Langsung ke konten utama

SISINDIRAN JEUNG WAWANGSALAN ANYAR

Sisindiran jeung Wawangsalan Anyar beunang Dedy Windyagiri bisa jadi buku lain munggaran ngeunaan sisindiran jeung wawangsalan. Samemehna kungsi terbit buku Wawangsalan jeung Sisindiran beunang RE Bratakusuma jeung Mas Adinata nu medali samemeh perang di Bale Pustaka.
Dina ieu buku mah urang bakal manggihan leuwih ti 150 sisindiran jeung leuwih ti 200 wawangsalan, ditambah wawangsalan rineka dangding pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula, kabehanana sisindiran jeung wawangsalan anyar.
Nitenan wawangsalan anu aya dina ieu buku kabuktian wawangsalan teh heunteu ngan ulukutek dina belut sisit saba darat, teu beunang disupa dulang, teu beunang dihurang sawah bae. Ngaran ibu kota hiji nagara, ngaran kleup maen bal, ngaran jago tinju legendaris, ngaran jago maen bal legendaris, ngaran wayang, ngaran ramo limaanana, jeung sabangsana bisa jadi ungkara wawangsalan anu teu less-kurang payusna.

Kiblat Buku Utama, 2019; 14,5 x 21 cm; 76 hal.
Beli di Tokopedia, Shopee, Lazada, dan Bukalapak

Postingan populer dari blog ini

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram...

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee , ...

DI NAGRI KATUMBIRI

Kecap, kalimah katut wirahmana lir geus gumulung jadi jenglengan khas Dedy Windyagiri anu misah ti parapanyajak sejen anu ka-dang-kadang tacan bisa ngalesotkeun tina ugeran kecap, kalimah katut adumanisna dina wangunan puisi. ~ H. Usep Romli H.M, Galura, Minggu IV, Agustus 1990 Dangding-dangding karya Dedy Windyagiri teh umumna pikabogoheun. Parantos kantenan ari perkawis aturan guru-lagu sareng guru-wilangan mah (da puguh sarat), ngatur pedotanana oge asa marerenah, bari taliti milih kecap. Dina ayana purwakanti estu basajan sahinasna tapi teu ilang endahna. Genah ditembangkeunana. ~ Apung S.W, Panganteur kumpulan dangding Jamparing Hariring, 1991 Kiblat Buku Utama, 2009; 14,5 x 21 cm; 96 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak