“Enya nyanéh ngahalalkeun bayawak, hah? ”Henteu, Juragan, teu nyebat halal.... Abdi mah nyarios bari heureuy..., bayawak tiasa diteda. Maksad abdi téh tiasa dicapék, Juragan.... Bénten deui sareng batu... sareng suluh.” Ger deui sareuri teu katahan. “Kurang ajar...!” saur Juragan Naib. Pasemon ngageunteul awahing ku bendu. “Awas siah, Merebot, hadis mah teu beunang dibawa heureuy, deuleu.... Doraka, siah!” “Kumaha atuh, Juragan, pan sareng tatangga.... Sering dongkap ka rorompok ngadon ngobrol babalagonjangan.” Ger deui ngaguruh saémpér masigit. Dina Ki Merebot , Ahmad Bakri kalawan tapis ngagunakeun basa Sunda dina wangun paguneman anu merenah tur hirup, hususna dina ngagambarkeun kahirupan di pilemburan mangsa saméméh perang. Bisa jadi karena kasang tukangna guru, loba amanat nu hayang ditepikeun dina carpon-carponna téh. Tapi ku sabab mahér nyelapkeun heureuy has Sunda, éta amanat téh teu karasa mapatahan ku nu macana. Ahmad Bakri; Citakan II, 2016; 14,5 x 21 cm.; 98 kaca