Chy é R étty Isn énd és Dua Wanoja téh buku kumpulan carpon Chyé Rétty Isnéndés nu munggaran. Dua Wanoja mangrupa carpon simbolik nu mawa gagasan-gagasan kawanojaan, patalina pamikiran katut rasa wanoja jeung dirina pribadi, sasamana, lawan jinisna, dunya kréatifna, sarta masarakatna. Chyé Rétty Isnéndés, pituin urang Nagrak-Sukabumi, lahir 2 Désémber 1972. Kiwari cekel gawé di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah (UPI). Nulis sajak, carpon, novelét, jeung éséy, pangpangna dina basa Sunda. Karya sastrana nu dibukukeun: Kidang Kawisaya (1999), Nu Nyusuk dina Sukma (2010), Jamparing (2012), Handeuleum 'na Haté Beureum (2014), jeung Dua Wanoja (2014). Panglélér dina widang sastra di antarana: Piagem Sastra ti LBSS kana skripsina “Analisis Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi” (1998) jeung Hadiah Sastra Rancagé ti Yayasan Kebudayaan Rancagé keur kumpulan sajakna Kidang Kawisaya (2000). Salian ti nulis karya sastra, Chyé oge nulis buku nu patalina...
Buku Basa Sunda