Salasahiji anu jadi perhatian Ajip ngeunaan kaayaan di Indonesia, nya masalah-masalah anu aya patalina jeung sastra. Dina taun 1995, sajeroning Ajip matuh di Jepang, di Indonesia medal buku Prahara Budaya anu ditulis ku Taufiq Ismail jeung DS Moeljanto (Mizan, Bandung 1995). Éta buku téh membuat subjudul Kilas Balik Offensif Lekra. Eusina mémang nyoko dina kaayaan di Indonésia babakuna dina awal taun 1960-an anu patalina jeung pagétréngna pamadegan kalangan seniman/budayawan di pihak Lekra jeung nu di luar eunana. Kaayaanana mémang harénghéng pisan sajalan jeung harénghéngna pulitik harita. Waktu artis/ budayawan anu aktivitasna di luareun Lekra ngembarkeun Manifes Kebudayaan, kaayaanana beuki nyongkab. Ahirna, Manifes Kebudayaan melarang ku Presiden Soekarno.Taufik Ismail jeung DS Moeljanto kaasup anu milu néken éta manifés. Ari Ajip Rosidi henteu milu néken. Tur tina hal éta, buntutna rada manjang. ~Abdullah MustappaKiblat Buku Utama, Citakan I, 2020; 14,5 x 21 cm; 347 kaca; Softcover; ISBN 978-623-7295-24-2
R. Hanapiah Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan. Tuluy manéhna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar manéhna. Hanjakal sanajan jeung dulur, manéhna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira. Bakat ku teu kuat, manéhna minggat balik ka indungna babarengan jeung lanceukna saindung-sabapa anu karék sababaraha minggu nganjrek di dinya. Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu awéwé tapi boga adat sarua goréngna, ngan untungna salakina bageur. Manéhna dijieun bujang ku adi salaki-lanceukna bari diajar maca jeung ngaji, malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua. Kungsi nepungan dulur-dulur bapana di Singaparna, ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak, tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah téa. Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal-hal nu matak ngarugikeun dirina, sarta tarékah keur kamajuan hirupn...