“Itu tuh, euy!” cék nu saurang bari malédogkeun guruntulan taneuh garing.
Enya baé oray bedul, cék Ochank dina haténa. Awakna gedé semu buntet, sisitna mani hérang.
Oray téh dikepung ku lobaan, bari ditarimbulan. Bek aya anu keuna kana awakna. Oray ngagorémpal, tapi terus ngaleor deui. Ku barudak terus dibeberik.
“Enggeus euy, tong dipaéhan!” omong kosong Ochank bari ngahalangan budak anu mamawa paneunggeul.
“Halik tong ngagokan!”
“Ih, antep! Karunya,” omong Ochank deui bari angger ngahalangan.
Tapi budak anu mawa awi téh kalah ngahabek satakerna, sabot oray ngaléor kana deukeut suku Ochank.
Atuh puguh waé, jadi suku anu kateunggeul téh.

Novelet Barudak Basa Sunda; Tatang Sumarsono; Citakan II, 2017; 14,5 x 21 cm; 52 kaca
Komentar