Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Ajip Rosidi

BABASAN & PARIBASA 2

Pikeun ngumpulkeun babasan jeung paribasa anu dimuat di dieu, pangarang nyutatan babasan jeung paribasa anu kasampak dina karya sastra para pangarang Sunda nu geus moal bireuk deui. Minangka conto dipakena babasan jeung paribasa anu dimaksud, pangarang nyutat kalimah anu ngagunakeun eta paribasa tina buku-buku anu dijadikeun sumber. Buku ngeunaan babasan jeung paribasa teh, lain bae perelu dina hirup kumbuh urang Sunda kiwari anu beuki jauh tina basa Sunda, tapi pangpangna mah sangkan jadi cecekelan urang Sunda anu hayangeun boga referensi ngeunaan basana jeung sakaligus mangrupa gambaran ngeunaan kakayaan batin Ki Sunda. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 188 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

TAPAK MERI 1 - Catetan Harian Ajip Rosidi - 1995

Ceuk tinimbangan sim kuring mah, catetan harian anu saperti kieu penting hartina pikeun masarakat, komo deui pikeun kahirupan urang Sunda anu mindeng titatarajong dina nyurahan deui titinggal mangsa ka tukangna, kaasup dina pandanganana ngeunaan bangsa sejen, nepi ka balukarna teu pati ajeg dina nyawang pikahareupeunana. Henteu rea anu bisa dipak keur babandingan teh, karena umumna anu diparake referensiana teu less-kurang anu henteu nyoko kana fakta nu sabenerna. Anu ditembrakkeun ku Ajip dina catetan harianana, sanajan sipatna subyektif, jeung ngurung waktu anu kadieunakeun, cek pangrasa mah bisa dipake salasahiji sumber pikeun ngabeungharan pakaya batin, kaasup dina enggoning ngeunteung kana nu ka tukang-tukang, nyurahan pajamanan anu keur kaalaman kiwari jeung pikeun nyawang mangsa-mangsa nu bakal datang. Bakal leuwih gede hartina, lamun aya urang Sunda sejenna anu milu nyumbangkeun rupaning pangalaman jeung sawanganana sarta dipublikasikeun ka balarea. Ku cara kitu batin urang Sun...

TAPAK MERI 2 - Catetan Harian Ajip Rosidi - Januari-Juni 1996

Saperti dina Tapak Meri nu kahiji, dina nu ieu gé loba nyatetkeun rupaning pamanggih ngeunaan kahirupan sastra, kaasup anu aya pakuat pakaitna jeung kahirupan. Di antarana aya pamanggih Sionél José ti Filipina anu boga anggapan sastra Jepang kesanna dijieun-jieun. Sanajan aya tambahna yén kesanna kitu téh bisa jadi henteu pati bener karena macana dina terjemahanana. Kitu deui patalina sastra jeung jurnalistik atawa jeung sajarah. Perkara ngokolakeun organisasi di urang jadi salasahiji perhatian Ajip dina catetanana. Salian ti ngeunaan LBH, dan rada panjang didadarkeun masalah Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) jeung Paguyuban Pangarang-Sastra Sunda (PP-SS) dan ahirna robah ngaran jadi Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS). Ceuk pamanggih Ajip mah éta dua organisasi anu kagiatanana patali jeung masalah basa katut sastra Sunda téh diurusna teu bener. ~ Abdullah Mustappa Kiblat Buku Utama, 2019; 14,5 x 21 cm; 296 kaca, Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  ...

TAPAK MERI 3 - Catetan Harian Ajip Rosidi - Juli-Desember 1996

Salasahiji anu jadi perhatian Ajip ngeunaan kaayaan di Indonesia, nya masalah-masalah anu aya patalina jeung sastra. Dina taun 1995, sajeroning Ajip matuh di Jepang, di Indonesia medal buku Prahara Budaya anu ditulis ku Taufiq Ismail jeung DS Moeljanto (Mizan, Bandung 1995). Éta buku téh membuat subjudul Kilas Balik Offensif Lekra. Eusina mémang nyoko dina kaayaan di Indonésia babakuna dina awal taun 1960-an anu patalina jeung pagétréngna pamadegan kalangan seniman/budayawan di pihak Lekra jeung nu di luar eunana. Kaayaanana mémang harénghéng pisan sajalan jeung harénghéngna pulitik harita. Waktu artis/ budayawan anu aktivitasna di luareun Lekra ngembarkeun Manifes Kebudayaan, kaayaanana beuki nyongkab. Ahirna, Manifes Kebudayaan melarang ku Presiden Soekarno. Taufik Ismail jeung DS Moeljanto kaasup anu milu néken éta manifés. Ari Ajip Rosidi henteu milu néken. Tur tina hal éta, buntutna rada manjang. ~Abdullah Mustappa Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2020; 14,5 x 21 cm; 347 kaca; Softco...

SURAT-SURAT TI JEPANG 1

Dina surat-surat anu kapilih dimuat dina ieu buku bakal katangen sibuk jeung tulatenna Ajip Rosidi enggoning ngajeujeuhkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, sanajan kudu ngadalian ti kaanggangan. Hiji garapan jugala keur ayeuna jeung jaga, tidak mungkin bisa dilakonan ku jalma anu kacintana kana basa, sastra jeung budaya Sunda ukur semet biwir mandahong tea. Teu salah lamun Ajip Rosidi dianggap gegedug revolusi literasi. Nu ngagedurkeun sumanget balarea pikeun daek maca. Waktu mancen Ketua Ikatan Penerbit Indonsia (IKAPI) dina taun 1970-an geus hasil ngayakinkeun pamarntah nu harita hojih balukar booming harga minyak bumi, pikeun meulian buku keur perpustakaan sakola. Pangpangna carita budak jeung rumaja. Nepi ka lahir Instruksi Presiden (Inpres). Ngadegkeun wangunan-wangunan SD (nu katelah SD Inpres) sarta ngalengkepanana ku buku bacaan (nu katelah buku Inpres). Unggal judul buku Inpres dibeuli kontan 130.000 eksemplar. Royaltina ge dibayar kontan sanggeus eta buku katarima ku sakol...

SURAT-SURAT TI JEPANG 2

Dina surat-surat anu kapilih dimuat dina ieu buku bakal katangen sibuk jeung tulatenna Ajip Rosidi enggoning ngajeujeuhkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, sanajan kudu ngadalian ti kaanggangan. Hiji garapan jugala keur ayeuna jeung jaga, tidak mungkin bisa dilakonan ku jalma anu kacintana kana basa, sastra jeung budaya Sunda ukur semet biwir teh mandahong. Teu salah lamun Ajip Rosidi dianggap gegedug revolusi literasi. Nu ngagedurkeun sumanget balarea pikeun daek maca. Waktu mancen Ketua Ikatan Penerbit Indonsia (IKAPI) dina taun 1970-an geus hasil ngayakinkeun pamarntah nu harita hojih balukar booming harga minyak bumi, pikeun meulian buku keur perpustakaan sakola. Pangpangna carita budak jeung rumaja. Nepi ka lahir Instruksi Presiden (Inpres). Ngadegkeun wangunan-wangunan SD (nu katelah SD Inpres) sarta ngalengkepanana ku buku bacaan (nu katelah buku Inpres). Unggal judul buku Inpres dibeuli kontan 130.000 eksemplar. Royaltina ge dibayar kontan sanggeus eta buku katarima ku sakol...

SURAT-SURAT TI JEPANG 3

Dina surat-surat anu kapilih dimuat dina ieu buku bakal katangen sibuk jeung tulatenna Ajip Rosidi enggoning ngajeujeuhkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, sanajan kudu ngadalian ti kaanggangan. Hiji garapan jugala keur ayeuna jeung jaga, tidak mungkin bisa dilakonan ku jalma anu kacintana kana basa, sastra jeung budaya Sunda ukur semet biwir teh mandahong. Teu salah lamun Ajip Rosidi dianggap gegedug revolusi literasi. Nu ngagedurkeun sumanget balarea pikeun daek maca. Waktu mancen Ketua Ikatan Penerbit Indonsia (IKAPI) dina taun 1970-an geus hasil ngayakinkeun pamarntah nu harita hojih balukar booming harga minyak bumi, pikeun meulian buku keur perpustakaan sakola. Pangpangna carita budak jeung rumaja. Nepi ka lahir Instruksi Presiden (Inpres). Ngadegkeun wangunan-wangunan SD (nu katelah SD Inpres) sarta ngalengkepanana ku buku bacaan (nu katelah buku Inpres). Unggal judul buku Inpres dibeuli kontan 130.000 eksemplar. Royaltina ge dibayar kontan sanggeus eta buku katarima ku sakol...

SURAT-SURAT TI JEPANG 4

Dina surat-surat anu kapilih dimuat dina ieu buku bakal katangen sibuk jeung tulatenna Ajip Rosidi enggoning ngajeujeuhkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, sanajan kudu ngadalian ti kaanggangan. Hiji garapan jugala keur ayeuna jeung jaga, tidak mungkin bisa dilakonan ku jalma anu kacintana kana basa, sastra jeung budaya Sunda ukur semet biwir teh mandahong. Teu salah lamun Ajip Rosidi dianggap gegedug revolusi literasi. Nu ngagedurkeun sumanget balarea pikeun daek maca. Waktu mancen Ketua Ikatan Penerbit Indonsia (IKAPI) dina taun 1970-an geus hasil ngayakinkeun pamarntah nu harita hojih balukar booming harga minyak bumi, pikeun meulian buku keur perpustakaan sakola. Pangpangna carita budak jeung rumaja. Nepi ka lahir Instruksi Presiden (Inpres). Ngadegkeun wangunan-wangunan SD (nu katelah SD Inpres) sarta ngalengkepanana ku buku bacaan (nu katelah buku Inpres). Unggal judul buku Inpres dibeuli kontan 130.000 eksemplar. Royaltina ge dibayar kontan sanggeus eta buku katarima ku sakol...

SURAT-SURAT TI JEPANG 5 - Januari-Juni 1984

Dina surat-suratna Ajip némbongkeun ambahan wawasan nu leg pisan kana kabudayaan. Pikeun Ajip kabudayaan lain ngan ukur sastra, basa, seni rupa, tapi deuih perbukuan, politik, ideologi, atikan, filsafat, sosial, ekonomi, kadaérahan, kanasionalan, katut sakabéh pasualan hirup manusa jeung kamanusaan. Kaasup silaturahmi sarta tulung tinulungan jeung papada jalma. Teu kalis anggang di Jepang dina waktu sakitku lilana, 22 taun campleng, Ajip tetep miara silaturahim. Paling hentai ku surat. Sanajan surat-surat 1980-1992 nu ditujukeun ka sakabéh kawawuhan nu ngagunakeun basa sunda, henteu kabéh pengkuh ngabahas basa atawa sastra sunda wungkul. Sakumaha nu geus disebut di luhur, dina surat-suratna Ajip ngabahas sagala perkara nu kawilang parenting. Kaasup kaayaan lemah cai nu teu weléh dituturkeun ti mangsa ka mangsa, ngaliwatan surat kabar, majalah, télévisi jeung informasi tina surat-surat balesan ti nu dikiriman. ~ Usép Romli HM Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2020; 14,5 x 21 cm; 226 kaca; S...

SURAT-SURAT TI JEPANG 6 - Juli-Desember 1984

Dina surat-suratna Ajip némbongkeun ambahan wawasan nu leg pisan kana kabudayaan. Pikeun Ajip kabudayaan lain ngan ukur sastra, basa, seni rupa, tapi deuih perbukuan, politik, ideologi, atikan, filsafat, sosial, ekonomi, kadaérahan, kanasionalan, katut sakabéh pasualan hirup manusa jeung kamanusaan. Kaasup silaturahmi sarta tulung tinulungan jeung papada jalma. Teu kalis anggang di Jepang dina waktu sakitku lilana, 22 taun campleng, Ajip tetep miara silaturahim. Paling hentai ku surat. Sanajan surat-surat 1980-1992 nu ditujukeun ka sakabéh kawawuhan nu ngagunakeun basa sunda, henteu kabéh pengkuh ngabahas basa atawa sastra sunda wungkul. Sakumaha nu geus disebut di luhur, dina surat-suratna Ajip ngabahas sagala perkara nu kawilang parenting. Kaasup kaayaan lemah cai nu teu weléh dituturkeun ti mangsa ka mangsa, ngaliwatan surat kabar, majalah, télévisi jeung informasi tina surat-surat balesan ti nu dikiriman. ~ Usép Romli HM Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2020; 14,5 x 21 cm; 176 kaca; S...

DUR PANJAK!

Dur Panjak! téh kumpulan ésai jeung kritik sastra sunda anu kungsi terbit taun 1966. Anu ayeuna pindo citakna. Ésai jeung kritik dina ieu kumpulan, lolobana kungsi dimuat dina média citak Sunda saméméh taun terbitna nu munggaran kayaning Sipatahoenan, Kalawarta LBSS jeung Mingguan Sunda . Di antara eusina nyaéta ngeunaan étika sastra nu owah-gingsir karena parobahan zaman; esai ngabelaan Moh. Ambri anu dituduh plagiat; ngeunaan tulisan-tulisan Hasan Mustapa; pasualan subyéktivitas-obyéktivitas kritik sastra; kritik sastra anu boga dobel fungsi; jrrd. Karya sastra, novel boh, carpon, atawa sajak geus loba dianggit ku para pangarang (sastrawan) Sunda, tapi kritik sastra masih kénéh langka. Dur Panjak! salah sahiji tina ngan saeutik pisan karya tulis anu tangtu baé henteu saeutik mangpaatna pikeun kamajuan sastra Sunda. Ajip Rosidi;  Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2017; 14,5 x 21 cm.; 128 kaca

JANTÉ ARKIDAM

"Janté Arkidam" téh sajak pangnyongcolangna karya Ajip. Leuwih populér batan nu séjén. Malah kungsi ditarjamahkeun kana basa Indonesia jeung Inggris. Wangunna balada, ngaharib-harib carita pantun. Ari inspirasina ditimba tina folklor sunda. Nu ngalalakonna preman, Janté Arkidam. Manéhna sok ngarempak sagala aturan: ngadu, madon, jeung ngancam pagawé pamaréntah. Janté manusa jago nu bisa mancala putra-mancala putri. Tangtu we keur nyumponan sagala kahayangna. Jeung ngalejokeun musuh-musuhna. Kitu, nu matak euweuh nu bisa ngeureunkeun lampahna. Janté téh bisa jadi éksprési tina jiwa nu mandiri. Janté gé bisa jadi wawakil sagala hojah pikeun nyingkirkeun sagala rurubed nu ngahalangan ketak jiwa nu mandiri. ~ Hawé Setiawan Ajip Rosidi;  Citakan II, 2016; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca

KUDU DIMIMITAN DI IMAH

Ajip Rosidi   Masalah kumaha bahasa Sunda jaga, masih jadi bahan po­lé­mik nu teu anggeus-anggeus. Aya nu pésimis ku sabab ba­rudak ngora beuki saeutik anu ngagu­nakeun basa Sunda. Tapi aya nu optimis, da cenah loba kénéh barudak ngora nu ngagu­nakeun basa Sunda, cara anu kasaksian dina internét. Nu si­dik masalah lumangsungna basa Sunda mémang kudu dipi­kir­an jeung disang­hareupan ku urang Sunda, henteu bisa nga­rep-ngarep baris diungkulan ku pamaréntah anu henteu boga per­hatian kana kabu­dayaan, komo kana kabudayaan daérah kaa­sup kana basa jeung sastrana. Sawatara karangan nu dimuat dina buku ieu ngabahas ma­salah basa jeung budaya Sunda, nu lianna tulisan ngeunaan sa­­wa­­tara tokoh budaya urang Sunda. Ngan hiji nu ngeunaan bang­sa deungeun nyaéta tulisan ngeunaan Prof. Dr. A. Teeuw—sarjana urang Walanda nu gedé katineungna kana kabu­dayaan pang­pang­na kasusastran Indonésia. Tapi henteu lila saméméh pupus anjeunna némbongkeun minat kana naskah Sunda Kuna mang­rupa buku an...

TEMBANG JEUNG KAWIH

Dina basa Sunda, seni vokal dijadikeun dua golongan. Nu hiji disebut tembang. Nu hiji deui disebut kawih. Salian ti di­­bedakeun ku surupanana teh, tembang mah diwangun ku dangding atawa guguritan, ari kawih pangpangna mangrupa si­sin­diran, beh dieu rea anu dumasar kana sajak. Tembang jigana pangaruh tina kasenian vokal Jawa, anu diulik ku para ménak Sunda waktu kudu ngadeuheus ka Mataram pikeun caos upeti saban taun. Waktu caos upeti teh para dalem jeung para menak anu ngiringkeunana kudu matuh sawatara bulan lilana di dayeuh Mataram bari diajar sagala rupa kasenian jeung tatacara feodal Jawa anu tuluy dibawa ka lemburna, disebarkeun di lingkungan urang Sunda. Kiblat Buku Utama, 2013; 14,5 x 21 cm.; 162 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

KANJUTKUNDANG - EDISI EMAS

Kanjutkundang mangrupa kumpulan hasil karya 42 pangarang Sunda dina wangun puisi, prosa, jeung drama, tur dilengkepan ku riwayat hirupna. Disusun ti nu pangkolotna (Caraka, lahir 1902) nepi ka nu pangngorana (Ayatrohaedi, lahir 1939). Ieu buku munggaran terbit taun 1963, satengah abad ka tukang, disusun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, dua sastrawan Sunda nu waktu harita masih keneh ngora. Penerbitan edisi emas minangka pangeling-ngeling kana karancagean para pangarang Sunda, anu rereana kungsi dimuat dina majalah sarta suratkabar Sunda periode 1949-1959. Ku panyusunna, Kanjutkundang teh diajamkeun pikeun jadi dokumentasi sastra anu bisa dibaca ku nu boga perhatian kana kamekaran kasusastran Sunda hususna sabada perang. Salian ti eta, Kanjutkundang teh dimaksudkeun pikeun mere bekel hirup (saluyu jeung judulna) pikeun jabang bayi—maksudna para pangarang entragan anyar, dina netepkeun ukuran jeung ajen-inajen kasusastran Sunda mangsa-mangsa nu bakal datang. Kiblat Buku Utama,...

WAWACAN

Dina buku Wawacan bisa dibaca sabagian tina wawacan-wawacan anggitan para sastrawan Sunda kawentar kayaning Moehamad Moesa, Memed Sastrahadiprawira, Satjadibrata, M.A. Salmun, jsb. Wawacan dina ieu buku umumna mangrupa carita atawa bagian tina carita, sanajan aya oge nu mangrupa pedaran ngeunaan kaimanan jeung ibadah, da memang kitu definisi wangun wawacan mah. Dina wawacan, pupuh nu pangdipikaresepna ku para sastrawan Sunda teh nyaeta Kinanti, Asmarandana, Sinom jeung Dangdanggula. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 148 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SAWER JEUNG PUPUJIAN

Nyawer teh upacara mapatahan budak, disaksian ku kolot-kolot jeung tatangga, babarayaan jeung sosobatan, dihaleuangkeun bari ngawur-ngawur beas anu dicampur ku siksikan koneng temen jeung duit receh. Nu sok disawer teh nu kakandungan, orok nu kakara lahir, budak lalaki nu disunatan, budak awewe nu digusar, jeung panganten nu anyar dirapalan. Pupujian teh sa'ir anu dieusi ku warnaning puji-pujian ka Alloh jeung Rosululloh, du'a, pepeling, jeung pangajaran, jsb., dilagukeunana di masjid jeung pasantren dina waktu nungguan salat berjamaah antara adan jeung komat, pangpangna dina waktu nungguan salat magrib jeung subuh. Dina buku Sawer jeung Pupujian bisa dibaca rupa-rupa conto sawer jeung pupujian anu sok sering kadenge tina upacara nyawer atawa spiker masjid jeung pasantren. Kiblat Buku Utama, 2011; 14,5 x 21 cm.; 136 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Bukalapak

GUGURITAN

Dipilih tur dipanganteuran ku Ajip Rosidi Dina sajarahna, guguritan téh lain asli “hasil budaya” urang Sunda. Tapi hasil 'nginjeum' tina “budaya Jawa” ngaliwatan para Bupati nu unggal taun kudu séba ka Mataram basa Tatar Sunda aya dina kakuasaan Mataram ti abad ka-17.  Di Mataram, para Bupati kudu matuh sawatara waktu bari diajar rupa-rupa “budaya Jawa” saperti undak usuk basa, adat kabiasaan, tembang, guguritan jeung nganggitna, jrd. Mulang ka lembur, éta kabisa disebarkeun, pangpangna di lingkungan kulawarga jeung para ménak nu mindeng deuheus ka para Bupati. Ku kituna, guguritan kakara aya tapakna dina tulisan-tulisan abad ka-19 ka dieunakeun. Dina ieu buku, guguritan nu dimaksud nyaéta dangdingan beunang para sastrawan Sunda anu umumna dimuat di média massa, mangrupa piwulang, gambaran rasa lirik nu nulisna, pedaran atawa cutatan lalakon nu geus aya, jsb. Guguritan dibédakeun jeung wawacan dina hal wawacan biasana leuwih panjang tur geus jadi buku anu aya lalakonan. Ci...

TANAH SUNDA

Puisi Ajip Rosidi Disanggi ku Nano S. Dina ieu buku komponis kahot Nano S. medar pangalaman kréatifna enggoning nyanggi lalaguan dumasar kana sapuluh sajak tina kumpulan sajak Janté Arkidam karya Ajip Rosidi. Lian ti ngagambarkeun kasang-tukang katut pamaksudan ngagalindengkeun sajak-sajak anggitan dasa-warsa 1950-an jeung 1960-an téh, nu nulis ngabéjérbéaskeun deuih rupaning tinimbangan artistik di satukangeun unggal komposisi. Kalayan ngedalkeun yén ieu pangalaman kréatif téh dipiharep bisa ngabeungharan karawitan Sunda, babakuna nu dumasar kana adumanisna karawitan jeung sastra. Najan dina bahasanana aya sawatara istilah téhnis karawitan nu can tangtu dipikawanoh ku balaréa, ieu buku lain baé penting dibaraca ku para ahli karawitan atawa ahli sastra, tapi deuih penting dibaraca ku sakumna nu mikacinta seni katut sastra Sunda. Ieu buku milu nuduhkeun yén musikalisasi sajak Sunda, anu geus atra tradisina ti jaman Pa Mahyar atawa Mang Koko kénéh, mibanda rupaning tinimbangan artist...

OYONG-OYONG BANGKONG

Dina Oyong-Oyong Bangkong dimuatkeun tulisan-tulisan Ajip Rosidi nu tadina sumebar dimuat dina majalah Cupumanik jeung majalah Mangle, atawa nu ditulis keur kapereluan husus, sugan bae aya mangpaatna keur ceungceumeun balarea nu gede katineungna kana basa Sunda jeung kasundaan. Dina bagian kahiji ngasongkeun rupa-rupa informasi ngeunaan sajumlahing tokoh saperti: Ramadhan K.H., Edi S. Ekadjati, Deddi Anggadiredja, R. Ading Affandie (RAF), Mh. Rustandi Kartakusumah, Duduh Durahman, Ali Sadikin, jeung nu sejenna katut patula-patalina jeung rupa-rupa peristiwa anu bisa dijieun eunteung jeung tuladeun. Sedengkeun dina bagian kadua ngabahas masalah-masalah anu disanghareupan ku urang Sunda anu mangrupa bagian tina bangsa jeung nagara Indonesia. Kiblat Buku Utama, 2010; 14,5 x 21 cm.; 136 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak