Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2022

DI NAGRI KATUMBIRI

Kecap, kalimah katut wirahmana lir geus gumulung jadi jenglengan khas Dedy Windyagiri anu misah ti parapanyajak sejen anu ka-dang-kadang tacan bisa ngalesotkeun tina ugeran kecap, kalimah katut adumanisna dina wangunan puisi. ~ H. Usep Romli H.M, Galura, Minggu IV, Agustus 1990 Dangding-dangding karya Dedy Windyagiri teh umumna pikabogoheun. Parantos kantenan ari perkawis aturan guru-lagu sareng guru-wilangan mah (da puguh sarat), ngatur pedotanana oge asa marerenah, bari taliti milih kecap. Dina ayana purwakanti estu basajan sahinasna tapi teu ilang endahna. Genah ditembangkeunana. ~ Apung S.W, Panganteur kumpulan dangding Jamparing Hariring, 1991 Kiblat Buku Utama, 2009; 14,5 x 21 cm; 96 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

BABASAN & PARIBASA 2

Pikeun ngumpulkeun babasan jeung paribasa anu dimuat di dieu, pangarang nyutatan babasan jeung paribasa anu kasampak dina karya sastra para pangarang Sunda nu geus moal bireuk deui. Minangka conto dipakena babasan jeung paribasa anu dimaksud, pangarang nyutat kalimah anu ngagunakeun eta paribasa tina buku-buku anu dijadikeun sumber. Buku ngeunaan babasan jeung paribasa teh, lain bae perelu dina hirup kumbuh urang Sunda kiwari anu beuki jauh tina basa Sunda, tapi pangpangna mah sangkan jadi cecekelan urang Sunda anu hayangeun boga referensi ngeunaan basana jeung sakaligus mangrupa gambaran ngeunaan kakayaan batin Ki Sunda. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 188 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

KEMBANG RUMAH TANGGA

Basajan, basajan pisan carita Kembang Rumahtangga beunang Tjaraka (sandiasmana Wiranta, 1902-1983) téh. Atuh anu dicaritakeunana jalma-jalma basajan deuih, sanajan aya tokoh Sujana, jalma beunghar (diréktur hiji perusahaan) anu saliwatan mah hirupna henteu bisa disebut basajan, tapi da jero-jerona mah manéhna ogé jalma basajan nu henteu réa tingkah. Dina nyaritakeunana, Tjaraka ogé basajan deuih. Henteu aya bérégégéh atawa tipepereket nyieun ceta, ku lantaran hayang béda ti nu ilahar. Teu, Tjaraka mah dina karangan-karanganana tara aya maksud kikituan. Malah sabalikna, carita-carita Tjaraka mah jiga nu hayang ilahar baé, parok jeung nu séjén. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 88 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

MERCEDES 190

Ramena anu maraca narulis pamanggihna ngeunaan Mercedes 190 ném­bongkeun yen eta carita teh memang pada ma­raca, pada mikaresep. Nurutkeun pamanggih Muh. Rustandi, carita (sastra) teh kudu dipi­ka­resep ku nu macana; padahal karya-karya sastra In­donesia moderen beunang para sastra­wan ngora sidik henteu dipika­re­sep ku nu maracana, jadi henteu dibara­ca. Rustandi nganggap yen para sas­tra­wan Indonesia nurutan teuing para sastrawan Barat, nepi ka hen­teu wanoh ka nu maraca karya-karyana, nyaeta bangsana sorang­an. Nepi ka aya nu boga anggapan yen karya sastra anu luhur ajenna mah nyaeta anu hese dihartikeunana ku nu maracana. Muh. Rustandi hayang nga­buktikeun yen karya sastra anu hade, anu luhur ajenna oge bisa dipikaresep ku nu maracana. Mercedes 190 dianggap conto nu ngabuktikeun pamanggihna tea. ~  Ajip Rosidi Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 cm; 112 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

GANJARAN KAHADEAN

Kasanggakeun ieu dongeng rupa-rupa. Aya fabel (carita sasatoan), aya carita jaman karajaan. Ditambah carita kaagamaan nu dicutat tina sawatara kitab. Eusina, nyoko kana perkara ganjaran ka sing saha anu nyieun kahadean, jeung wawales ka nu nyieun kagorengan. Mugi janten pieunteungeun dina pakumbuhan hirup sapopoe. ~ Usep Romli H.M. Kiblat Buku Utama, 2018: 14,5 x 21 cm; 44 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SABOBOT SAPIHANEAN SABATA SARIMBAGAN

Dina "Sabobot Sapihanean Sabata Sarimbagan"—novel psikologis romantis antara lalaki jeung awewe, salaki jeung pamajikan—Rustandi hayang ngagambarkeun ngahijina—dina pranata kulawarga—dua jalma nu masing-masing boga kasang tukang budaya nu dikotomis-antagonis kadangkala konflik: lembur (Anah, teu dicaritakeun kungsi sakola, diistilahkeun ku Rustandi “bau lisung”)—kota (Tatang, lulusan paguron luhur, insinyur, “bau gedong”), tradisional—moderen, menak—cacah. Anu bisa ngahijikeun ieu dua budaya nyaéta cinta anu ngagalura di antara kadua jalma. Dina ngagambarkeun kasang tukang budaya tokoh-tokohna, konflik antara dua budaya jeung cara ngudaranana eta konflik, Rustandi ngagunakeun basa—kalimah jeung kecap—anu ringkes tapi pinuh ku siloka, silib-sindir sarta semu, plastis jeung asosiatif, dirangkay ku kaparigelan nyaritakeunana sanajan jalan caritana ukur basajan (papanggihna Anah jeung Tatang, cukang lantaran konflik antara Anah, si cacah kuricakan, jeung Bu Danu, ibuna Tatang, si

PRABU ANOM - Le Petit Prince Edisi Basa Sunda

Dina hiji wanci, aya Prabu Anom nu neangan domba di tengah sagara keusik... Nu manggihanna ge teu percayaeun. Naha aya budak di tengah gurun? Naha nyasab, kiru? Tapi si budak teh teu siga nu nyasab, kalahka haben we menta domba. Teu disawang, geuning budak teh pikanineungeun tur caang pikir. Ti man budak teh asalna? Naha manehna nyaba ka Sahara? Kunaon bet hayangeun domba? Ieu carita geus didongengkeun ti mimiti taun 1943, kungsi ditarjamahkeun oge ka 300 leuwih basa di sakuliah dunya. Ahirna medal oge buku caritana dina basa Sunda. Ieu buku teh salian ngagunakeun basa Sunda, direumbeuy oge ku aksara Sundana pikeun latihan diajar aksara Sunda Kiblat Buku Utama, Cit. II, 018, 14,5 x 21 cm, 172 kaca, full color, Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

LALAMPAHAN PA MOHALAN

Dedeg pangadegna sedeng bae jangkung henteu, pendek henteu, kulitna hideung tapi beresih; pasemonna pika­cong­­gaheun sarerea. Ari ngaranna nu sabenerna mah Ma­jusup; dise­but Pa Mohalan soteh, eta mah panglandi babaturanana bae, dumeh ari ngabohong tara euleum-euleum; jeung eta deuih caritana teh bangsa nu pa­mo­halan bae, geura engke urang ban­dungan lamun manehna keur nyarita. “Barang bapa malik rek lumpat, neuleu buaya gede naker, sungutna calawak mani kawas guha, arek ngalegleg. Bawaning ku bingung, tungtungna rumpuyuk ngalumpu­ruk dina ta­neuh kawas kapuk kaibun, leu­leus taya tangan panga­wasa. Ingetan teh taya deui, lamun teu jadi eusi beuteung singa, tangtu diteureuy buleud ku buaya. Reup bapa teh peureum, hate luas kari kumaha behna. Ari beunta bari cengkat, bet singa teh huluna keur di­heung­heum ku buaya. Tadi, basa nga­rumpuyuk ba­kating ku kasima tea, eta singa ngarontok, tapi kalepasan, ana geblus meneran pisan asup kana sungut buaya anu keur calawak, tipelag di­na tikor

SAILON

Datangna ka Lamhong Hakim Pao Kong ngemban pancen ti kota raja, kudu memeres kaayaan kota katut pangeusina. Ku siasat­na jeung kapin­teranana, dina kaayaan kota keur meu­jeuh­na harengheng, hakim nu bara­ngasan tapi wijaksana teh geus bisa nembongkeun komara katut wiba­wa­na. Basa kantor pangadilan dijorag ku karaman, Pao Kong ku siasatna geus bisa nimbulkeun kesan yen datangna ka Lamhong teh dibarengan ku sapasukan tentara ti kotaraja. Padahal dina kanyataanana mah hakim teh ukur diiring ku sababaraha puluh urang pagawena bae. Di masa­­ra­kat kota Lamhong teu kanyahoan timbul kayakinan yen kota tapel wates teh dijaga ku tentara. Padahal tentara hayalan malulu, hasil kabinangkitan jeung siasat militer anu jétu ti Pao Kong jeung anak buahna. Kiblat Buku Utama; 14,5 x 21 cm; 68 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

JANG ADUL SABATUR-BATUR

Poé Saptu kamari, Ibu Guru ngawulangkeun pupuh “Kinanti”. Guguritanana “Budak Leutik Bisa Ngapung”. Jang Adul sabatur-batur raresepun pisan. Mimiti babarengan ngawih. Terus saurang-saurang ka hareup. Aya nu geus lancar pisan. Aya nu aga-eugeu kénéh. Jang Adul kaasup nu lancar. Budak leutik bisa ngapung Babaku ngapungna peuting Nguriling kakalayangan Néangan nu amis-amis Sarupaning bungbuahan Naon baé nu kapanggih Ari beurang ngagarantung Eunteup dina dahan kai Disada kokoréakan Cing pék ku maranéh pikir Nu kitu naon ngaranna Lolong lamun teu kapanggih “Sok teguh, éta sato naon ? ” Ibu Guru naros. Barudak jarempé. Kiblat Buku Utama, 2019,; 14,5 x 21 cm; 72 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

TAPAK MERI 1 - Catetan Harian Ajip Rosidi - 1995

Ceuk tinimbangan sim kuring mah, catetan harian anu saperti kieu penting hartina pikeun masarakat, komo deui pikeun kahirupan urang Sunda anu mindeng titatarajong dina nyurahan deui titinggal mangsa ka tukangna, kaasup dina pandanganana ngeunaan bangsa sejen, nepi ka balukarna teu pati ajeg dina nyawang pikahareupeunana. Henteu rea anu bisa dipak keur babandingan teh, karena umumna anu diparake referensiana teu less-kurang anu henteu nyoko kana fakta nu sabenerna. Anu ditembrakkeun ku Ajip dina catetan harianana, sanajan sipatna subyektif, jeung ngurung waktu anu kadieunakeun, cek pangrasa mah bisa dipake salasahiji sumber pikeun ngabeungharan pakaya batin, kaasup dina enggoning ngeunteung kana nu ka tukang-tukang, nyurahan pajamanan anu keur kaalaman kiwari jeung pikeun nyawang mangsa-mangsa nu bakal datang. Bakal leuwih gede hartina, lamun aya urang Sunda sejenna anu milu nyumbangkeun rupaning pangalaman jeung sawanganana sarta dipublikasikeun ka balarea. Ku cara kitu batin urang Sun

TAPAK MERI 2 - Catetan Harian Ajip Rosidi - Januari-Juni 1996

Saperti dina Tapak Meri nu kahiji, dina nu ieu gé loba nyatetkeun rupaning pamanggih ngeunaan kahirupan sastra, kaasup anu aya pakuat pakaitna jeung kahirupan. Di antarana aya pamanggih Sionél José ti Filipina anu boga anggapan sastra Jepang kesanna dijieun-jieun. Sanajan aya tambahna yén kesanna kitu téh bisa jadi henteu pati bener karena macana dina terjemahanana. Kitu deui patalina sastra jeung jurnalistik atawa jeung sajarah. Perkara ngokolakeun organisasi di urang jadi salasahiji perhatian Ajip dina catetanana. Salian ti ngeunaan LBH, dan rada panjang didadarkeun masalah Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) jeung Paguyuban Pangarang-Sastra Sunda (PP-SS) dan ahirna robah ngaran jadi Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS). Ceuk pamanggih Ajip mah éta dua organisasi anu kagiatanana patali jeung masalah basa katut sastra Sunda téh diurusna teu bener. ~ Abdullah Mustappa Kiblat Buku Utama, 2019; 14,5 x 21 cm; 296 kaca, Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Bukalapak

TAPAK MERI 3 - Catetan Harian Ajip Rosidi - Juli-Desember 1996

Salasahiji anu jadi perhatian Ajip ngeunaan kaayaan di Indonesia, nya masalah-masalah anu aya patalina jeung sastra. Dina taun 1995, sajeroning Ajip matuh di Jepang, di Indonesia medal buku Prahara Budaya anu ditulis ku Taufiq Ismail jeung DS Moeljanto (Mizan, Bandung 1995). Éta buku téh membuat subjudul Kilas Balik Offensif Lekra. Eusina mémang nyoko dina kaayaan di Indonésia babakuna dina awal taun 1960-an anu patalina jeung pagétréngna pamadegan kalangan seniman/budayawan di pihak Lekra jeung nu di luar eunana. Kaayaanana mémang harénghéng pisan sajalan jeung harénghéngna pulitik harita. Waktu artis/ budayawan anu aktivitasna di luareun Lekra ngembarkeun Manifes Kebudayaan, kaayaanana beuki nyongkab. Ahirna, Manifes Kebudayaan melarang ku Presiden Soekarno. Taufik Ismail jeung DS Moeljanto kaasup anu milu néken éta manifés. Ari Ajip Rosidi henteu milu néken. Tur tina hal éta, buntutna rada manjang. ~Abdullah Mustappa Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2020; 14,5 x 21 cm; 347 kaca; Softco

SURAT-SURAT TI JEPANG 1

Dina surat-surat anu kapilih dimuat dina ieu buku bakal katangen sibuk jeung tulatenna Ajip Rosidi enggoning ngajeujeuhkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, sanajan kudu ngadalian ti kaanggangan. Hiji garapan jugala keur ayeuna jeung jaga, tidak mungkin bisa dilakonan ku jalma anu kacintana kana basa, sastra jeung budaya Sunda ukur semet biwir mandahong tea. Teu salah lamun Ajip Rosidi dianggap gegedug revolusi literasi. Nu ngagedurkeun sumanget balarea pikeun daek maca. Waktu mancen Ketua Ikatan Penerbit Indonsia (IKAPI) dina taun 1970-an geus hasil ngayakinkeun pamarntah nu harita hojih balukar booming harga minyak bumi, pikeun meulian buku keur perpustakaan sakola. Pangpangna carita budak jeung rumaja. Nepi ka lahir Instruksi Presiden (Inpres). Ngadegkeun wangunan-wangunan SD (nu katelah SD Inpres) sarta ngalengkepanana ku buku bacaan (nu katelah buku Inpres). Unggal judul buku Inpres dibeuli kontan 130.000 eksemplar. Royaltina ge dibayar kontan sanggeus eta buku katarima ku sakol

SURAT-SURAT TI JEPANG 2

Dina surat-surat anu kapilih dimuat dina ieu buku bakal katangen sibuk jeung tulatenna Ajip Rosidi enggoning ngajeujeuhkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, sanajan kudu ngadalian ti kaanggangan. Hiji garapan jugala keur ayeuna jeung jaga, tidak mungkin bisa dilakonan ku jalma anu kacintana kana basa, sastra jeung budaya Sunda ukur semet biwir teh mandahong. Teu salah lamun Ajip Rosidi dianggap gegedug revolusi literasi. Nu ngagedurkeun sumanget balarea pikeun daek maca. Waktu mancen Ketua Ikatan Penerbit Indonsia (IKAPI) dina taun 1970-an geus hasil ngayakinkeun pamarntah nu harita hojih balukar booming harga minyak bumi, pikeun meulian buku keur perpustakaan sakola. Pangpangna carita budak jeung rumaja. Nepi ka lahir Instruksi Presiden (Inpres). Ngadegkeun wangunan-wangunan SD (nu katelah SD Inpres) sarta ngalengkepanana ku buku bacaan (nu katelah buku Inpres). Unggal judul buku Inpres dibeuli kontan 130.000 eksemplar. Royaltina ge dibayar kontan sanggeus eta buku katarima ku sakol

SURAT-SURAT TI JEPANG 3

Dina surat-surat anu kapilih dimuat dina ieu buku bakal katangen sibuk jeung tulatenna Ajip Rosidi enggoning ngajeujeuhkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, sanajan kudu ngadalian ti kaanggangan. Hiji garapan jugala keur ayeuna jeung jaga, tidak mungkin bisa dilakonan ku jalma anu kacintana kana basa, sastra jeung budaya Sunda ukur semet biwir teh mandahong. Teu salah lamun Ajip Rosidi dianggap gegedug revolusi literasi. Nu ngagedurkeun sumanget balarea pikeun daek maca. Waktu mancen Ketua Ikatan Penerbit Indonsia (IKAPI) dina taun 1970-an geus hasil ngayakinkeun pamarntah nu harita hojih balukar booming harga minyak bumi, pikeun meulian buku keur perpustakaan sakola. Pangpangna carita budak jeung rumaja. Nepi ka lahir Instruksi Presiden (Inpres). Ngadegkeun wangunan-wangunan SD (nu katelah SD Inpres) sarta ngalengkepanana ku buku bacaan (nu katelah buku Inpres). Unggal judul buku Inpres dibeuli kontan 130.000 eksemplar. Royaltina ge dibayar kontan sanggeus eta buku katarima ku sakol

SURAT-SURAT TI JEPANG 4

Dina surat-surat anu kapilih dimuat dina ieu buku bakal katangen sibuk jeung tulatenna Ajip Rosidi enggoning ngajeujeuhkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, sanajan kudu ngadalian ti kaanggangan. Hiji garapan jugala keur ayeuna jeung jaga, tidak mungkin bisa dilakonan ku jalma anu kacintana kana basa, sastra jeung budaya Sunda ukur semet biwir teh mandahong. Teu salah lamun Ajip Rosidi dianggap gegedug revolusi literasi. Nu ngagedurkeun sumanget balarea pikeun daek maca. Waktu mancen Ketua Ikatan Penerbit Indonsia (IKAPI) dina taun 1970-an geus hasil ngayakinkeun pamarntah nu harita hojih balukar booming harga minyak bumi, pikeun meulian buku keur perpustakaan sakola. Pangpangna carita budak jeung rumaja. Nepi ka lahir Instruksi Presiden (Inpres). Ngadegkeun wangunan-wangunan SD (nu katelah SD Inpres) sarta ngalengkepanana ku buku bacaan (nu katelah buku Inpres). Unggal judul buku Inpres dibeuli kontan 130.000 eksemplar. Royaltina ge dibayar kontan sanggeus eta buku katarima ku sakol

SURAT-SURAT TI JEPANG 5 - Januari-Juni 1984

Dina surat-suratna Ajip némbongkeun ambahan wawasan nu leg pisan kana kabudayaan. Pikeun Ajip kabudayaan lain ngan ukur sastra, basa, seni rupa, tapi deuih perbukuan, politik, ideologi, atikan, filsafat, sosial, ekonomi, kadaérahan, kanasionalan, katut sakabéh pasualan hirup manusa jeung kamanusaan. Kaasup silaturahmi sarta tulung tinulungan jeung papada jalma. Teu kalis anggang di Jepang dina waktu sakitku lilana, 22 taun campleng, Ajip tetep miara silaturahim. Paling hentai ku surat. Sanajan surat-surat 1980-1992 nu ditujukeun ka sakabéh kawawuhan nu ngagunakeun basa sunda, henteu kabéh pengkuh ngabahas basa atawa sastra sunda wungkul. Sakumaha nu geus disebut di luhur, dina surat-suratna Ajip ngabahas sagala perkara nu kawilang parenting. Kaasup kaayaan lemah cai nu teu weléh dituturkeun ti mangsa ka mangsa, ngaliwatan surat kabar, majalah, télévisi jeung informasi tina surat-surat balesan ti nu dikiriman. ~ Usép Romli HM Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2020; 14,5 x 21 cm; 226 kaca; S