Yoséph Iskandar
Kalayan tapis Yoséph Iskandar geus hasil ngahirupkeun deui pangalaman Wastu Kancana sanggeus ibu ramana sareng Citraresmi tiwas di Palagan Bubat. Kalayan alpukah pamanna, Mangkubumi Bunisora Suradipati anu dijenengkeun jadi Ratu Sunda—nyuluran putra-makuta anu can sawawa, Wastu Kancana dikirim ka Mandala Binayapanti, pikeun digodog jadi satria utama jeung taméng nagara Sunda. Tapi waktu terangeun yén kulawargana geus ngemasi pati alatan ditipu ku Gajah Mada, Wastu Kancana murka sabab kuduna mah Nagri Sunda ngabéla kahormatan nagara males pulih ka Majapait. Sabalikna, Bunisora Suradipati boga pamadegan yén kangaranan perang mah bakal nyangsarakeun rahayat jeung ngorbankeun nagara. Pamustunganana, saméméh nyanggupan diistrénan jadi Ratu Sunda, Wastu Kancana ngalalana pikeun nambahan luang jeung pangaweruh. Mimitina indit ka Pakuan Pajajaran, tuluy guguru di padépokan Susuk Lampung, nepi ka kataji ku nu geulis Déwi Sarkati.
Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 112 kaca; Rp 28.000,-

Komentar