Geus teu matak bireuk, kumaha ari gaya Ahmad Bakri dina karangan-karanganana. Lain waé dina lebah tapisna nyusun ungkara, tepi ka carita téh enya-enya karasa hirup, tapi deuih sacara teknik matak nimbulkeun kapanasaran anu macana; asa lebar lamun tepi ka teu tutug nuturkeunana téh. Opat carita anu dikumpulkeun dina ieu buku kaasup karya petingan Ahmad Bakri anu milu ngabeungharan sastra Sunda.
Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 176 kaca; Softcover
Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di Tokopedia , Shopee , ...
