Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Roman Pondok

JANGJI ASIH

Novel pondok Jangji Asih nyaritakeun Asih, hiji murid sakola karawitan nu alus sora tapi goréng rupa. Asih didapuk jadi panyulih sora (dubber) dina pagelaran drama-sora “Sangkuriang” karena Lasmini, nu merankeun Nyi Dayang Sumbi-na, alus rupa tapi goréng sora. Puguh da kacaritakeun yén Lasmini mah béntang di éta sakola. Nu jadi Sangkuriang-na nyaéta Tresna, lalaki papada murid sasakola nu ku Asih dipicinta dina haténa bari ngarasa yén moal pisan Tresna bakal laki-laki kana cintana. Méhméhan pagelaran batal karena Asih méh waé pundungeun sabab dina brosur pintonan téh ngaran panyulih sora ngan ditulis ku mangsi, teu kacitak, teuing dihaja atawa henteu. Jadi lamun pagelaran batal, geus pasti ngaran sakola jadi ruksak karena bakal ditongton ku para tokoh nasional jeung tamu ti mancanagara. Ahirna, pagelaran drama-sora téh teu batal. Naon sababna?   Aam Amilia;  Citakan I, 2017; 14,5 x 21 cm.; 48 kaca

IMUTNA NU PANUNGTUNG

Imutna Nu Panungtung nyaritakeun tokoh Sukardi mangmilihkeun pisalakieun keur adina. Manehna boga anggapan yen pisalakieun keur adina teh kudu anu geus jeneng, boga gajih gede, atawa beunghar, bageur, jeung jegud deuih kolotna. Jadi, ukuran lain kabeungharan jiwa tapi kebeungharan dunya-barana ieu nu digunakeun ku Sukardi teh. Padahal Imas--nu nganjrek dina imah Sukardi nu geus boga pamajikan, Tinah, karena duanana geus teu boga kolot deui--geus aya pakait-pikir jeung batur sakolana, sapuk rek ngawangun rumah tangga babarengan. Sukardi maksa wae ngasongkeun Abidin, baturna sakantor, anu "saluyu" jeung kriteriana teh. Ari Imasna mah keukeuh embungeun. Ku naon ari Sukardi mani maksa-maksa teuing ka adina sangkan narima Abidin? Ku naon deuih ari Imas mani keukeuh-keukeuh teuing embungna teh? Nu maca pasti moal bireuk deui kana gayana Ahmad Bakri dina nyaritakeun roman-romanna.   Ahmad Bakri;  Cit. I, 2016, 14,5 x 21 cm., 64 kaca

PILEULEUYAN

Yus Rusamsi Roman pondok Pileuleuyan nyarita­keun hiji guru awéwé anu resep kana kurung-karang, sanajan hadé rupa tapi hésé meunangkeun jodo anu cop jeung lelembutanana. Kungsi bogoh ka hiji lalaki, tur lalakina bogoheun deuih ka manéh ­na. Tapi lantaran bapana kalibet perkara ngajual barang-barang nagara, kabogohna ngarasa wirang, tuluy megat­keun hubungan jeung manéhna. Si awéwé tuluy papanggih jeung lalaki anu luyu jeung angen-angenna, nyaéta batur lawas nu geus jadi palukis. Ngan hanjakal geus boga anak-pamajikan. Sanajan si palukis balaka yén geus ngarasa cocog jeung ma­néh­na lantaran boga cita-cita nu sarua. Tapi ahirna si awéwé mutus­keun moal narima éta lamaran, sabab manéhna ngarasa teu ngeunah meu­nang kabagjaan bari ngabaruntakkeun kulawarga nu lian.  Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan. I, 2014, 56 kaca, Rp 15.000,-

BOGOH KA RANDA

Apip Mustopa Roman pondok Bogoh ka Randa nyaritakeun jajaka Sunda umur dua puluhan anu ngumbara ka Indonésia bagian wétan, Florés. Manéhanana nganjrek di bumi Pa Kapala Kantor—turunan Tionghoa-Bugis—anu boga anak awéwé nu masih kénéh ngora tapi geus jadi randa tur boga anak deuih. Ku lantaran saimah jeung sering papanggih , Si Jajaka neundeun haté ka Nyi Randa, nu tadina geus pareum sumanget hirupna lantaran pegat pangharepanana. Hanjakal hubungan maranéhanana nu geus layeut téh ngadadak pegat lantaran aya pihak katilu, nyaéta lalaki urang Sunda kawawuhan Si Jajaka anu bogoheun ka Nyi Randa. Ku Nyi Randa, lalaki Sunda nu anyar papanggih téh dianggapna leuwih 'sakupu' lantaran duda—sanajan umurna geus tilu puluhan—tur tina hal posisina (Kapala Lalulintas Jalan kota Éndé) leuwih unggul batan Si Jajaka.   Edisi Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 40 kaca; Rp 12.000,-

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee , ...

SI DÉMPLON

Guy De Maupassant Disundakeun  ku Duduh Durahman Karéta kuda anu mawa sapuluh panumpang (Si Démplon sarta salapan urang wawakil kaum borjuis Prancis nu minggat ti Rouen, nu ditalukkeun ku tantara Prusia, ka Le Havre) ditahan di hiji panginepan di Désa Totes, bari henteu dibéré katerangan ngeunaan sabab-musababna. Karék sabada dua poé, Si Démplon—awéwé bangor nu pangawakanana donto—nyarita yén maranéhna ditahan di éta panginepan téh nepi ka Si Démplon daék ngalayanan pangajak urang Prusia nu ngawasa éta tempat. Sababaraha kali éta paménta téh ditolak ku Si Démplon, sabab manéhna ngarasa masih boga kénéh rasa nasionalismeu. Tapi, para panumpang séjénna mamaksa jeung ngayakinkeun manéhna—kalayan ngagunakeun rupa-rupa logika jeung alesan moralitas—ambéh nyumponan éta kahayang urang Prusia. Ahirna, Si Démplon léah. Ngan hanjakal sapanjang sésa perjalanan, batur-batur sakaréta—nu tadina ngajujurung ka manéhna téh—siga henteu aringeteun kana pangorbananana, malah malik cua jeung ceuce...

PAYUNG BUTUT

Ahmad Bakri Téma anu disodorkeun dina Payung Butut téh téma klasik: pasoalan “agul ku payung butut” (agul ku kaménakan, kapriyayian). Payung Butut nyaritakeun hiji Naib nu agul ku gelar radén jeung ngaku yén manéhna téh turunan dalem. Ki Naib nolak panglamar Kuwu keur anakna lantaran lain turunan ménak, padahal antara Néng Ebah (anak Ki Naib) jeung Suganda (anak Kuwu) geus aya pakait pikir. Waktu Néng Ebah katerap kasakit nu kudu dioperasi tur kudu ditransfusi, tatanggana nu dipénta sih pitulungna mimitina arembungeun lantaran getih maranéhanana bakal ngotoran getih ménak Si Enéng. Dina gaya basa nu hirup tur direumbeuy ku humor, Payung Butut merenah pisan lamun jadi bacaan anu seger pikeun batin nu macana. Ieu roman pondok beunangna Ahmad Bakri téh meunangkeun hadiah saémbara ngarang nu diayakeun ku IKAPI Jawa Barat taun 1967 pikeun katégori umum. Citakan I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; Rp 16.000,-

JURUTULIS MALINGPING

Jurutulis Malingping (diheureuykeun ku rahayat jadi maling pingping, ngaran kawadanan sikluk di pakidulan Banten) nyaritakeun cacah nu unggah darajat jadi menak karena kawin ka randa kolot wargina istri Bendara Wadana Pangsiun. Ngaran sabenerna mah Suradi, bujang ngora kukutan Bendara Wadana basa ngemban tugas di Luragung. Ku jalan pitulung Wadana Pangsiun, Ki Suradi bisa digawe di kantor Kawadanan, najan mimitina ngan sakadar bunta-bantu jeung sok ditutah-titah tapi ahirna tinekanan jadi jurutulis wadana. Ngan hanjakal adatna jadi pindah peleumpangan, angkuh jeung sok matut-matut maneh nganggap dirina menak tulen. Situasi jaman samemeh perang nu jadi kasang tukang ieu carita digambarkeun kalayan hirup ku pangarangna. Kiblat Buku Utama, 2019; 14,5 x 21 cm; 72 hal.; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

LEMBUR SINGKUR

Roman Pondok Abdullah Mustappa Lalakon kapeurih jeung kasedih, jaman pasisian Tatar Sunda ririweuhan alatan mahabuna gorombolan. Ku­la­­warga paburantak, alatan nu jadi bapa biluk ka gu­nung, ninggalkeun anak-pamajikan anu antukna jadi paneumbleuhan kaceuceub. Tug dina hiji mangsa, go­rombolan tarurun ngajorag lembur, anu geus tangtu balaréa anu katalangsarana. Tokoh kuring, hiji budak lalaki anu ditinggalkeun ka gunung ku bapana, kudu ngalaman nyaksian indung ka­tut dua lanceukna milu kabarérang, waktu lembur sing­kur dilemahirengkeun ku gorombolan. Sabab, kitu ceuk anggapan tentara, peristiwa dijoragna éta lembur téh aya patalina jeung bapana téa. Citakan II, 2001; 11,5 x 18 cm.; 60 kaca; Rp 12.000,-