Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Samsoedi

SI BOHIM JEUNG TUKANG SULAP

Tokoh dina ieu carita, Si Bohim, anak tukang patri di lembur, nu kahirupanana basajan pisan. Si Bohim teu kungsi tamat sakola dasar, sabab kababawa teu bener ku baturna, Si Kardun, anu bengal. Malah dina hiji waktu Si Bohim garelut, kakadék ku pakarang anu tuluy jadi tatu parna. Tina éta kajadian Si Bohim babalik pikir: daék sakola nu bener. Ngan waé kudu ka kota sabab éra ari kudu balik ka urut sakolana mah. Di kota manéhna dititipkeun di kapi bibina. Ngan, dasar nasib, manéhna kudu balik deui ka lembur. Lantaran geus insap, Si Bohim saregep digawé mantuan kolotna. Dina hiji time, aya tukang sulap nu kabeneran ngamén ka lemburna jeung tuluy mondok di imahna. Tukang sulap, urang India, ménta Si Bohim mantuan manéhna ngamén. Saprak mantuan tukang sulap, Si Bohim diajar maén sulap nepi ka mahér. Ku kituna sabada tukang sulap maot, manéhna jadi gantina. Si Bohim bisa menghirup tina ladang maen sulap. Ngan, manéhna teu tulus jadi tukang sulap, karena ditipu ku batur. Ieu carita, saperti ...

BUDAK TEUNEUNG

Kahirupan Warji, budak yatim umur sawelas tahun, kacida balangsakna, katurug-turug deuih ku barudak papantaranana remen dijailan, pangpangna ku Si Begu jeung Si Utun. Tapi manéhna teu weléh sabar. Dina hiji poé, Warji nulungan Asép Onon, anak lurah, anu tigebrus ka sumur burung di kebon awi. Ti kajadian harita, Asép Onon jadi malik nyaah ka Warji. Ku Pa Lurah, manéhna dijeujeuhkeun jadi tukang ngangon munding. Ari peutingna, Warji sok diajar maca jeung nulis ka Asép Onon, tepi ka ahirna ku Pa Lurah dijenengkeun jadi jurutulis. Sabalikna, ari Si Begu jeung Utun mah ka gedénakeun téh beuki teu eucreug, tepi ka ahirna jadi bangsat gerot, tur maranéhna ludeung maling munding anu Pa Lurah. Basa Si Begu jeung Utun keur babagi duit hasil ngarampog, kaperego ku Warji. Tah, kumaha Warji nyanghareupan éta dua bangsat gerot téh?  Samsoedi;  Citakan ka-4, 2016; 14,5 x 21 cm; 56 kaca

CARITA BUDAK MINGGAT

Carita Budak Minggat ngalalakonkeun Si Kampeng--budak umur 16 taun, anu minggat lantaran ngadupak bapa terena nepi ka sirahna getihan lantaran tidagor kana juru tihang imah. Dina miminggatan salila kurang-leuwih 10 bulan, Si Kampeng kungsi jadi kuli kontrak di Deli jeung Bengkalis. Kungsi deuih nulungan kuli bangsa Cina anu rek dikerekeb ku maung. Ku sabab leukeun diajar tur kaasup budak calakan, manehna bisa jadi tukang batu jeung tukang kai. Ahirna, manehna bisa balik deui ka Bandung kalawan salamet bari meunang pangalaman anu kacida munelna tur mawa duit ladang gawena di Sumatra. Kiblat Buku Utama, 2018; 14,5 x 21 cm; 124 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SURAT WASIAT

Samsoedi Dina ieu buku dicaritakeun Sunyoto, rumaja nu indit ka Jogja néangan akina, nu cenah beunghar lantaran boga usaha pabatikan di Jogja—saperti kaunggel dina surat wasiat titinggal bapana, nu dititipkeun ka Pa Murdiam, bapa pulung éta budak. Inditna Sunyoto ka Jogja lantaran diperdaya ku Wa Arsim, lanceukna Pa Murdiam, basa Pa Murdiam gering ripuh. Di Jogja, Sunyoto ngalaman kajadian-kajadian anu matak pikasediheun jeung pikarunyaeun: kaleungitan duit, dikaluarkeun tina pagawéan di rumah sakit, dipitenah di tempat gawéna di kamasan Pa Diryo. Ku sabar jeung tawekal  ka Mantenna dibarengan ku usaha, ahirna manéhna bisa papanggih jeung akina. Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 54 kaca; Rp 15.000,-

CARIOS PEPERANGAN DIPANEGARA

Samsudi Walon Pangéran Dipanegara, “Urang karumpul di dieu téh keur musawarat, lamun tékad anjeun kitu, sarua baé jeung nipu ka jalma anu dibawa musawarat ku anjeun.”  … babadamian gagal. Jéndral de Kock nangtung tuluy maréntah ka opsirna supaya nangkep Pangéran Dipanegara jeung sakabéh pangiringna. Pangéran Dipanegara tuluy lungsur ti gedong permusawaratan diiringkeun ku opsir Walanda. Saenyana hal ieu téh ku Pangéran Dipanegara geus kamanah pibalukareunana, tapi anjeunna tetep nyepeng kahormatan salira ku anjeun: nyaéta hormat kana “tata tertib” permusawaratan. Kitu ahir carita perjoangan Pangéran Dipanegara merangan Pamaréntah Walanda, anu ngagaduhan tujuan suci ngamerdikakeun nusa, bangsa jeung agama tina penjajahan bangsa deungeun. Ku lantaran tujuan sarta usaha-usahana pikeun ngawujudkeun éta tujuan, pantes pisan yén Pangéran Dipanegara diangkat jadi “Pahlawan Nasional”. Citakan I, 2011; 14,5 x 21 cm.; 96 kaca; Rp 24.000,-

JATINING SOBAT

Jatining Sobat ngalalakonkeun pangalaman Minta, budak lalaki anu hirupna balangsak sanggeus bapana kabejakeun maot di pangberokan, ari indungna lunta teu puguh raratanana. Kapaksa manehna kudu cicing di emangna, tapi teu betaheun, lantaran anu dicicinganana teh gegedug bangsat. Ahirna ieu budak teh minggat ti imah emangna. Dina kaayaan kadungsang-dungsang, Minta jonghok jeung sobatna, ngaran Acim. Sarua deuih Acim ge hirupna balangsak, ngan wae manehna mah geus boga karep ihtiar sorangan kana dagang. Nya Minta ge nurutan sobatna tea, diajar dagang di Tegallega. Orokaya emangna teu weleh ngudag-ngudag manehna. Enya, eta ge aya ari nu pikabungaheun mah, nyaeta basa Minta meunang lotre saratus rupia. Tapi eta emangna, hih, angger bae nyieun pangririwa. Malahan mah Minta rek diarah pati ku emangna teh. Tah, kumaha nasib Minta saterusna? Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm.; 92 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

CARITA SI DIRUN

Samsoedi Si Dirun téh budak bengal, teu nurut ka kolot, jeung sok ngabohong deuih. Di sakolana mindeng gelut, nepi ka sok diseukseukan guruna. Duit keur bayaran sakola, kalah ka dipaké ngadu, nepi ka érlojina ogé dijual, keur masang kartu. Hiji poé Si Dirun susumpit ka sawah. Tapi bet kamalinaan, jongjon ngudag-ngudag manuk, nepi ka poho balik. Indungna néangan, cul seuneu di hawu. Gur téh imah Si Dirun kahuruan. Ambu Dirun maot kaléntab seuneu. Saprak indungna maot, Si Dirun cicing jeung uwana. Ari uwana téh pohara meditna. Si Dirun ukur dititah ngangon munding, daharna mah henteu dipaliré. Hiji poé mah kasaréan di saung ranggon. Barang lilir, hujan gedé naker, walungan Citarum limpas. Si Dirun nyieun rakit tina tangkal cau, maksudna rék nyalamatkeun munding. Tapi Si Dirun kabawa palid. Basa isukna éling, singhoréng manéhna téh geus aya di tengah laut... Saterusna mah lalampahan Si Dirun téh istuning ahéng, tur matak pogot macana. Citakan II, 2008; 14,5 x 21 cm; 64 kaca; Rp 15....

CARITA NYI HALIMAH

Carita Nyi Halimah ngalalakonkeun katawekalan budak awewe anu katalangsara. Indung-bapana anu asalna beunghar jadi jelema masakat. Basa bapana diasupkeun ka pangberokan alatan pite­nah deungeun, indungna kagegeringan nepi ka han­teuna pisan. Saterusna Nyi Halimah cicing di ninina bari digawe di imah Nyonya Linn. Basa ka­pang­gih metik kekembangan di kebon pipireun ge­dong dununganana, manehna disiksa ku Nyo­nya Linn nepi ka asa bubuk huluna, getih tina si­rah­na nyarakclakan kana bajuna. Waktu keur nye­kar di kuburan indungna, manehna kapanggih ku tuan nu keur bebedil, tuluy diajak digawe di imahna. Ti harita manehna teu ken­dat-kendat meunang rupa-rupa cocoba anu kacida beuratna, nepi ka nga­laman diasupkeun ka pangberokan sagala rupa. Kiblat Buku Utama, 2018; 14,5 x 21 cm.; 100 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

BABALIK PIKIR

Samsoedi Kawantu budak ngan hiji-hijina, Si Eméd diogo ku indungna. Ari tabéatna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, ana dititah kacida liwarna. Dasar budak basangkal, remen migawé lampah salah, Si Eméd téh dina pamustunganana mah nepi ka dikerem di pangbérokan sagala. Tah, nya ti harita Si Eméd babalik pikir, hayang ngeureunan ka­sa­lahan, éling di bebeneran. Kitu leuwih kurangna mah lalakon Si Eméd nu di­dongéngkeun dina Babalik Pikir téh. Lebah nga­rang carita barudak mah Samsoedi téh manukna. Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; Rp 14.500,-

CARITA SI DIRUN

Samsoedi Si Dirun téh budak bengal, teu nurut ka kolot. Hiji poé Si Dirun susumpit ka sawah bet kamalinaan, nepi ka poho balik. Indungna néangan, cul seuneu di hawu. Gur téh umah Si Dirun kahuruan. Ambu Di­run maot kaléntab seuneu. Saprak indungna maot, Si Dirun cicing jeung uwa­na anu pohara meditna. Si Dirun ukur dititah nga­ngon munding, daharna mah henteu dipaliré. Hiji poé Si Dirun kasaréan di saung ranggon. Barang lilir hujan gedé naker, walungan Citarum limpas. Si Dirun nyieun rakit tina tangkal cau, tapi kabawa palid. Isukna, Si Dirun geus aya di te­ngah laut.... Citakan II, 2002; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; Rp 13.000,-