Langsung ke konten utama

DUA WANOJA

Chyé Rétty Isnéndés 
Dua Wanoja téh buku kumpulan carpon Chyé Rétty Isnéndés nu munggaran. Dua Wanoja mangrupa carpon simbolik nu mawa gagasan-gagasan kawanojaan, patalina pamikiran katut rasa wanoja jeung dirina pribadi, sasamana, lawan jinisna, dunya kréatifna, sarta masarakatna.
Chyé Rétty Isnéndés, pituin urang Nagrak-Sukabumi, lahir 2 Désémber 1972. Kiwari cekel gawé di Ju­rusan Pendidikan Bahasa Daérah (UPI). Nu­lis sajak, car­pon, novelét, jeung éséy, pang­pangna dina basa Sunda. Kar­ya sastrana nu di­bu­kukeun: Kidang Ka­wi­sa­ya (1999), Nu Nyusuk dina Sukma (2010), Jamparing (2012), Handeuleum 'na Haté Beureum (2014), jeung Dua Wanoja (2014).
Panglélér dina widang sastra di antarana: Piagem Sastra ti LBSS kana skripsina “Analisis Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén Suka­bumi” (1998) jeung Hadiah Sastra Rancagé ti Yayasan Kebudayaan Ran­cagé keur kumpulan sajakna Kidang Kawisaya (2000).
Salian ti nulis karya sastra, Chyé oge nulis buku nu patalina jeung pa­élmuan nu diulikna: Teori Sastra (1999) jeung Kajian Sastra (2010). Sa­bagian pamikiranana diposting dina blogna http://chyeretty.wordpress, sabagian sajak nu dimusikalisasi diposting dina grup Nu Nyusuk dina Sukma dina FB. Dina FB ogé, Chy
é jadi admin dina grup Save Baduy jeung ngabina penulis sastra dina grup Kandaga Sastra. Taun 2011 milu­an sandwich di Leiden tilu bulan dina raraga riset kapustakaan di KITLV pikeun ngaréngsékeun kuliah S3-na.
Citakan I, 2014, 108 kaca, Rp 27.000,-

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan 

CARITA BUDAK YATIM

R. Hanapiah Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan. Tuluy manéhna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar manéhna. Hanjakal sanajan jeung dulur, manéhna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira. Bakat ku teu kuat, manéhna minggat balik ka indungna babarengan jeung lanceukna saindung-sabapa anu karék sababaraha minggu nganjrek di dinya. Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu awéwé tapi boga adat sarua goréngna, ngan untungna salakina bageur. Manéhna dijieun bujang ku adi salaki-lanceukna bari diajar maca jeung ngaji, malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua. Kungsi nepungan dulur-dulur bapana di Singaparna, ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak, tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah téa. Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal-hal nu matak ngarugikeun dirina, sarta tarékah keur kamajuan hirupn