Tokoh dina ieu carita, Si Bohim, anak tukang patri di lembur, nu kahirupanana basajan pisan. Si Bohim teu kungsi tamat sakola dasar, sabab kababawa teu bener ku baturna, Si Kardun, anu bengal. Malah dina hiji waktu Si Bohim garelut, kakadék ku pakarang anu tuluy jadi tatu parna. Tina éta kajadian Si Bohim babalik pikir: daék sakola nu bener. Ngan waé kudu ka kota sabab éra ari kudu balik ka urut sakolana mah. Di kota manéhna dititipkeun di kapi bibina. Ngan, dasar nasib, manéhna kudu balik deui ka lembur. Lantaran geus insap, Si Bohim saregep digawé mantuan kolotna.
Dina hiji time, aya tukang sulap nu kabeneran ngamén ka lemburna jeung tuluy mondok di imahna. Tukang sulap, urang India, ménta Si Bohim mantuan manéhna ngamén. Saprak mantuan tukang sulap, Si Bohim diajar maén sulap nepi ka mahér. Ku kituna sabada tukang sulap maot, manéhna jadi gantina. Si Bohim bisa menghirup tina ladang maen sulap. Ngan, manéhna teu tulus jadi tukang sulap, karena ditipu ku batur. Ieu carita, saperti carita-carita Samsoedi lianna, loba pulunganeun, piwuruk, jeung tungtunan.

Samsoedi; Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan ka-1, 2016; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca
Komentar