Langsung ke konten utama

Postingan

CATETAN POÉAN RÉRÉ

Ai Koraliati Ieu novel ngangkat masalah nu saméméhna tacan kungsi dijadi­keun téma dina sastra Sunda, komo carita budak, nyaéta hiji masalah ka­jiwaan budak banci. Ku pangarang­na éta masalah ditepikeun sacara basajan tapi “kategangan” dijaga ku cara disingraykeun saeutik nurut­keun catetan poéan adina nu awé­wé. Ma­salah anu muskil téh dicarita­keun ku pangarangna tina kacama­ta budak awéwé nu awahing ku kapaksa jadi panang­gung­jawab rumah tangga kulawarga, lantaran indungna maot ari bapana indit. Basa Sunda anu digunakeun ku pa­nga­rangna éstuning taliti tur apik, ku kituna hadé pisan mun dipaké conto pikeun barudak nu maracana. Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 60 kaca, Rp 16.000,-

CARITA BUDAK YATIM

R. Hanapiah Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan. Tuluy manéhna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar manéhna. Hanjakal sanajan jeung dulur, manéhna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira. Bakat ku teu kuat, manéhna minggat balik ka indungna babarengan jeung lanceukna saindung-sabapa anu karék sababaraha minggu nganjrek di dinya. Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu awéwé tapi boga adat sarua goréngna, ngan untungna salakina bageur. Manéhna dijieun bujang ku adi salaki-lanceukna bari diajar maca jeung ngaji, malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua. Kungsi nepungan dulur-dulur bapana di Singaparna, ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak, tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah téa. Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal-hal nu matak ngarugikeun dirina, sarta tarékah keur kamajuan hirupn...

KAMUS BASA SUNDA R.A. DANADIBRATA

Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran (Edisi Hardcover) Kamus basa Sunda medal deui. Ayeuna mah R.A. Danadibrata (1905-1987) nu nyusunna téh. Hasil kumpal-kempil kukumpul kekecapan salila 40 taun éta téh. Ti 1930-1970-an persisna mah. Munasabah mun jumlah éntrina pangréana, 40.000 kitu atuh. Mangga bandingkeun sareng kamus basa Sunda liana. Katara geura onjoyna. A Dictionary of the Sunda Language of Java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, éntrina ngan 9.308. Kamus Basa Sunda (1948) yasana Sacadibrata ngan ngawadahan 18.000 éntri. Demi Soendaas-Nederlands Woordenboek (1984) anu disusun ku F.S. Eringa ngan nepi ka 22.500 éntri. Lebah dinya nyongcolangna Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata téh. Nu matak salila 150 taun lalakon nyusun kamus basa Sunda, sigana nya R.A. Danadibrata pisan nu bias ngalengkepan kandaga kamus Sunda. Geuning sidik basa Sunda téh beunghar.   Cit. V, 2015; 18,5 x 24,5 cm.; 782 kaca; Rp 310.000,-

SUDAGAR BATIK

Ahmad Bakri Si Kasja ngejat. Mimitina mah dicarékan ku ba­pana, tapi bet kalepasan, nepi ka diteunggeulna pisan. Ari geus karuhan anakna minggat mah, Ba­pa Si Kasja teu burung kaduhung, terus baé di­té­angan. Tapi sanggeus sababaraha poé, lebeng eu­weuh raratanana. Tungtungna Bapa Si Kasja ge­ring, nepi ka maotna. Sanggeus ditinggalkeun ku salakina, Bi Arwiah hi­rup kadua anakna, Si Inén. Pagawéanana ukur bu­buruh. Sawah geus euweuh, urut mulasara sa­lakina. Kumaha atuh ari nasib Si Kasja? Naha hi­rup kénéh atawa geus maot?   Cit. III, 2015, 14,5 x 21 cm., 81 kaca, Rp 20.000,-

NADRAN

Ahmad Bakri   Aya tujuh carpon nu dikumpulkeun dina ieu buku nu dijudulan ku salah sahiji carponna, “Nadran” tur kabéhanana kungsi dimuat dina majalah Katumbiri . Dina Nadran , saperti dina carpon-carpon Ahmad Bakri lianna, kahirupan pilemburan (Sunda) jadi kasang tukangna, sanajan téma dina ieu buku téh rupa-rupa, kayaning romantika hubungan lalaki-awéwé (”Nu Kungsi Eun­teup dina Lelembutan” jeung “Nadran”), kapercayaan kana tahayul (Jimat), suasana dina usum ngaronda (”Musim Haréng­héng”), jsb-na. Ku parigelna Ahmad Bakri ngaraéh carita, di­beung­haran ku paguneman anu hirup tur direumbeuy ku humor, pantes lamun karya-karyana pangréana dibaca tur dipikaresep ku balaréa.   Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2015, 64 kaca, Rp 18.000,-

PARAWAN DI JALAN SEPI

A. Conan Doyle Disundakeun ku Bratakusuma Parawan nu biasa tumpak karéta mesin di jalan sepi téh sihoréng boga masa­lah beurat, nu matak manéhna datang ka Sherlock Holmes ogé. Geus aya dua minggu leuwih manéhna ditutur-tutur ku lalaki misté­rius tur tumpak karéta mesin deuih di tengah leuweung geledegan. Saperti biasa, unggal poé ma­néh­na téh tumpak karéta mesin indit di­gawé nga­jarkeun piano ka anakna Tuan Carruthers. Nu jadi masalah keur Nyi Para­wan, waktu manéhna keur aya di imah Tuan Carruthers, ujug-ujug di­tang­keup ku Woodley jeung dipaksa kudu nyium manéh­na. Ari Woodley téh sobat dalit Tuan Carruthers nu geus sababa­ra­ha poé aya di imahna. Ku kajadian éta Tuan Carruthers paséa rongkah jeung Woodley. Dina seuhseuhanana, Tuan Carruthers jeung Woodley téh ngaku-ngaku jadi sobat pamanna Nyi Para­wan, nu geus dua puluh lima taun ngumbara ka Afrika Kidul bari euweuh béja-béjana acan.  Citakan I, 2015, 64 kaca, Rp 20.000,-

KUDU DIMIMITAN DI IMAH

Ajip Rosidi   Masalah kumaha bahasa Sunda jaga, masih jadi bahan po­lé­mik nu teu anggeus-anggeus. Aya nu pésimis ku sabab ba­rudak ngora beuki saeutik anu ngagu­nakeun basa Sunda. Tapi aya nu optimis, da cenah loba kénéh barudak ngora nu ngagu­nakeun basa Sunda, cara anu kasaksian dina internét. Nu si­dik masalah lumangsungna basa Sunda mémang kudu dipi­kir­an jeung disang­hareupan ku urang Sunda, henteu bisa nga­rep-ngarep baris diungkulan ku pamaréntah anu henteu boga per­hatian kana kabu­dayaan, komo kana kabudayaan daérah kaa­sup kana basa jeung sastrana. Sawatara karangan nu dimuat dina buku ieu ngabahas ma­salah basa jeung budaya Sunda, nu lianna tulisan ngeunaan sa­­wa­­tara tokoh budaya urang Sunda. Ngan hiji nu ngeunaan bang­sa deungeun nyaéta tulisan ngeunaan Prof. Dr. A. Teeuw—sarjana urang Walanda nu gedé katineungna kana kabu­dayaan pang­pang­na kasusastran Indonésia. Tapi henteu lila saméméh pupus anjeunna némbongkeun minat kana naskah Sunda Kuna mang­rupa buku an...