng ngalawan kadu. Tangtu bae anjeunna anu cilaka, sabab ari Tuan Besar mah anu kagungan kakawasaan sattanah Hindia, kawasa mocot, kawasa ngah...

ONOM JEUNG RAWA LAKBOK

R.A. Danadibrata Juragan Wadana barang ngadangu Karta ngomong kitu, gancang balik deui, jeung rada hésé leumpang gé da diparun­tangan ku duaan. Barang palebah péngkolan ngalieuk kana urut tadi, bener waé poék méh teu katénjo curuk-curuk acan. Camat jeung Karta muntangna ka Wadana beuki pageuh waé. Tata­beuhan nu tadina kadéngé ngungkungan bet jadi jempling teu kadéngé sorana. Juragan Wadana di dinya ngajanteng ngadeg salila-lila bari maca istigpar sarta ngusap raray bisi téténjoan palsu atawa ngimpi, tapi tétéla téténjoan bener. Haté kagét jeung héran luar biasa, malah saumur dumelah kakara ngala-man kasulap kitu. Ngusap beungeut gé henteu sakali waé maké aya kana dua-tilu kalina, tétéla, yén lain ngimpi atawa ngalindur. Citakan I, 2009; 14,5 x 21 cm.; 94 kaca; Rp 23.000,-

SEMPALAN TINA TAREH

Dina carita-carita tareh Ki Umbara, kayakinan tau­hid jeung kaihlas dina enggoning nyiar rido Allah teh jadi karasa kongkrit ku sabab dumasar kana kanyataan sajarah, lain ngan wungkul hasil ima­ji­nasi pangarangna. Ku metik carita tina tareh, Ki Umbara mere conto nyata ngeunaan praktek tau­hid jeung neangan rido Allah anu didadasaran ku kaihlas dina enggoning nyanghareupan jeung narima kadar anu tumiba minangka hasil ngaja­lan­keun kawajiban tea. Maot dina enggoning nga­ja­lankeun kawajiban lain hal anu kudu dising­kah­an, tapi diteangan sabab mangrupa jalan kana syahid—kamulyaan maksimal ahir hirup unggal Muslim. — Ajip Rosidi Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 120 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

NYUKCRUK SAJARAH PAKUAN PAJAJARAN JEUNG PRABU SILIWANGI

Drs. Saléh Danasasmita; Panganteur: Prof. Dr. édi S. ékadjati (Dilélér Hadiah LBSS 2004) Langka ahli sajarah urang Sunda tur nulis dina ba­­sa Sunda téh. Salasaurangna nya almarhum Saléh Danasasmita. Pedaranana ngeunaan saja­rah Sunda anu pohara pentingna réa dimuat dina majalah Sunda antara taun 1960-1970-an. Gé­déng­eun éta, pedaranana nu ilmiah teu matak nga­wagu anu maca, lantaran basana tetep komu­nikatif. “Dina unggal artikel Kang Saléh satékah polah nga­jawab pertanyaan anu muncul di masarakat ngeunaan rupa-rupa hal anu pakait jeung sajarah Karajaan Sunda...” — Prof. Dr. édi S. ékadjati Citakan I, 2003; 14,5 x 21 cm.; 148 kaca; Rp 29.000,-

NU TAREUNEUNG - Carita Pahlawan Islam

Nu Tareuneung teh midangkeun carita-carita tareh. Tangtuna ge sumberna tina tareh Islam nu dipikawa­noh ku balarea, nu sok dicaritakeun dina khutbah ata­wa dimuat dina buku jeung majalah. Ku Ki Um­ba­ra dirah deui dina basa Sunda. Henteu nga­geb­leg jiga carita sajarah. Ieu mah sempalanana anu bi­sa dibaca misah-misah. Nu dicaritakeun teh kateu­neung para sahabat Nabi dina enggoning ngabela jeung ngadegkeun ko­mara Islam. Alus jeung bacaeun barudak. Jang kolot ge gede mangpaatna. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak