Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Saduran

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram...

SI KABAYAN JADI DUKUN

Moh. Ambri Jadi dukun soténan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem, pamajikanana, nu sasat jadi cukang lantaranna mah. Manéhna hayang males kanyeri ka salaki pédah kungsi ditampiling. Basa kadatangan sémah nu néangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yén Si Kabayan téh dukun anu kamatihanana moal aya bangsana. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daék ngaku jadi dukun kajaba mun ditampilingan heula. Nya sanggeusna disiksa ku deungeun-deungeun bari jeung teu nyaho naon kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daék dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak sudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rék dikawinkeun ku bapana. Ari saenyana mah Nyi Hasanah téh pipireuan. Manéhna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus pakait pikir jeung Agus. Agus nyamur jadi pangiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bébénéna. Teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh guyur.  Tah, kumaha ari geus kitu? Saé diaos baé. Matak pogot ...