Usép Romli H.M.
Kumpulan carpon Hayang Panggih jeung Nabi Hidir réréana nyaritakeun tokoh-tokoh basajan nu hayang ngaronjatkeun kasoléhan dirina, atawa tokoh nu aya patalina jeung kahirupan réligius, sanajan téma nu diangkat dina masing-masing carpon teu sarua: lingkungan (“Béja ti Pasir Tarajé” jeung “Aki Dipa”), halodo panjang dina usum Pilkadés (“Katiga Entak-entakan)”, ngamumulé basa indung (”Siwah”), jll-na. Lian ti éta, aya dua carpon, boa leuwih, nu ngaguar “fragmén-fragmén kahirupan” nu kungsi kaalaman ku pangarangna—wartawan kahot no keur tihothat ngaleuweungkeun deui pasir-pasir di lemburna.
Najan béda dina gaya nyaritanya, carpon-carpon Usép Romli téh saperti sawatara carpon Ki Umbara atawa Ahmad Bakri, kakolomkeun kana sastra dakwah, sastra nu boga nawaitu “umajak” ka nu macana sangkan neuleuman ajaran Islam ngaliwatan para tokoh anu jadi jejer caritana.
Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 80 kaca, Rp 21.000,-

Komentar