Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label Tjaraka

KEMBANG RUMAH TANGGA

Basajan, basajan pisan carita Kembang Rumahtangga beunang Tjaraka (sandiasmana Wiranta, 1902-1983) téh. Atuh anu dicaritakeunana jalma-jalma basajan deuih, sanajan aya tokoh Sujana, jalma beunghar (diréktur hiji perusahaan) anu saliwatan mah hirupna henteu bisa disebut basajan, tapi da jero-jerona mah manéhna ogé jalma basajan nu henteu réa tingkah. Dina nyaritakeunana, Tjaraka ogé basajan deuih. Henteu aya bérégégéh atawa tipepereket nyieun ceta, ku lantaran hayang béda ti nu ilahar. Teu, Tjaraka mah dina karangan-karanganana tara aya maksud kikituan. Malah sabalikna, carita-carita Tjaraka mah jiga nu hayang ilahar baé, parok jeung nu séjén. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 88 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

AWÉWÉ DULANG TINANDÉ

Tjaraka Awéwé Dulang Tinandé téh buku kumpulan carita pondok nu ngagambarkeun kahirupan urang Sunda dina tilu jaman: jaman normal (jaman Hindia Belanda), jaman Jepang (1942-1945), jeung jaman sabada Indonésia merdéka. Dina ieu buku, Tjaraka, nu ngalaman kahirupan dina éta tilu jaman, hadé pisan ngagambarkeun kondisi manusa Sunda dina masing-masing jaman, sanajan sakapeung karikatural. Nu panghadéna nyaéta “Haturan Agan Nunung Rajainten” nu mangrupa surat atawa panineungan anu ditujukeun ka Agan Nunung Rajainten nu geus maot, ngeunaan pangalaman “abdi” jeung Agan Nunung. Ku cara kitu, pangarangna sacara langsung ngagambarkeun ayana panta-panta sosial dina pakumbuhan Sunda mangsa harita. Carita-carita dina ieu buku kabéhanana ngabuktikeun yén Tjaraka téh pangarang anu seukeut panitén sosialna, sarta mampuh ngawujudkeun hasil paniténna téa dina wangunan carita nu ngagunakeun basa Sunda nu hirup hurip. Citakan I, 2011; 14,5 x 21 cm.; 200 kaca; Rp 50.000,-

MENAK BAHEULA

Dina sawatara carita karangan Tjaraka (sandiasmana Wiranta, 1902-1983), aya hiji tema anu siga jadi obsési keur nu ngarangna, nyaéta anu patali jeung kaom ménak katut kaom tani. Nu dipimaksud ku ménak dina karangan-karangan Tjaraka, lain ngan kaom priyayi nu jaman baheula baé, tapi ogé para gegedén kiwari anu hirupna di kota, nu bari tara ngaluarkeun késang hirup tina hasil patani bantingtulang ngagarap sawah ngahasilkeun béas nu jadi kadaharan utamana sapopoé. ~Ajip Rosidi Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2021; 14,5 x 21 cm.; 96 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SRIPANGGUNG

Kahirupan masarakat di kontrakan enteh tacan loba diungkab dina sastra Sunda, pa­dahal eta teh hiji kanyataan dina kahirupan urang Sun­da. Sripanggung beunangna Tjaraka kaasup kar­ya sas­tra Sunda anu ngungkab hal eta. Katara onjoy­na ieu roman mun dibandingkeung jeung kar­ya-karya liana anu nyokot kasang tukang ka­hi­rupan di kontrakan enteh. Lain bae ku lantaran ajen sas­trana leuwih unggul, tapi deuih gambaran kahi­rup­an sapopoe masarakat kontrakan anu dica­ri­ta­keun ku pangarang karasa leuwih ebreh jeung leu­wih realistik. Kiblat Buku Utama, 2002; 14,5 x 21 cm.; 154 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak