Ki Umbara
Lain lalakon jurig cara nu sok didongéngkeun ku Ki Umbara. Ieu mah lalakon Ratu Bungsu Karma Jaya jeung Ratu Emas Bagandan Sari. Nu kasép jeung nu geulis. Nu kasép ti Pajajaran, ari nu geulis ti Cihanjuang. Patepungna di hulu dayeuh Margacina basa duanana katalangsara.
Bagandan Sari ditundung ku dulurna, Ratu Emas Malanggi Rarang, pédah ngimpi tur hariwang aya nu kasép kalah bogoh ka adina. Disiram ku cai pijanaan tarum tepi ka awakna hideung lestreng badis lutung. Ari Karma Jaya tohtohan teuing digawé nyieun parigian, minangka salah sahiji sarat pikeun migarwa Malanggi Rarang, tepi ka awakna kuru tur hideung kawas lutung deuih. Ari geus puguh kawas lutung mah, Karma Jaya téh ku Malanggi Rarang kalah disieuhkeun sina ngabaturan Bagandan Sari.
Tapi kersaning Sunan Ambu Ciru Wananggay di kahiangan, sanggeusna mandi di leuwi Karma Jaya jeung Bagandan Sari awakna balik deui kawas sasari, kasep jeung geulis deui. Ngan orokaya Malanggi Rarang nu culika téa keukeuh hayang mikaboga nu kasép. Atuh Karma Jaya jeung Bagandan Sari téh masih kénéh kudu nyorang rupa-rupa tanjakan saméméh tinemu bagja di Nagara Margacina. Kitu leuwih kurangna mah nu didongéngkeun ku Ki Umbara téh, dumasar kana carita pantun nu populér di Kuningan.
Citakan I, 2008; 14,5 x 21 cm; 72 kaca; Rp 18.000,-

Komentar