Langsung ke konten utama

SEMPALAN TINA TAREH

Dina carita-carita tareh Ki Umbara, kayakinan tau­hid jeung kaihlas dina enggoning nyiar rido Allah teh jadi karasa kongkrit ku sabab dumasar kana kanyataan sajarah, lain ngan wungkul hasil ima­ji­nasi pangarangna. Ku metik carita tina tareh, Ki Umbara mere conto nyata ngeunaan praktek tau­hid jeung neangan rido Allah anu didadasaran ku kaihlas dina enggoning nyanghareupan jeung narima kadar anu tumiba minangka hasil ngaja­lan­keun kawajiban tea. Maot dina enggoning nga­ja­lankeun kawajiban lain hal anu kudu dising­kah­an, tapi diteangan sabab mangrupa jalan kana syahid—kamulyaan maksimal ahir hirup unggal Muslim. — Ajip Rosidi

Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 120 kaca; Softcover
Beli di TokopediaShopeeLazada, dan Bukalapak