Langsung ke konten utama

NU KEUR NÉANGAN

Ganjar Kurnia
Di antara fikminer nu kawilang produktif téh, nya nu ngarang ieu buku. Lain ukur milu ngeusian la­pak ku karya-karyana deuih, Ganjar Kurnia gé di antara nu mélaan sangkan fiksimini jadi bagian tina génre sastra Sunda tur puguh papayung élmuna. Kanyaahna kana sastra Sunda, pangpangna fiksimini, katémbong tina sawatara kagiatan nu dipokalan ku anjeunna: ti mimiti paméran fikmin grafis (istilah pi­keun wanda fiksimini nu geus digambaran), diskusi fikmin, jeung sawatara kagiatan saémbara fikmin.
Mun ngukur kana produktivitasna, di antara kasi­bukanana jadi Réktor Unpad, Ganjar Kurnia bisa nga­rang 156 naskah fikmin jero sataun. Rata-rata nulis 3 judul fikmin dina saminggu. Nu dimuat dina ieu buku téh sabagian ti nu 156 téa. Mun ngukur kana panjangna, rata-rata fikmin nu ditulisna téh 50 kecap. ~ Dadan Sutisna, Pupuhu Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS)
Citakan I, 2012; 13 x 17 cm.; 72 kaca; Rp 20.000,-

Komentar