Langsung ke konten utama

JEMPLANG BULAN ILANG

Dian Héndrayana
Dian Héndrayana lahir di Subang, 25 Pébruari 1971. Mimiti kerep nulis sabada aktif di Kelompok Studi Budaya Sunda Rawayan, hiji komunitas diskusi di lingkungan Jurusan Basa jeung Sastra Sunda Unpad taun 90-an. Milu aktif dina widang seni tari jeung karawitan di Lingkung Seni Sunda (Lises) Unpad, sarta mimilu kana kagiatan téater. Dian gé aktif di Damas (Daya Mahasiswa Sunda) Cabang Kota Bandung sarta kungsi jadi pupuhuna période 1996-1998. Ti dinya tuluy aktif di Damas Tingkat Puseur jeung di Korps Alumni Damas.
Tulisanana winangun carpon kungsi jadi Juara I Pasanggiri D.K. Ardiwinata nu diayakeun ku Paguyuban Pasundan (1996), sarta kungsi dilélér hadiah sastra ti LBSS (1997). Atuh wangun puisina kungsi dua kali noron jadi Pinunjul I LBSS (1999, 2000). Carponna “Serat Bimbang” nu dimuat di Bandung Pos kungsi dilélér Hadiah Sastra ti Déwan Kesenian Jakarta (1999).
Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan carpon Lalakon Bingbang. Sedengkeun tulisan séjénna dimuat dina buku antologi Nyurup Lambak, Kanagan, Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta, Campaka Mangkak, Heulang nu Ngajak Béngbat, Néangan Bulan, Surat Cinta Pangarang Sunda, sarta Antologi Puisi Indonesia. Ayeuna Dian mancén gawé di Universitas Pendidikan Indonesia (UPI).
Citakan I, 2012; 14,5 x 21 cm.; 52 kaca; Rp 15.000,-

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee , ...

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram...

DI NAGRI KATUMBIRI

Kecap, kalimah katut wirahmana lir geus gumulung jadi jenglengan khas Dedy Windyagiri anu misah ti parapanyajak sejen anu ka-dang-kadang tacan bisa ngalesotkeun tina ugeran kecap, kalimah katut adumanisna dina wangunan puisi. ~ H. Usep Romli H.M, Galura, Minggu IV, Agustus 1990 Dangding-dangding karya Dedy Windyagiri teh umumna pikabogoheun. Parantos kantenan ari perkawis aturan guru-lagu sareng guru-wilangan mah (da puguh sarat), ngatur pedotanana oge asa marerenah, bari taliti milih kecap. Dina ayana purwakanti estu basajan sahinasna tapi teu ilang endahna. Genah ditembangkeunana. ~ Apung S.W, Panganteur kumpulan dangding Jamparing Hariring, 1991 Kiblat Buku Utama, 2009; 14,5 x 21 cm; 96 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak