Langsung ke konten utama

Postingan

PARAWAN DI JALAN SEPI

A. Conan Doyle Disundakeun ku Bratakusuma Parawan nu biasa tumpak karéta mesin di jalan sepi téh sihoréng boga masa­lah beurat, nu matak manéhna datang ka Sherlock Holmes ogé. Geus aya dua minggu leuwih manéhna ditutur-tutur ku lalaki misté­rius tur tumpak karéta mesin deuih di tengah leuweung geledegan. Saperti biasa, unggal poé ma­néh­na téh tumpak karéta mesin indit di­gawé nga­jarkeun piano ka anakna Tuan Carruthers. Nu jadi masalah keur Nyi Para­wan, waktu manéhna keur aya di imah Tuan Carruthers, ujug-ujug di­tang­keup ku Woodley jeung dipaksa kudu nyium manéh­na. Ari Woodley téh sobat dalit Tuan Carruthers nu geus sababa­ra­ha poé aya di imahna. Ku kajadian éta Tuan Carruthers paséa rongkah jeung Woodley. Dina seuhseuhanana, Tuan Carruthers jeung Woodley téh ngaku-ngaku jadi sobat pamanna Nyi Para­wan, nu geus dua puluh lima taun ngumbara ka Afrika Kidul bari euweuh béja-béjana acan.  Citakan I, 2015, 64 kaca, Rp 20.000,-

KUDU DIMIMITAN DI IMAH

Ajip Rosidi   Masalah kumaha bahasa Sunda jaga, masih jadi bahan po­lé­mik nu teu anggeus-anggeus. Aya nu pésimis ku sabab ba­rudak ngora beuki saeutik anu ngagu­nakeun basa Sunda. Tapi aya nu optimis, da cenah loba kénéh barudak ngora nu ngagu­nakeun basa Sunda, cara anu kasaksian dina internét. Nu si­dik masalah lumangsungna basa Sunda mémang kudu dipi­kir­an jeung disang­hareupan ku urang Sunda, henteu bisa nga­rep-ngarep baris diungkulan ku pamaréntah anu henteu boga per­hatian kana kabu­dayaan, komo kana kabudayaan daérah kaa­sup kana basa jeung sastrana. Sawatara karangan nu dimuat dina buku ieu ngabahas ma­salah basa jeung budaya Sunda, nu lianna tulisan ngeunaan sa­­wa­­tara tokoh budaya urang Sunda. Ngan hiji nu ngeunaan bang­sa deungeun nyaéta tulisan ngeunaan Prof. Dr. A. Teeuw—sarjana urang Walanda nu gedé katineungna kana kabu­dayaan pang­pang­na kasusastran Indonésia. Tapi henteu lila saméméh pupus anjeunna némbongkeun minat kana naskah Sunda Kuna mang­rupa buku an...

NÉNG MAYA

jeung Carita-Carita Lianna   Dipilih sarta dipanganteuran ku C.W. Watson   Kumpulan carpon (carita pondok) atau cerpen ini mengumpulkan cerita-cerita (berbahasa Sunda) dari sejumlah pengarang Sunda yang melukiskan keadaan dan suasana yang akrab dialami, ditemui dan disikapi oleh masyarakat Sunda (Jawa Barat). Rentang tema carpon-carpon dalam Neng Maya jeung carita-carita lianna ini cukup luas: kesulitan dan kesusahan yang dialami rakyat kecil masa kini, seperti guru honorer atau tukang ojeg, dan bagaimana keadaan itu mereka sikapi dengan cara khas masyarakat Sunda; dunia gaib; sejarah tanah Sunda masa lalu (zaman revolusi, “gerombolan” DI/TII, awal Orde Baru); romantika hubungan lelaki-perempuan; dan sebagainya. Penyunting atau pengumpulnya, C.W. Watson, Profesor di Sekolah Bisnis dan Manajemen ITB, sudah lama tertarik pada sastra Indonesia dan pernah menerjemahkan sejumlah karya sastra Indo­nesia dan Sunda ke dalam bahasa Inggris dalam upaya memperke­nalkan khazanah buda...

SRIKANDI NÉANGAN GAWÉ

Tiktik Rusyani   Tiktik Rusyani milu ngawedelan réngréngan pangarang wanoja Sunda, ku carpon-carponna nu mimiti katangén taun 2005, basa karyana Srikandi Néangan Gawé jadi pinunjul saém­bara nulis carpon nu diayakeun ku SKM Kujang . Karya-karya Tiktik Rusyani saterusna, mindeng némbongan dina ma­jalah Manglé , jeung rubrik carpon Sunda Tribun Jabar . Medalna Srikandi Néangan Gawé , mangrupa salah sahiji bukti yén régenerasi kapangarangan Sunda henteu mendet. Kaasup di kalangan pangarang wa­no­ja. Kawilang lancar tur mayeng. ~ Usép Romli H.M.   Kiblat Buku Utama jeung PPSS, Citakan I, 2014, 76 kaca, Rp 20.000,-

NYI SARIKINGKIN

Tb. Djajadilaga Dina Nyi Sarikingkin nu maca bakal nimu jalan carita anu méh sarimbag jeung dongéng kamashur ti negeri deungeun, nyaéta Cinderélla. Malah carita anu sawanda jeung Cin­derélla mah universal. Aya rumaja awé­wé (biasana) geulis boh ti kalangan cacah boh ti kalangan mé­nak anu sang­sara, saperti dikakaya ku indung jeung lanceukna nu awé­wé misalna. Ku lan­taran kasabaranana dina narima nasibna, manéhna ditulungan ku ipri, jin atawa pohaci, tuluy (biasa­na) papanggih atawa dipanggihkeun jeung pangéran anom anu kasép, nu engkéna bakal jadi raja adil palamarta. Dina ieu buku, nyi mojangna téh ti kalangan ménak,  bapana salah sahiji bangsawan di hiji karajaan gedé. Ngan sabada ditinggalkeun maot ku indungna, bapana meunang­keun indung té­ré jeung lanceuk-lanceuk nu garoréng adat ka manéhna. Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2014, 64 kaca, Rp 20.000,-

KEMBANG-KEMBANG ANTEN

Aam Amilia lahir tur gede di Bandung. Ti umur 12 taun geus resep tulas-tulis. Cerpenna, "Ulang Tahun", dimuat dina Lembaran Minggu Pikiran Rakyat. Carponna nu munggaran "Timburu" kapanggih ku Muh. Rustandi Kartakusumah, dimuat dina Mangle keur Aam umur 16 taun. Saterusna jadi pangarang dina dua basa. Nepi ka ayeuna, geus 25 judul bukuna nu terbit. Di antarana 6 judul novel dina basa Sunda: Puputon (1979), Buron (1980), Kalajengking (1980), Panggung Wayang (1992), Suminar (2008), Talaga Malihwarni (2012). Dina basa Indonesia: Jago-jago Bandung Selatan (1970), Karena Kasih Sayangmu (1971), Di Ujung Bayang-bayang (1989), Kutunggu di Bukit Bunga (2005), jste. Novelna Sanggeus Halimun Peuray (1992) diangkat kana film ku Dewan Film Nasional (DFN). Kiblat Buku Utama, Cit. II, 2021; 14,5 x 21 cm; 204 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

DUA WANOJA

Chy é R étty Isn énd és   Dua Wanoja téh buku kumpulan carpon Chyé Rétty Isnéndés nu munggaran. Dua Wanoja mangrupa carpon simbolik nu mawa gagasan-gagasan kawanojaan, patalina pamikiran katut rasa wanoja jeung dirina pribadi, sasamana, lawan jinisna, dunya kréatifna, sarta masarakatna. Chyé Rétty Isnéndés, pituin urang Nagrak-Sukabumi, lahir 2 Désémber 1972. Kiwari cekel gawé di Ju­rusan Pendidikan Bahasa Daérah (UPI). Nu­lis sajak, car­pon, novelét, jeung éséy, pang­pangna dina basa Sunda. Kar­ya sastrana nu di­bu­kukeun: Kidang Ka­wi­sa­ya (1999), Nu Nyusuk dina Sukma (2010), Jamparing (2012), Handeuleum 'na Haté Beureum (2014), jeung Dua Wanoja (2014). Panglélér dina widang sastra di antarana: Piagem Sastra ti LBSS kana skripsina “Analisis Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén Suka­bumi” (1998) jeung Hadiah Sastra Rancagé ti Yayasan Kebudayaan Ran­cagé keur kumpulan sajakna Kidang Kawisaya (2000). Salian ti nulis karya sastra, Chyé oge nulis buku nu patalina...