Langsung ke konten utama

OYONG-OYONG BANGKONG


Dina Oyong-Oyong Bangkong dimuatkeun tulisan-tulisan Ajip Rosidi nu tadina sumebar dimuat dina majalah Cupumanik jeung majalah Mangle, atawa nu ditulis keur kapereluan husus, sugan bae aya mangpaatna keur ceungceumeun balarea nu gede katineungna kana basa Sunda jeung kasundaan. Dina bagian kahiji ngasongkeun rupa-rupa informasi ngeunaan sajumlahing tokoh saperti: Ramadhan K.H., Edi S. Ekadjati, Deddi Anggadiredja, R. Ading Affandie (RAF), Mh. Rustandi Kartakusumah, Duduh Durahman, Ali Sadikin, jeung nu sejenna katut patula-patalina jeung rupa-rupa peristiwa anu bisa dijieun eunteung jeung tuladeun. Sedengkeun dina bagian kadua ngabahas masalah-masalah anu disanghareupan ku urang Sunda anu mangrupa bagian tina bangsa jeung nagara Indonesia.

Kiblat Buku Utama, 2010; 14,5 x 21 cm.; 136 kaca; Softcover
Beli di Tokopedia, Shopee, Lazada, dan Bukalapak

Postingan populer dari blog ini

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram...

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee , ...

DI NAGRI KATUMBIRI

Kecap, kalimah katut wirahmana lir geus gumulung jadi jenglengan khas Dedy Windyagiri anu misah ti parapanyajak sejen anu ka-dang-kadang tacan bisa ngalesotkeun tina ugeran kecap, kalimah katut adumanisna dina wangunan puisi. ~ H. Usep Romli H.M, Galura, Minggu IV, Agustus 1990 Dangding-dangding karya Dedy Windyagiri teh umumna pikabogoheun. Parantos kantenan ari perkawis aturan guru-lagu sareng guru-wilangan mah (da puguh sarat), ngatur pedotanana oge asa marerenah, bari taliti milih kecap. Dina ayana purwakanti estu basajan sahinasna tapi teu ilang endahna. Genah ditembangkeunana. ~ Apung S.W, Panganteur kumpulan dangding Jamparing Hariring, 1991 Kiblat Buku Utama, 2009; 14,5 x 21 cm; 96 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak