Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Darpan

NALA

Nala téh hartina haté. Kitu ceuk indungna. Naon pangna éta budak dingaranan Nala? Lantaran indungna nganggap Nala téh buah haténa anu moal kapopohokeun. Iraha baé, di mana baé. Rek beurang rek peuting. Nu matak Nala dipikanyaah pisan ku indungna. Nala ogé nyaaheun pisan ka indungna. Nala terang indungna téh lir putri raja nu disupata. Hirup duaan jeung indungna henteu ngalantarankeun Nala nalangsa. Sabalikna réa pangalaman anu éndah kaalaman ku Nala jeung indungna. Pait peuheurna hirup disangharupan ku duaan. Henteu babarian aral, henteu épésmééer. Nu utamana mah horéng unnggal masalah nu kapanggih aya jalan kaluarna. Darpan;  Citakan ka-1, 2016; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca

DONGÉNG-DONGÉNG TI KARAWANG

Darpan S.Pd. & Yuhdiatna S.Pd. Dongéng téh carita rahayat. Urang saenyana mah beunghar ku carita rahayat téh. Tapi réréana masih bacacar, boh mangrupa naskah boh mangrupa lisan. Duanana gé perlu digarap sangkan bisa dibaca ku saréréa, pangpangna ku barudak anu jadi ahliwaris éta dongéng. ~ Ajip Rosidi Citakan I, 2011; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca; Rp 17.500,-

NU HARAYANG DIHARGAAN

Pirajeunan macaan Nu Harayang Dihargaan beunang Darpan. Bet kajurung mikiran nu garoreng milik bangsaning bulu taneuh atawa cacah kuricakan. Eusining batin maranehna katut kaayaan di pakumbuhanana ku Darpan sasatna diwadahan. Ari nu jadi wadahna puguh we basa nu luyu jeung kahirupan jalma-jalma nu dilalakonkeunana. Éstuning teu gumenak basana teh, tapi deukeut-deukeut kana basa kaom cacah dina hirup kumbuh sapopoe. Ongkoh Darpan mah jolna ti pakaleran, lain ti puseur Priangan. Nya ku cara kitu, cek pangrasa, Darpan geus milu ngahirup-huripkeun sastra Sunda zaman ayeuna. ~ Hawe Setiawan Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 176 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

KAMUS SUNDA-INDONESIA UNTUK PELAJAR

Darpan S.Pd. Tidak banyak kamus dwibahasa Sunda-Indonesia, apalagi untuk pelajar. Tak lebih dari jumlah jari dalam satu tangan. Di antara yang sedikit itu, Kamus Sunda-Indonesia untuk Pelajar ini memiliki sejumlah kelebihan, antara lain: merupakan kamus yang sebenarnya, yaitu sedapat mungkin memadankan satu kata Sunda dengan satu kata Indonesia (bukan dijelaskan melalui definisi); diperkaya contoh pemakaian kata yang bersangkutan dan/ atau turunannya (tentu disertai terjemahan Indonesianya); ada sejumlah suplemen dan pengayaan, misalnya daftar nama buah-buahan, perkakas dapur, bagian tubuh kita; daftar kata Sunda yang memiliki arti sama dengan Indonesianya di setiap abjad awal kata; dan lain-lain. Penyusun kamus ini adalah sarjana pendidikan bahasa Sunda lulusan IKIP (sekarang UPI) Bandung, sastrawan Sunda, dan penulis berbagai jenis buku, khususnya yang berkaitan dengan kesundaan. Citakan I, 2010; 14,5 x 21 cm.; 228 kaca; Rp 37.500,-

WIRAHMA BASA

Darpan Buku pangajaran basa Sunda keur murid SMP. Jilid 1 (kelas VII), citakan I, 2009; 20 x 27,5 cm.; 98 kaca; Rp 29.000,- Jilid 2 (kelas VIII), citakan I, 2009; 20 x 27,5 cm.; 122 kaca; Rp 35.000,- Jilid 3 (kelas VII), citakan I, 2009; 20 x 27,5 cm.; 124 kaca; Rp 35.000,-  

RUSIAH KAOPATWELAS

Darpan Ku kitu ku kieu karancagé Darpan pohara gedé ajénna pikeun kamekaran sastra Sunda. Dina sastra Sunda ilaharna nu ngarang téh tara incah balilahan tina kasang tempat anu jadi pamiangan carita-carita nu sok dicaritakeunana. Upamana baé urang bisa ngabanding-banding antara carpon-carpon Holisoh M.E. nu sok ngiblat ka pilemburan jeung carpon-carpon Aam Amilia nu sok ngindung ka pakotaan. Kalawan nyieun Rusiah Kaopatwelas , Darpan sasat nuduhkeun yén boh désa boh kota pada-pada bisa dijieun pamiangan enggoning ngaréka prosa. Atuh urang nu macana kabantu pikeun neuleuman unak-anik kahirupan di unggal padumukan. ~ Hawé Setiawan Citakan I, 2008; 14,5 x 21 cm; 168 kaca; Rp 40.000,-

TATARUCINGAN URANG SUNDA

Rachmat Taufiq Hidayat Spk. Sanajan tatarucingan parantos lami dipikawanoh ku urang Sunda, tapi dugi ka danget ayeuna, teu acan seueur anu leukeun ngempelkeunana dina wangun buku. Eta baé dina mangsa saratus taun téh, urang ngan ukur mendakan opat buku tatarucingan. Padahal, tatarucingan urang Sunda téh teras nambihan ti wanci ka wanci, sumebar sacara lisan di kalangan barudak Sunda, sareng bacacar dina majalah-majalah basa Sunda. Ieu buku midangkeun sawatara conto tatarucingan anu mindeng jadi bungbu heureuy urang Sunda, pangpangna di lingkungan barudak. Citakan I, 2008; 14,5 x 21 cm; 64 kaca; Rp 15.000,-

TATARUCINGAN URANG SUNDA

Beunang Ngumpulkeun Rachmat Taufiq Hidayat & Darpan, S.Pd. Sanajan tatarucingan parantos lami dipikawanoh ku urang Sunda, tapi dugi ka danget ayeuna, teu acan seueur anu leukeun ngempelkeunana dina wa­ngun buku. éta baé dina mangsa saratus taun téh, urang ngan ukur mendakan opat buku tata­rucingan. Padahal, tatarucingan urang Sunda téh teras nambihan ti wanci ka wanci, sumebar saca­ra lisan di kalangan barudak Sunda, sareng baca­car dina majalah-majalah basa Sunda. Ieu buku midangkeun sawatara conto tata­ru­cing­an anu mindeng jadi bungbu heureuy urang Sun­da, pangpangna di lingkungan barudak. Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; ISBN 979-3631-66-X; Rp 15.000,-